Sabtu, 19 Juli 2008

SASAKALA PAMANUKAN

Jaman baheula di daérah basisir kalér Pulo Jawa aya karajaan anu katelahna Karajaan Pilangsari. Kahirupan rayatna, henteu ari lubak-libuk mah, tapi cukup. Henteu kakurangan wé. Jeung deuih tara kadéngé aya baramaén anu ngider kawas kiwari di Karajaan Pilangsari mah. Nyirikeun rayatna getol digarawé, boh patanina boh pamayangna. Kabeneran tanahna léndo, jeung basisir kalér mah loba laukna deuih.

Karajaan Pilangsari boga raja anu wijaksana jeung pinter ngolah nagara. Raja Pilangsari kagungan kembang nagara anu ngan hiji-hijina, keur nincak rumaja, nyaéta Milangsari. Milangsari katelah kageulisanana ku saeusi nagara. Malah ahirna mah kageulisanana téh sumebar ka nagara-nagara tatangga. Kageulisan Milangsari jadi sabiwir hiji. Loba anu panasaran, siga kumaha ari Milangsari téh? Rabul ti suklakna ti siklukna hayang nyaho rupa Kembang Nagara Pilangsari. Anu geus nénjo rupana, baralik ka nagarana bari jeung neundeun katineung, dibarung ku pangharepan kauntun tipung katambang béas ngapimilik Milangsari.

Ti harita, rabul ka Nagara Pilangsari anu rék ngalamar. Nu hayang dipulung minantu, kitu deui anu ngajak bébésanan. Anu daratang, taya nu léngoh, kabéh angkaribung ku babawaan keur pameuli haté Milangsari.

Nu daratang beuki loba. Aya anak raja, anak sudagar beunghar, anak bangsawan, malah aya anu rék ngajeneng-keun jadi ratu kadua ogé alias dicandung.

Raja bingung liwat saking. Nu hiji can dijawab, geus jebul deui nu hayang jadi minantu. Nu hayang jadi minantu can ditanya-tanya acan, geus torojol anu ngajak bébésanan.

Beuki lila, kabingung raja beuki nambahan. Ahirna Raja ngangkir Patih jeung anakna, Milangsari.

“Mamang, bet jadi kieu geuning. Kumaha pipetaeun urang? Lamun seug hiji dipilih nu séjénna pasti arambekeun, moal burung dirempug nagara urang téh. Ceuk rarasaan mah, urang moal sanggup ngayonanana, da mani sakitu lobana. Mamang, cing béré bongbolongan, sugan aya jalan anu hadé?”

“Jungjunan, moal ngalalangkungan Mamang mah, na-nging upami disuhunkeun kamandang mah mangga téh teuing. Kumaha upami diayakeun saémbara?” walon Patih.

Raja ngahuleng. Heueuh, dipikir-pikir mah alus ogé mun diayakeun saémbara. Anu daratang, kabéh boga kasempetan anu sarua.

“Tah, ayeuna Ama rék nanya ka Nyai, kumaha kira-kirana?”

“Duh, Ama, abdi mah mangga waé, kumaha saéna saur Ama,” témbal Milangsari.

“Tah, geuning kitu, Mamang,” Raja ngahuleng sajong-jongan. Pok nyarita deui, “Ayeuna mah pangbéjakeun ka kabéhanana, sing saha anu kapilih manuk anu dibawana, éta pisalakieun Milangsari. Ayeuna mah sina baralik baé. Téangan manuk anu alus saloba-lobana, béré waktu saminggu! Engké kumpul deui di alun-alun nagara!” Raja méré paréntah ka patihna.

Saminggu ti harita, di alun-alun Nagara Pilangsari geus pinuh ku kurung manuk, malah tepi ka pendopo sagala. Eusina rupa-rupa manuk, ti mimiti anu leutik saperti kolibri, nepi ka nu gedé saperti hingkik.

Sakumaha anu geus ditangtukeun, Raja jeung Milangsari kaluar ti karaton muru ka alun-alun, diiringkeun ku para-pangagung nagara, rék milih manuk anu dipikaresep ku Milangsari. Ti nu mimiti diilikan terus nepi ka tengah diteuteup, ahirna nepi ka tungtung disidik-sidik. Milangsari malikan deui ningalian nyidik-nyidik, mana manuk anu dipikaresep ku manéhna. Nepi ka tilu balikan, Milangsari masih kénéh bingung. Nu milu saémbara beuki teu genah cicing, sieun teu kapilih.

Ahirna Milangsari nyarita yén manuk anu sakitu lobana téh taya nu kapilih. Nu milu saémbara ngamuk asa diulinkeun, Nagara Pilangsari diburak-barik. Milangsari diséséréd, disedekkeun. Tempat saémbara paalus-alus manuk, kiwari nelah Pamanukan, tempat nyedekkeun Putri Milangsari kiwari jadi Kampung Padek. Ari Karajaan Pilangsari taya tapakna, ngan kari ngaran kampung: Kampung Pilangsari.

Nurutkeun Babad Sumedang, sajaman jeung Karajaan Sumedang di basisir kalér Pulo Jawa téh aya karajaan, katelahna Karajaan Pamanukan jeung Karajaan Ciasem.

(Budi Rahayu Tamsyah)

Jumat, 11 Juli 2008

PUTRI AJAG

Maharaja Nagara Girimandala wawangina Sang Prabu Jayéngbuana. Kakoncara ratu adil wijaksana, towéksa ngolah nagara, welas asih ka rahayat. Ku kituna nagara téh subur ma’mur gemah ripah loh jinawi, sepi paling towong rampog.

Kilang kitu, manah Sang Prabu teu weléh ngungun, réh can pareng kagungan putra, nu baris neraskeun jadi raja mun jaga mantenna dipundut ku Nu Kagungan. Salirana beuki orot, da teu raos tuang teu raos kulem.

Sang Patih Guriang Maréndra ngaraos honcéwang manahna.

“Gusti,” piunjuk Patih, “Naon anu jadi marga nu mawi Gusti bangun ngangluh?”

“Paman Patih,” dawuh Sang Raja, “Kula susah teu boga anak. Saha anu baris nuluykeun ngolah nagara?”

“Neda widi badé ngempelkeun dukun-dukun anu wacis, manawi sareng manawi tiasa masihan pituah,” piunjuk Sang Patih.

Dukun-dukun dikelun, teu kurang ti opat puluh, hémpak di balé sawala, ngadareluk mapatkeun ajian sabisana-sabisana bari ngarukus saparukuyan séwang. Nepi ka angkeub balé sawala téh ku haseup menyan.

Parukuyan geus pareum, ajian geus parat, paradukun téh marenekung, neda pituduh paralelembut. Rérés éta tuluy baradami.

“Kaulanun Mahapatih Guriang Maréndra,” cék Paing Guringsang, dukun nu pangsepuhna. “Sang Praméswari sina ngaleueut lahang tina sadapan Dampu Pamatang.”

“Baruk sadapan Dampu Pamatang? Da Dampu Pamatang mah lain tukang nyadap!”

“Mung sakitu wangsit nu katampi ku tuang kuring,” cék Paing Guringsang.

Sanggeus dibadamikeun ku Patih jeung paraponggawa karaton, moal salah cenah nu disebut lahang téh getih ajag, da Dampu Pamatang téh gawéna tukang moro ajag.

Enya waé, sanggeus ngaleueut getih ajag, Sang Pramés-wari bobot. Heuleut salapan sasih babar, putrana istri, geulisna kawanti-wanti. Pohara bingahna Sang Prabu Jayéngbuana téh. Sang Putri dipaparin jenengan Éndang Purnama Gilang Manik. Pésta sanagara, opat puluh poé opat puluh peuting.

Beuki ageung beuki kaciri, Sang Putri téh ngala ka ramana. Soméah lemah lembut, welas asih ka rahayat. Atuh rahayat téh kacida wedi asihna ka Sang Putri.

Tapi sanggeus nindak rumaja, putri anu sakitu geulisna jeung lemah-lembut téh sok rajeun kaancikan adat ajag. Sataun sakali dina malem purnama bulan Sadacandra tara kaampeuh hoyong ngaleueut getih manusa.

Mun geus timbul kapalayna kitu téh kukuna ngadak-ngadak manjangan sareukeut, bijil sihung kénca-katuhu cara sihung maung. Kelenyep angkat rerencepan ti karaton, muru lembur anu singkur, megat nu mulan sorangan. Auuung … auuung, sorana sada ajag babaung, matak kukurayeun kadéngéna téh.

Lar nu liwat, gabrug dirontok, dicekék, urat beuheungna digadil ku sihungna nepi ka pegat. Burial getihna, tuluy dikenyot sawaregna. Geus kitu mah teu sakara-kara, balik deui ka asal sasari, nya geulis nya lemah lembut. Isukna guyur aya jelema paéh ditekuk ajag. Taya nu terang, yén Sang Putri nu boga gawé.

Kitu jeung kitu waé unggal taun.

Sakali mangsa, nya kitu deuih meneran malem purnama bulan Sadacandra, timbul deui sipat ajagna téh. Kelenyep deui rerencepan minggat ti karaton. Bras ka ditu, bras ka dieu, weléh teu mendak pimangsaeun. Angkatna kalunta-lunta bari babaung sapanjang jalan.

Srog ka sisi Talaga Sagarasuta, kaangseu bau manusa. Sihoréng Nyai Éndang Sawati keur mulan jeung tunanganana, Luang Sungsang, putra Adipati Wadasguntur. Aranjeunna téh rék nikah sabulan deui.

Kacida ngararénjagna ngadéngé sora ajag babaung téh.... Barang ngalieuk sihoréng Putri Ajag geus deukeut pisan. Kakara waé rék ngejat, Luang Sungsang kaburu dirontok, dicekék tuluy dikenyot getihna. Nyai Éndang Sawati kapiuhan ningali tunanganana dikitu téh.

Éling-éling wanci janari. Mayit Luang Sungsang dirangkulan bari ditangisan, dipangku, dicandak ka Guha Si Kalapeteng. Teras tapa di dinyana téh bari ngalahun mayit tunanganana.

Heuleut tilu taun rayat Girimandala suka bungah, ngadéngé béja Putri Éndang Purnama Gilang Manik rék diréndéngankeun jeung Sangiang Marajasima, putra Maharaja Gugursamida. Sanagara tatan-tatan sasadiaan keur jajap pangantén, da dipéstakeunana rék di ditu di Gugursamida, di nagara pangantén pameget.

Dina waktuna sanagara tungkeb, ngaleut ngeungkeuy milu jajap. Sang Putri dicalikkeun dina karéta kancana, ditarik ku ajag saratus. Sang Prabu Jayéngbuana tunggang munding bulé pusaka nagara. Tatabeuhan ngageder asa kaindit.

Di wates nagara dipapag ku aleutan pribumi. Sangiang Marajasima tunggang karéta kancana, ditarik ku naga sapa-sang.

Sumping ka karaton dipéstakeun, sagala kamonésan dipintonkeun. Rayat ti dua nagara patarik-tarik surak. Nu pangtarikna, panggedéna susuguhna.

Sapoé ..., dua poé ..., tilu poé ... réa nu geus béak sora. Semet calangap bisi pajarkeun teu kumawula. Tapi pangantén can kénéh waé ditikahkeun.

“Iraha atuh, euy, ditikahkeunana Sang Putri téh? Uing geus teu kaduga surak,” cék saurang ka baturna, sorana ngahéos.

Baturna semet agep-agepan sungutna minangka némbal-anana téh, taya soraan.

“Ngadagoan Punduh Agung,” ceuk nu séjén.

Keur kitu, ari gelebug téh angin gedé kabina-bina, ngaguruh nebak dangdaunan. Kalakay rabeng kahiberkeun. Tatangkalan tinglalenoy siga rék rungkad. Jelema nu ratusan réwu téh ngadadak jempé, reuwas taya hinggana saumur dumelah kakara ngalaman aya angin kabina-bina teuing. Tatabeuhan jempé, nu surak jempé ..., jempé sakuliahna lir di kuburan.

Angin reureuh, galindeng aya sora, sada sora awéwé, halimpu angin-anginan. Sada di luhur di awang-awang, sada di handap di jero taneuh, sada di tukang sada di hareup, tungtungna sada di sakuliahna.

“Éndang Purnama Gilang Manik .... Kami datang rék mulangkeun kanyeri .... Mangtaun-taun kami hujan cimata nyeungceurikan panutan nu dimangsa ku andika …. Ayeuna andika nyeungceurikan dosa nepi ka poé bungsuna ….”

Kabéh jelema hareugeueun, reuwas, ketir ngadéngé sora gaib kitu téh. Keur kitu téh harémpoy aya putri asup ka Balé Agung, geulisna kawanti-wanti, éndah taya papadana. Saeusi Balé Agung olohok mata simeuteun.

Sihoréng Éndang Sawati anu sumping téh. Soca Éndang Purnama Gilang Manik ngadadak giras, kukuna manjangan, sihungna barijil, ngajanggélék deui jadi Putri Ajag. Teu, teu tiasa kukumaha, kakara dikebut gé ku karémbong Éndang Sawati geus ngarumpuyuk mantén. Korondang, korondang kaluar ti Balé Agung.

Éndang Sawati ditikahkeun ka Sangiang Marajasima, ngagentosan Putri Ajag.

Éndang Purnama Gilang Manik angkat kalunta-lunta, srog ka leuweung, mendak tangkal gorda korowok gedé, sup waéh asup, ngadon nangis bari ngadagoan datangna poé nu bungsu.

Nepi ka ayeuna, mun aya angin sok kadéngé sada anjeunna nangis ngarenghik.

(Karangan Ahmad Bakri, dicutat tina Manglé Alit No. 220.)

SASAKALA SITU BAGENDIT

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:

Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.

Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.

Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.

Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.

SASAKALA GUNUNG TAMPOMAS

Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?

Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.

Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.

Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki. Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep. Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina kahariwangna. Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra dalem anu dijieun tina emas. Poma hidep ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.”

Sabada sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng Bupati. Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta teras nyandak keris pusaka.

Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Gedé. Rurusuhan da sieun bitu mantén. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun.

Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun téh ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh. Ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Sakabéh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh.

Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda, bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.

Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun pareng poé peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna.

SASAKALA GUNUNG TANGKUBANPARAHU

Kacaturkeun di hiji leuweung aya bagong putih bikang. Éta bagong téh gawéna ngan tatapa baé, geus mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manéhna, hayang boga anak awéwé sarta bangsa manusa.

Dina hiji waktu bagong putih ngarasa hanaang. Manéhna indit ka tegalan, deukeut Walungan Citarum. Barang anjog ka dinya, manggih batok balokan, nyaéta batok urut nu meulah duwegan. Loba pisan éta batok balokan téh, urut rombongan Kangjeng Prabu nu moro uncal ka dinya. Malah aya hiji batok balokan tilas Kangjeng Prabu. Éta batok téh aya caian, nyaéta cikahampangan Kanjeng Prabu. Barang geus marulang, kapanggih ku bagong putih. Lantaran hanaang téa, leguk baé cai nu ngemplang dina batok téh diinum. Ari geus nginum kawas aya nu nyaliara kana awak bagong putih, béda rarasaan deuih kawas nu ngandeg. Henteu salah, bagong putih téh reuneuh.

Beuki lila bagong putih téh reuneuhna beuki gedé. Ari gubrag, orokna jelema sarta awéwé, rupana geulis kacida. Pohara baé bagong putih téh atoheunana. Anakna diciuman, digaléntor bari disusuan. Éta orok téh tuluy dingaranan Dayang Sumbi:

Barang Dayang Sumbi geus gedé, pok nanyakeun bapa ka indungna, “Ibu ari bapa kuring téh saha? Naha jelema kawas kuring atawa bagong saperti Ibu?”

“Euh, Nyai anu geulis anak Ibu! Nyai mah henteu boga bapa. Mun enya mah boga bapa meureun aya di dieu,” témbal bagong putih.

“Euh, piraku Ibu, sakabéh mahluk ogé kapan padaboga bapa, boh manusa boh sato héwan. Ngan bangsa kakaian anu henteu boga bapa mah.”

Lantaran anakna pok deui pok deui nanyakeun bapa méh saban waktu, ahirna bagong putih téh balaka. “Bapa hidep mah Kangjeng Prabu, di ditu ayana, di karaton,” cék bagong putih.

Ngadéngé kitu Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, jeung ujug-ujug panasaraneun, hayang nepungan bapana.

“Lamun kitu mah ayeuna kénéh ku kuring rék dite-pungan,” cék Dayang Sumbi.

Dayang Sumbi kebat baé indit ngajugjug ka karajaan. Barang tepung jeung Kangjeng Prabu, derekdek Dayang Sumbi nyaritakeun asal-usulna. Nya tuluyna mah Dayang Sumbi téh diaku anak ku Kangjeng Prabu, sarta diperenahkeun di hiji tempat. Dayang Sumbi dititah diajar ninun ka tukang tinun. Teu lila ogé Dayang Sumbi geus mahér ninun, sarta jieunanana alus hésé babandinganana. Nya ku Kangieng Prabu téh di-pangnyieunkeun saung ranggon nu 1uhur di tengah leu-weung, tempat Nyi Putri ninun. Ari baturna ngan ukur anjing hideung anu dingaranan Si Tumang.

Dina hiji waktu, basa Dayang Sumbi keur ninun, taropong-na moncor sarta murag ka kolong saung. Ku lantaran seung-gah kudu turun, pok Dayang Sumbi ngomong sorangan, “Leuh, mun aya anu daék mangnyokotkeun taropong, lamun awéwé dijadikeun dulur, lamun lalaki rék dijadikeun salaki ku kuring.”

Kabeneran pisan di kolong saung téh aya Si Tumang, anu ngadéngéeun omongan Dayang Sumbi. Éta taropong téh dicokot ku Si Tumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Karuhan baé Dayang Sumbi téh pohara reuwaseunana, teu nyangka yén anu mangnyokotkeun taropong téh geuning anjing, lain manusa. Mangkaning manéhna geus kedal ucap, mun lalaki rék dijadikeun salaki. Ari Si Tumang, apan anjing jalu.

Dayang Sumbi rumasa geus kapalang kedal ucap. Kawas geus kitu kuduna katangtuan ti Déwata, manéhna tuluy hirup paduduaan jeung Si Tumang. Tepi ka hiji waktu Dayang Sumbi kakandungan, terus ngajuru, anakna lalaki, dingaranan Sang-kuriang. Anakna mulus banglus, morontod méh taya kuciwa-na.

Sangkuriang sok resep ulin lulumpatan kadua Si Tumang. Sakapeung bari mamawa tumbak. Belewer dilempagkeun, cleb nanceb kana tangkal kai. Sangkuriang surak sorangan, bungah, lantaran tumbakna meneran ka nu diincer. Si Tumang dihucuhkeun. Sebrut lumpat ngudag kana tangkal kai, bangun nu keur ngudag sato boroan.

Beuki lila, Sangkuriang beuki mahér baé ngalempagkeun tumbakna. Tuluyna mah lain saukur ulin lulumpatan, tapi mi-miti diajar ngasruk ka leuweung, néangan sato boroeun. Moro sato naon baé kayaning bagong, careuh, manuk, atawa men-cek.

“Jung geura moro ka leuweung, Ibu mah hayang dahar jeung ati mencek,” omong Dayang Sumbi dina hiji waktu.

Sangkuriang indit ka leuweung, dibarengan ku Si Tumang. Ngan hanjakal poé éta mah euweuh sato anu katénjo hiji-hiji acan. Padahal ilaharna mah sok katénjo uncal atawa mencek keur rendang nyaratuan di sampalan. Tapi anéh, poé harita mah kawas ngalaleungit ka mana boa. Sangkuriang geus asruk-asrukan ka saban tempat, ka lamping ka tegalan. Lapur sasatoan téh teu kasampak tapak-tapakna acan. Ari Si Tumang bet ngadak-ngadak kebluk deuih, henteu daék lulumpatan néangan sato boroeun.

Awahing ku jéngkél moro teu beubeunangan, ngan lékék baé Si Tumang téh dipeuncit ku Sangkuriang. Atina dibawa balik sarta dipasrahkeun ka indungna. Dayang Sumbi puguh baé kacida atohna, dagdag-dégdég ngasakan éta ati.

Ngan barang Sangkuriang balaka yén éta téh ati Si Tumang lain ati mencek, Dayang Sumbi pohara ambekna. Sangkuriang ditoktrok sirahna ku sinduk tepi ka ngucur getih.

Sangkuriang tuluy pundung, indit ti imahna ka tebéh wé-tan. Mangtaun-taun miIeuweungan tepi ka ahima bras anjog ka nagara siluman. Di dinya Sangkuriang guguru élmu kasak-tén ka siluman nu wujudna oray naga. Sangkuriang ngulik é1mu “Tumbul Muda”. Jalma anu miboga éta é1mu bakal bisa meruhkeun sakumna jin jeung siluman. Sanggeus élmuna kataékan, Sangkuriang dijurungan sina indit deui ngalalana.

Dina hiji waktu, manéhna anjog deui ka nagara siluman. Lantaran geus boga ajian “Tumbul Muda” téa, Sangkuriang bisa ngéléhkeun jin jeung siluman anu aya di éta nagara. Éta mahluk bangsa lelembut téh tuluyna mah tunduk ka Sangkuriang.

Demi Dayang Sumbi sanggeus ditinggalkeun ku anakna, ngarasa kaduhung kabina-bina. Hirupna éstu nunggelis. Manéhna tuluy indit ka tebéh kulon rék néangan Sangkuriang. Ngaprak ngalalana, tepi ka anjog ka Gunung Halimun. Di dinya Dayang Sumbi patepung jeung Raja Jin anu keur tatapa. Dayang Sumbi tuluy diajar rupa-rupa élmu kasaktén. Sanggeus tamat guguruna, manéhna dijurungan sina indit deui ka beulah wétan. Di hiji tempat anu katelah Gunung Bohong, manéhna nganjrek bumetah, nyaung-nyaung di dinya, teu incah balilahan deui.

Kocapkeun Sangkuriang, terus baé ngalalana. Mileuweungan, migunungan nepi ka mangpuluh-puluh taun. Nya ahirna mah anjog ka hiji gunung. Manéhna patepung jeung awéwé anu kacida geulisna. Sangkuriang katarik birahi kapen-tang asmara sarta ngajak kawin ka éta awéwé, anu saenyana mah éta awéwé téh Dayang Sumbi, indungna sorangan. Dayang Sumbi nya kitu deui, kawantu geus papisah mang-puluh-puluh taun, manéhna kalinglap. Méh baé daék diajak kawin ku Sangkuriang téh, nonoman dedeg sampé rupa hadé sarta luhur élmu-panemuna. Ngan basa Sangkuriang keur disiaran rék diala kutu, dina sirahna katénjo bet aya céda. Dayang Sumbi ngagebeg, reuwas lain dikieuna. Manéhna kakara sadar, moal salah deui ieu lalaki téh anak aing, gerentesna, Sangkuriang anu baheula kungsi ditroktrok sirahna ku sinduk.

Sanajan geus ditétélakeun yén manéhna téh anakna pituin, Sangkuriang teu percaya sarta keukeuh baé ngajak kawin ka Dayang Sumbi. Mireungeuh anakna kitu, geuwat baé Dayang Sumbi téh nyiar akal. Nyieun tanjakan anu dianggap pohara banggana.

“Heug kami daék dikawin, asal dipangnyieunkeun talaga jeung parahuna keur lalayaran urang papangantén. Éta talaga jeung parahu téh kudu anggeus dijieun sapeuting!” ceuk Dayang Sumbi. Ku Sangkuriang disanggupan éta paménta anu kacida banggana téh.

Harita kénéh Sangkuriang tuluy ngabendung Walungan Citarum. Digawé teu eureun-eureun sapeupeuting, dibantuan ku bangsa jin jeung siluman. Nincak janari, talaga téh geus ngemplang. Kari nyieun parahuna. Kabeneran aya tangkal kai gedé, gedok dituar. Kai téh tuluy ditilasan régangna sarta dipapas dijieun parahu.

Dayang Sumbi yakin yén paméntana moal katedunan. Pimanaeun teuing nyieun talaga jeung.parahu bisa anggeus sapeuting, cék pikirna. Tapi basa katénjo talaga geus ngemplang jeung parahuna geus ngabagug téréh anggeus, manéhna kacida reuwasna. Dayang Sumbi bingung liwat saking. Kudu kumaha atuh carana, sangkan aing teu tulus kawin jeung anak sorangan, cék pikirna. Ras manéhna inget kana boéh rarang. Geuwat baé éta boéh téh dicokot tuluy dibawa ka mumunggang. Ku manéhna dkebut-kebutkeun tepi ba bijil cahaya bodas kawas balébat di beulah wétan. Dadak sakala sasatoan leuweung disarada. Manuk récét. Hayam raong kongkorongok, da disangkana geus beurang.

Sangkuriang ngagebeg barang nénjo di wétan geus bijil balébat téh. Manéhna nu keur ngageduk nganggeuskeun parahu tuluy ngahuleng bakating ku reuwas. Bijil balébat, éta tandana geus beurang. Mangka parahuna can anggeus, harti-na manéhna moal tulus papangantén jeung Dayang Sumbi.

Bakating ku handeueul kabina-bina, ngan jedak baé parahona ditajong sataker tanaga. Bubuhan jalma sakti, parahu téh mangpéng jauh pisan. Gubrag di hiji tempat, parahu téh nangkub. Jleg salin rupa jadi gunung. Éta gunung téh kiwari katelah Gunung Tangkubanparahu. Ari talaga anu ngemplang ku Sangkuriang didupak bendunganana, tepi ka caina saat ngolétrak. Éta urut talaga téh kiwari jadi padataran Bandung anu ngampar lega pisan. Tunggul kai urut nuar Sanguriang tuluy ngajanggélék jadi Gunung Bukit Tunggul, wétaneun Gunung Tangkubanparahu. Ari régang kai anu ngahunyud sarta geus rangrang teu daunan, tuluy ngajanggélék jadi Gunung Burangrang di béh kulon.

PUTRI LEUWEUNG LARANGAN

Jaman baheula pisan aya hiji raja gedé, beunghar tur punjul ti raja-raja lian sarta kamashurkeun adil jeung pinter. Tapi sakitu beungharna jeung agungna téh, anjeunna teu acan sugema waé manahna, duméh teu acan kagungan putra, anu baris ngagentos jadi raja.

Hiji mangsa, anjeunna nimbalan Patih ngadamel saém-bara, saha-saha anu bisa ngalandongan Raja sareng Pramés-wari, nepi ka kagungan putra, bakal diganjar duit salaksa dinar jeung imah katut pakaranganana.

Dukun lepus paraji sakti, datang ti mana ti mendi, ngabrul milu saémbara. Tapi hiji ogé taya nu hasil. Dukun teu metu, paraji teu matih, Pandita teu mental, Kangjeng Raja angger teu aya totondénna baris kagungan putra.

Kangjeng Raja ngaraos kalangkung bingungna. Teras baé atuh neneda ka Nu Maha Suci, nangis ngagukguk nyuhunkeun putra anu utama baris pigentoseun ngeréh nagara. Tina ce-ngengna paneda, dina hiji wengi anjeunna ngadangu sora tan katingal, pokna, “Paménta manéh ku Nu Maha Suci bakal dikabul, tapi henteu aya bagja boga anak lalaki, ngan dibéré hiji anak awéwé.”

Henteu sabaraha lilana ti harita Praméswari kagungan putra istri, mulus taya kuciwana, sarta dinamian Putri Éndang Mayang.

Kabingahan Kangjeng Raja taya papadana, malah poéan Putri diparasan, Raja ngayakeun pésta, lilana tujuh poé tujuh peuting, sarta ngulem sakabéh pohaci papayung éta nagara.

Dina waktuna kabéh parapangagung nagara kaasup parapohaci, sumping ngaluuhan kana upacara diparasanana Putri. Ngan aya saurang anu henteu kaulem téh nya éta Nyi Rara Demit anu ngageugeuh hulu dayeuh. Duka kumaha, dumadakan lat baé Kangjeng Raja téh teu émut.

Sanajan teu kaulem, Nyi Rara Demit angger sumping kana upacara parasan Putri. Maksudna taya lian ti arék mulangkeun katugenah ka Kangjeng Raja, pédah asa teu dihargaan, ku cara nyupata Putri dina waktu ngadunga sabada neukteuk buuk orok. Ngan niat Nyi Rara Demit téh kabadé ku salasaurang pohaci, anu kamashurkeun luhur élmuna nyaéta Pohaci Wiru Mananggay. Énggal baé Pohaci Wiru Mananggay téh nyumput dina bokor anu dieusi cai pikeun ngabaseuhan embun-embunan orok anu diparasan téa.

Dina waktuna diparasan, sadayana pohaci ngadungakeun sangkan Nyi Putri jadi istri anu panggeulisna sarta pangdipika-asihna ku saréréa. Na ari palebah giliran Nyi Rara Demit, pokna téh, “Ieu orok patina aya dina kincir tinun; engké lamun geus sawawa, dina sumedeng rumaja putri, bakal raheut leungeun-na ku kincir sarta éta raheut moal beunang diubaran, sabab nya éta anu ngalantarankeun patina.”

Kabéh tatamu anu ngadarangu karagéteun, komo paraistri mah réa anu patinghareruk, tina teu nyangka Nyi Rara Demit bakal nyupataan kitu.

Kangjeng Raja teu iasa sasauran, pameunteuna pias awahing keu reuwas. Komo Praméswari mah, geus lain caturkeuneun deui, nepi ka les baé kapiuhan.

Teu lila, jol Pohaci Wiru Mananggay anu nyumput dina jero bokor téa kaluar sarta nyaur bedas, “Sadayana ulah reuwas, ulah rémpan, kaula anu can nétéskeun cirasa ka ieu orok. Ieu cirasa kapaliasan, watekna panyinglar sagala bahya; tapi tina matihna supata Nyi Rara Demit, pati Nyi Putri téa teu bisa disinglar, ngan bisa digantian ku saré lilana saratus taun. Jadi, di mana Nyi Putri raheut ku kincir, moal tulus pupus, ngan kapiuhan baé, tuluy saré tibra saratus taun lilana; lamun geus jangkep baris digeuingkeun ku putra raja anu kasép tur pinter taya tandingna.”

Ngadangu cariosan Pohaci Wiru Mananggay, Kangjeng Raja katut sadayana anu hadir ngaros lejar deui manahna.

Kacarioskeun sanggeus tujuh welas taun lilana, Kangjeng Raja sareng Praméswari langkung-langkung bingah manahna, duméh Agan Putri mulus taya pisan ririwitna, tur geulis dibéakkeun ku sorangan, éstu taya cawadeunana. Keur geulis téh soméah jeung hadé basa, teu cegikan teu cedihan, berbudi rajin binangkit. Ah, pokona mah putri mustikaning putri, Éndang Mayang téh.

Dina hiji mangsa, Agan Putri ngersakeun jalan-jalan ka luar karaton, diiring ku paraemban. Barang anjog ka hareupeun imah leutik camperenik, Agan Putri ngarasa panasaran kana sora anu kakara kadangu ku anjeunna. Sabada pupuntenan, sup ka jero imah, kasampak aya nini-nini anu keur muterkeun kincir.

Agan Putri teu ngiceup-ngiceup ningali kana kincir, anu ceuk anjeunna mah barang ahéng, da kakara ningali téa.

“Eukeur naon, Nini?” ceuk Agan Putri.

“Eukeur ngincir, Eulis, ngagolongan benang tinuneun!”

“Cing, abdi ngajaran ngincir, meunang teu NIni?”

“Mangga baé, Eulis!” ceuk nini-nini bari ngised diukna saeutik. Gék Agan Putri calik gigireun nini-nini téa. Ceg nyepeng kana gagang kincir. Kakara pisan muterkeun saputeran, ces panangan Agan Putri katojos ku sisi kincir anu geus rogok, kawantu kincir geus butut; rumpuyuk baé kapiuhan.

Nini-nini jeung paraemban pahibut bari tulung-tulungan. Teu lami Kangjeng Raja sareng Praméswari sumping. Barang Kangjeng Raja ningali pameunteu Agan Putri, tétéla lain kapiuhan, tapi kulem tibra pisan. Ras anjeunna émut kana supata Nyi Rara Demit, ti dinya pok sasauran, “Ayeuna mah leuwih hadé ieu Putri bawa baé ka karaton, ulah diceungceurikan, sabab geus nepi kana jangjina keuna ku supata Nyi Rara Demit; Nyi Putri lain kapiuhan, tapi keur kulem tibra.”

Agan Putri énggal baé atuh dicandak ka karaton, dipernahkeun di kamar beunang mapaésan, simbutna sutra déwangga, anggoanana digentos ku nu saraé, sarta dikemitan ku emban-emban.

Teu lami sumping Pohaci Wiru Mananggay anu sakti téa. Barang bréh ningali Putri, Pohaci ngahuleng sakeudeung ngawatek ajianana. Teu lami pok sasauran, “Engké lamun geus jangkep saratus taun, Nyi Putri bakal gugah. Ngan supados henteu bingungeun dina waktosna gugah, kudu aya nu ngawulaan anu geus wawuh. Anu matak sakabéh pangeusi nagara, iwal Kangjeng Raja jeung Praméswari, ku kula arék disirep supaya sararé saratus taun lilana. Kitu deui jeung karaton katut sakabéh eusina. Tah, ayeuna mah Kangjeng Raja sareng Praméswari, geura angkat baé ti dieu, geura ngababakan ngadamel nagara anyar di tempat séjén.”

Pohaci Wiru Mananggay ngawatek sirepna, sakabéh pangeusi nagara sararé harita kénéh. Iwal ti Kangjeng Raja sareng Praméswari. Duanana nurut kana omongan Pohaci Wiru Mananggay, lunta ngantunkeun nagara. Ari karaton anu ditinggalkeunana, harita kénéh ku Pohaci anu sakti téh dipager ku tutuwuhan anu kacida galedéna, nepi ka teu katingali aya karaton di jerona. Nya ahirna mah nelah baé jadi Leuweung Larangan.

Kacaritakeun sanggeus sababaraha puluh taun, éta tempat téh jadi tempat pamoroan, sampalan badak jeung uncal, malah éta tanah patilasan nagara téh geus kaeréh ku hiji raja gedé. Éta raja kagungan putra hiji pameget, teuing ku kasép, satingkah-saparipolahna matak pikayungyuneun baé, jenenganana Pangéran Lingga Wisésa. Ari karesepna kana moro; beunang disebut taya dungus nu kalarung, taya sampalan nu kaliwat. Ari mulih ti pamoroan téh tara teu beubeunangan, kudu baé nyandak banténg atawa uncal.

Dina hiji poé, morona anjog ka Leuweung Larangan téa. Teu ku hanteu atuh, harita mah morona téh teu beubeunangan pisan. Tuluy baé timbul karepna hayang asup ka jero Leuweung Larangan. Tapi sakabéh pangiringna taya nu wanieun milu, lantaran éta leuweung téh loba kacaturkeunana. Leuweung anu kacida angkerna, dijaga ku dedemit jeung siluman-silemin.

Mulih ka karaton, sawewengi Pangéran Anom henteu kersa kulem, panasaran ku Leuweung Larangan. Sanggeus asak dimanahan, isukna Pangéran Lingga Wisésa nganggo anggoan kaperjuritan; nyungkelang pedang pusaka. Sanggeus tarapti, jut lungsur ti kaputran, clak tumpak kuda, Si Barong, ulesna dawuk ruyung, kuda anu geus biasa dibawa ka pangperangan.

Gancangna kuda digitik, derengdeng lumpat sataker tanaga. Jog baé ka sisi Leuweung Larangan. Pangéran Anom ngawatek ajianana, teu sakara-kara leuweung téh kawas nu muka, méré jalan ka Sang Pangéran.

Pangéran Anom tuluy lebet ka Leuweung Larangan; bréh baé aya karaton kacida agréngna. Di palebah lawang sakéténgna aya dua welas perjurit anu ngajaraga, nyorén pedang nyekel tumbak. Tapi kabéh sararé. Malah komandanna mah, anu berengos, nyarandé kana pilar bari nulak cangkéng, ari panonna peureum, kérékna sugar-segor.

Pangéran Anom lebet ka jero karaton. Ti palebah kamar anu pantona nutup, papaésna béda ti nu séjén sarta leuwih éndah jeung leuwih hurung-hérang, anjeunna ngarandeg. Lalaunan pantona dibukakeun. Ari bray téh muka, Pangéran Anom olohok sajongjongan. Éta kamar eusina istri wungkul, lolobana mah kawasna bangsa emban, sararé ngurilingan hiji pajuaran anu alus kabina-bina.

Pangéran Anom haténa ratug tutunggulan. Tuluy angkat lalaunan nyaketan pajuaran. Bréh katingal aya istri anu kacida geulisna, kulem tibra. Haté Pangéran beuki ratug baé, aya rasa suka pacampur jeung risi. Sukana asa mendakan istri anu salami ieu dianggo panyileukan, ari risina sieun ditampik ku nu geulis tanding pohaci.

Beuki diteuteup ditelek-telek, beuki ngaraos lalanjung baé. Tina bakating ku bogoh ka Agan Putri, tapi sieun ditampik, rumpuyuk baé kapiuhan sarta nyuuh kana sisi pajuaran. Pananganna anu katuhu nyampay kana panangan Agan Putri.

Teu lami hiliwir angin panghurip nebak ka jero puri ku kawasana Pohaci Wiru Mananggay. Sakur anu katebak, patingkulisik nyararing tina saréna. Manahoréng geus datang kana mangsana, béak supata Nyi Rara Demit.

Kulisik Agan Putri gugah. Ari bréh téh ningali ka beulah katuhu, aya pameget keur nyuuh kana sisi kasur, pananganana nyampay kana panangan anjeunna. Agan Putri henteu geruh, da tos diwartosan ku Pohaci Wiru Mananggay dina impénan. Éta pameget téh raja-putra anu baris jadi carogéna.

Kulisik Pangéran Anom lilir. Teup paadu teuteup. Duanana ngaraos kajamparing asih, kapentang panah katresna.

(Diropéa tina Poetri Leuweung Larangan, Drewes)

ASAL-USUL NGARAN RANCADARAH

Lamun urang leumpang ti Purwakarta ka Wanayasa, tang¬tu nyorang hiji tanjakan anu kacida panjangna, disebutna tanjakan Rancadarah. Ningal kaayaan di lebah dinya. éta ngaran Rancadarah matak jadi pertanyaan, lantaran ranca téh biasana ayana di tempat handap, ari ieu kapan tanjakan ngaranna ogé. Kecap “darah” hartina getih. Bisa jadi aya nu ngira, yén di dinya baheula tempat bégal, nepi ka matak loba nu ngaluarkeun getih dirogahala ku bégal. Jeung bisa jadi ogé aya anu nyangka, yén di dinya loba nu kaluar getih, lantaran ditekuk maung, da di lebah dinya téh baheulana mah leuweung geledegan.

Naon atuh sasakalana nu matak éta tanjakan disebut kitu? Di handap ieu dicaritakeun sasakalana, lain dongéng, ieu mah carita sabenerna, malah surup kana sajarah.

Méméh nyaritakeun Rancadarah, urang nyaritakeun heula Wanayasa. Baheula Wanayasa téh beunang disebut nagara gedé, jadi dayeuh karesidénan, béjana. Kira-kira dina taun 1710 (M) Kumpeni Walanda (V.O.C.) muka kebon entéh anu kacida legana, nya éta méh sakuliah Désa Wanayasa ayeuna, Désa Babakan jeung Désa Pusakamulya. Ari entéhna nu biasa disarebut entéh jawa, nya éta entéh leutik boh tangkalna boh daunna. Nepi ka ayeuna ogé masih kénéh aya urang Wanayasa anu sok marelak entéh di kebon atawa dijieun pager. Nu digawé atawa nu jadi kuli di kebon entéh anu kasebut di luhur, lolobana bangsa Tionghoa baé, nya éta urang Ma-kao, maratuhna di lembur nu nelah Pasir Nagara Cina (di tutugan Gunung Burangrang). Di Wanayasa aya pabrik-pabrik laleutik tempat ngokolakeun entéh téa. Ari pabrik nu galedé ayana di Purwakarta, tempatna disebut bélong. Di dinya tempat ngumpulkeun entéh ti mana-mana, sarta tuluy dikoko¬lakeun sacukupna, nepi ka beunang dikirimkeun ka nagara nu jarauh. Nu digarawé di dinya lolobana urang Makao kénéh baé.

Lantaran bayaranana teu pati bérés, sok tara tangtu wak¬tuna jeung sok réa potongan atawa dengdaan, kabéh urang Makao téa ngarandung haté, hayangeun ngalubarkeun ka¬tugenah. Mimitina urang Makao di Purwakarta jeung anu di Wanayasa baradami rerencepan anu kacida rikipna, niat ngayakeun rurusuh babarengan. Dina poé nu geus ditetepkeun ti anggalna der baé bareng pisan aya rusuh di Purwakarta jeung di Wanayasa. Gedong-gedong Kumpeni dihuru, réa Walanda anu dipaéhan.

Kapala pangurus kebon di Wanayasa ngaranna Sheper Leau kacida pisan bengisna, harita pada neunggeulan pada nimpugan ku batu, tungtungna lékék dipeuncit, ari mayitna tuluy dipiceun ka leuweung, sarta nepi ka nelah Leuweung Ciperlaw. Lebah urut mayit tea dicirian ku batu gedé, nelah nepi ka ayeuna disarebut Batu¬tanceb, ayana di Désa Cibeber, Kacamatan Kiarapedes.

Kocapkeun di Purwakarta keur aya karusuhan téh aya hiji priyayi nu kababawa, diarah ku urang Makao. Éta priyayi aya nu nulungan, diasupkeun ka jero bélong, salamet henteu sakara-kara. Engkéna éta priyayi (jaksa) dit¬elahkeun Jaksa Bélong.

Urang Makao ti Wanayasa bari ngajak urang Tionghoa nu séjén, ngaleugeudeut ka Purwakarta, niat ngahijikeun tanaga, sangkan bisa ngéléhkeun balad Kumpeni. Barang nepi ka tanjakan Pasirpanjang (anu kacida panjangna, kurang leuwih aya 3 km), maranéhna paamprok jeung aleutan balad Kumpeni nu rék numpes rurusuh di Wanayasa, samakta sapakarangna. Harita kénéh der tarung, perang campuh geus teu bisa ngabédakeun musuh jeung lawan, geus teu inget kana éléh atawa meunang, asal ngalubarkeun napsu, asal bisa nandasa musuh, ulah nepi ka kapiheulaan babar, tegesing perang paéh-paéh hirup-hirup. Nu kasambut ti dua pihakanana geus pabalatak. Loba anu tinggulitik ka lebak. Nepi ka sapanjang jalan nu jauhna kira-kira sa¬tengah kilométer pinuh ku mayit, getihna ngabayabah, malah nepi ka ngaranca, cék nu rahul mah, nya éta ranca-getih atawa rancah-darah. Tah éta sasakalana, anu matak ti harita éta tanjakan Pasirpanjang disebutna jadi nelah tanjakan Rancadarah.

Di lebakeun éta tanjakan aya tempat anu legok, disebutna Legoksigay lantaran waktu loba mayit anu tiguling ka dinya téa, di lampingna aya tangkal kawung nu disigayan, nya dipaké turun unggah ku nu mariksa saréngsé pe¬rang, anu hayang nyaho saha-sahana nu jadi mayit.

(Tina Dongeng Sasakala, Sacadibrata)

MOHAMAD TOHA

Mohamad Toha téh pituin urang Bandung,
dilahirkeun di Bandung, taun 1926.
Gedé di Bandung deuih.
Ramana, Ganda, pagawé béngkél De Unie.
Maot waktu Mohamad Toha budak kénéh.
Ari ibuna, Nariah, jadi tukang ngaput
pikeun ngabanjel-banjel pangabutuh sapopoéna.

Mohamad Toha sakola di Bandung.
Satamatna ti Sakola Rayat,
neruskeun ka jurusan téhnik mesin.
Dina jaman Jepang,
kungsi jadi montir kendaraan militer Jepang.
Sanggeus Indonésia merdéka,
Mohamad Toha milu bajoang
pikeun mertahankeun kamerdékaan.

Perjoangan Mohamad Toha,
henteu bisa dileupaskeun tina peristiwa sajarah,
anu katelah Peristiwa Bandung Lautan Api.
Kajadianana dina mangsa révolusi,
nyaéta mangsa tacan lila bangsa urang merdéka.
Merdéka tina penjajahan Walanda
jeung tina penjajahan Jepang.

Harita téh Perang Dunya II geus réngsé.
Perang Dunya II téh nyaéta perang antara Sekutu
ngalawan Jepang, Jerman, jeung Itali.
Ari anu asup ka nagara urang nyaéta Jepang.
Harita Jepang geus éléh ku Sekutu,
sanggeus dua kotana, Nagasaki jeung Hiroshima,
diragragan bom atum ku Amérika Serikat.

Jepang serah bongkokan,
sakur nagara cangkinganana di Asia-Pasifik,
kudu dipasrahkeun ka tentara Sekutu.
Ari anu kaasup Sekutu téh, di antarana baé:
Amérika Serikat, Inggris, Perancis, jeung Australia.
Malah Walanda ogé kaasup pihak Sekutu.
Milu ngirimkeun tentarana kana Perang Dunya II,
pangpangna mah ka wewengkon Asia-Pasifik.

Walanda anu kungsi ngajajah urang,
henteu sukaeun ningali bangsa urang merdéka.
Walanda henteu weléh néangan akal
pikeun nyuparkeun kamerdékaan bangsa urang.
Kitu deui basa aya kasempetan ngirim tentarana,
tentara Walanda milu dikirimkeun ka nagara urang,
ngaboncéng ka tentara Inggris,
anu mangrupa bagian tina tentara Sekutu.

Bangsa urang anu geus merdéka,
tangtu baé teu réla upama nagarana dijajah deui.
Kamerdékaan anu geus dibayar mahal,
ku cimata jeung getih parapahlawan bangsa,
satékah polah kudu dipertahankeun.
Bangsa urang ogé henteu cicingeun.
Ngayakeun perlawanan ka tentara asing,
anu geus méngpar tina tujuan asalna,
lantaran katumpangan ku karep Walanda téa.

Muncul baé pasukan tentara perlawanan rayat,
saperti Pasukan Banténg, Laskar Hizbullah,
Tentara Pelajar, jeung réa-réa deui.
Anu jaradi anggotana lolobana mah parapamuda,
pamuda anu keur meujeuhna belekesenteng.
Muhamad Toha ogé harita jadi tentara rayat,
ngagabung jeung Pasukan Banténg.

Najan umurna kakara 19 taun,
tapi Mohamad Toha geus jadi pamingpin,
mingpin Seksi I Barisan Banténg bagian Penggempur.
Malah kaasup pamingpin anu katotol gedé wawanén.
Dipikasérab, boh ku anak buahna boh ku sasamana.
Anu matak pantes upama meunang paniten husus
ti sakumna pamingpin pasukan panggempur téh.
Markas Barisan Banténg téh di Cikapundung.

Kaayaan Bandung harita jadi harénghéng.
Tentara urang mindeng bantrok jeung tentara Sekutu,
der baé perang di sawatara tempat.
Antukna Kota Bandung téh dibagi dua.
Beulah kalér dicangking ku Pasukan Sekutu,
beulah kidul dicangking ku pasukan republik.
Ari anu jadi watesna nyaéta jalan karéta,
anu ngembat ti Cikudapateuh ka Andir.

Sanajan Kota Bandung geus dibagi dua,
kaayaan angger baé taya mendingna.
Tentara urang anu keur ngaroris wates,
mindeng bantrok jeung tentara musuh.
Malah aya leuwihna ti éta,
Pasukan Sekutu anu senjatana leuwih lengkep,
mindeng némbakan ku mortir jeung bom,
ka daérah anu dicangking ku tentara urang.

Tentara urang ogé henteu cicingeun,
males éta serangan ku cara perang gerilya.
Perang gerilya di tengah kota,
anu matak ngaripuhkeun ka tentara Sekutu.
Antukna pingpinan tentara Sekutu méré ultimatum,
tentara urang kudu ninggalkeun Kota Bandung.
Lamun henteu, baris digempur ku tentara Sekutu.

Tentara urang katut paragegedénna,
ngagugu kana éta ultimatum,
lain karana sieun atawa gimir ku tentara Sekutu,
tapi bisi loba rayat anu jaradi korban.
Mangkaning cenah diserangna téh lain ti darat baé,
ieu mah bari jeung rék dibombardir ti luhur deuih.
Kapal-kapal perang Sekutu geus tingharieng baé,
kukurilingan di luhureun Kota Bandung

Ahirna tentara urang ninggalkeun Kota Bandung.
Malah rahayat ogé loba anu milu ngungsi.
Ngaleut ngeungkeuy ninggalkeun Kota Bandung.
Ukur mawa barang jeung harta banda nu bisa kabawa.
Ninggalkeun imah katut pakaya séjénna.
Lolobana anu ngarungsi ka kiduleun Kota Bandung.
Aya anu ngungsi ka Majalaya, Garut, Sumedang,
malah aya anu ka Tasikmalaya jeung Ciamis ogé.

Saméméh ninggalkeun Kota Bandung,
tentara urang ngadurukan heula gedong-gedong,
utamana mah anu sakirana bisa dipaké ku musuh.
Seuneu ngahuru gedong-gedong di jero Kota Bandung.
Haseup hideung ngelun di sawatara tempat.
Éta kajadian téh anu ayeuna nelah disebut
peristiwa Bandung Lautan Api.

Sanggeus peristiwa Bandung Lautan Api,
markas Pasukan Banténg pindah ka Nagrég.
Kota Bandung geus dikawasa ku musuh.
Ari tentara urang bacacar di sakiduleun Bandung,
di peuntaseun Walungan Citarum.
Ti dinya tentara urang nyerang pasukan musuh,
anu aya di jero Kota Bandung.
Kaayaan lain aman, tapi kalah beuki harénghéng.

Perang lumangsungna méh unggal poé.
Mohamad Toha mindeng meunang pancén
mingpin pasukanana ngagempur musuh.
Nepi ka harita mah taya kabéjakeunana, salamet baé.
Anak buahna ogé kitu deuih,
tara aya nu balik ngaran ti pangperangan.

Sanajan kitu,
henteu ngandung harti unggul dina perangna.
Malah remen kadéséh ku pasukan musuh.
Saenyana mah anu ngarasa ripuh téh
lain pasukan Mohamad Toha baé.
Nu séjén ogé sarua, kariripuhan.
Beuki lila beuki kadéséh baé.

Ari anu jadi sababna,
kakuatanana teu sabanding jeung pasukan musuh.
Salian ti tentarana leuwih loba,
musuh téh senjatana ogé leuwih samagréng deuih.
Katambah boga sasadiaan senjata jeung mesiu,
anu kacida lobana di gudangna.
Atuh puguh wé leuwih laluasa dina perangna téh.

Gudang senjata jeung mesiu pasukan musuh,
ayana di Kampung Pasayuran, Dayeuhkolot.
Peuntaseun Walungan Citarum,
upama ti daérah tentara urang harita mah.
Éta gudang ayana di hiji gedong,
anu ku urang dinya mah disebutna Gedong Listrik.
Keur tohaga téh, dijaga ku tentara Walanda,
anu samakta ku pakarang deuih.

Gedong Listrik dipaké basis pertahanan musuh.
Ari di gudang mesiuna téa;
eusina téh rupa-rupa senjata,
ti mimiti senjata leutik nepi ka senjata gedé,
jeung kurang leuwih 18 rébu ton bahan peledak.
Anu matak musuh téh dina perangna,
tara kabéjakeun kakurangan amunisi.
Ganjor pisan bédana jeung tentara urang.

Kabéh ogé nyaho tur yakin,
lamun hayang ngalumpuh¬keun musuh,
salasahiji cara anu bakal gedé pangaruhna mah
nyaéta ngabeledugkeun gudang mesiuna.
Pikiran kitu téh aya dina uteuk Mohamad Toha ogé.
Béda jeung anu lian pamuda Toha mah.
Éta pikiran téh dibarung ku tékad anu kuat
pikeun ngalak¬sanakeunana.

Dina hiji poé, pasukan anu dipingpin Toha
kudu maju ka garis depan.
Méméh indit, Toha mangadep heula
ka pingpinan Tentara Penggempur Barisan Banténg.
Maksudna taya lian, ménta idin yén pasukanana
rék ngagempur jeung ngancurkeun
gedong pertahanan musuh ku dinamit.

Paménta Mohamad Toha henteu diidinan,
dumasar kana pertimbangan yén pertahanan musuh
di sabudeureun éta gedong téh kacida tohagana.
Sanajan bari kacida kuciwana,
Toha nurut kana paréntah atasanana.
Pasukan Mohamad Toha maju ka garis depan,
ngaganti pasukan anu séjén.

Mohamad Toha henteu putus asa.
Sababaraha poé ti harita,
geus pok deui ménta idin ka salasaurang mayor,
anu aya di pos tentara di garis depan.
Cenah pasukanana rék nyerbu ka Gedong Listrik.
Minangka bekelna, Mohamad Toha aya paménta.
Ménta garanat, dinamit, jeung korék api.
Paménta Mohamad Toha henteu diidinan deui baé.

Tangtu wé Toha téh beuki kuciwa.
Sanggeus balik ti garis depan,
Toha ménta perlop sababaraha poé,
sabab hayang nepungan indungna,
anu keur ngungsi di Garut,
di daérah Paminggir.
Harita mah paméntana ditedunan.

Caritana indit wé Toha téh ka Garut,
nepungan indungna jeung adina.
Da ari bapana mah geus maot.
Ibu Nariah, indungna Mohamad Toha téa,
di Garutna téh geus meunang pagawéan,
jadi tukang ngaput di Penjahit Merdéka.

Kabeneran harita Penjahit Merdéka téh
meunang pancén ngaputan pakéan tentara urang.
Toha ogé dibéré baju jeung calana tentara.
Puguh wé Toha téh kacida pisan atohna.
Harita kénéh éta pakéan téh dipaké,
beuki katémbong baé gagahna.
Malah terus dipapaké nepi ka balikna deui.

Balik ti Garut, Toha ka asrama deui.
Paromanna katémbong marahmay.
Indung jeung adina saralamet,
sarta henteu matak pikahariwangeun,
lantaran indungna geus boga pangasilan.
Najan pangasilanana henteu gedé,
tapi cukup wé keur hirup duaan mah.

Lain éta baé anu matak manéhna bungah téh.
Datang-datang ka markasna,
Mohamad Toha meunang pancén ti komandanna,
kudu nyusup jeung nalungtik daérah musuh.
Puguh baé asa mobok manggih gorowong.
Keur mah hayang ti baréto ka daérah musuh téh,
ari ayeuna diparéntah pisan ku atasanana.
Mohamad Toha meunang pijalaneun
pikeun ngancurkeun pertahanan musuh.

Ka salasaurang anak buahna mah pok pisan,
manéhna meunang kasempetan anu hadé
pikeun nyerbu gudang mesiu musuh.
“Peuting ieu, Bapa rék jibaku,” pokna téh.
Ka anak buahna anu séjén ngomong kieu,
“Leuwih hadé paéh batan jadi tawanan musuh.
Tapi, saméméh paéh kudu ngancurkeun heula
gudang mesiu musuh.”

Tékad Mohamad Toha geus buleud.
Peuting éta, Mohamad Toha,
sasatna mah pileuleuyan jeung anak buahna.
Malah arlojina ogé dibikeun ka babaturanana
di komando pos tilu, bari dimplik-implikan,
“Pék baé paké ieu arloji téh, ulah nepi ka ruksak!
Saha nu nyaho kuring mah teu balik deui.”

Réngsé éta, kakara Mohamad Toha
indit ka médan perang mingpin anak buahna.
Harita téh tanggal 9 Juli, peuting.
Pasukan Toha nyulusup ka daerah musuh
babarengan jeung Pasukan Hizbullah
sarta Pasukan Pangéran Papak,
meuntas Walungan Citarum.

Kakara gé nepi ka daérah musuh,
anak buahna aya nu nincak ranjow,
anu dipasang di sabudeureun gudang mesiu.
Jelegur ranjow ngabeledug!
Kanyahoan ku musuh. Der bad silitémbak.
Sawatara prajurit urang tatu.
Aya nu parna, aya nu énténg tatuna téh.

Harita Toha téh aya di tengah-tengah barisan.
Teu maliré kana tingbelesatna pélor,
Toha maju ngadeukeutan gedong pertahanan musuh.
Niatna geus panceg,
rék ngabeledugkeun gudang mesiu téa.
Sanajan ku cara kitu téh,
sarua baé jeung narohkeun pati.

Tapi, can gé maksudna laksana,
Toha katangkep mantén ku musuh.
Duaan jeung Mohamad Ramdan
ti Pasukan Hiz¬bullah katangkepna téh.
Mohamad Toha jeung Mohamad Ramdan
ditawan di Dayeuhkolot, di Gedong Listrik.
Tempatna teu jauh ti gudang mesiu,
anu geus lila jadi inceran Mohamad Toha.

Sakumaha ka tawanan baé,
Mohamad Toha jeung Mohamad Ramdan,
nandangan rupa-rupa panyiksa.
Maksudna sangkan ngabocorkeun rusiah
anu aya patalina jeung pasukan urang.
Tapi duanana tetep tabah.
Tibatan betus, leuwih suka diala nyawa.

Dina hiji kasempetan,
prajurit-prajurit musuh anu ngajagana,
diserang ku Mohamad Toha.
Najan bisa leupas tina genggeman musuh,
angger baé moal bisa kaluar ti éta tempat,
lantaran dijaga ku tentara Walanda,
anu samakta pakarangna di unggal titik.
Jeung deui mémang maksudna ogé lain rék kabur.

Mohamad Toha lumpat ka gudang mesiu téa.
Manéhna nyokot garanat,
terus dibalédogkeun ka gudang mesiu.
Jelegur wé, gudang mesiu teh ngabeledug.
Nya henteu sakaligus ngabeledugna téh.
Pokona mah sakabéh bahan peledak,
garanat, katut senjatana, anu gedéna anu leutikna,
patingjelegur jeung patingbeledug.

Ku rosa-rosana anu patingbeledug,
sorana nepi ka kadéngé ka tempat anu jauhna
leuwih ti 70 kilométer ti Dayeuhkolot.
Gedong Listrik anu dipaké pertahanan musuh ancur:
Imah-imah, tatangkalan, jeung sajabana
anu aya di sabudeureunana ancur deuih.
Haseup mulek minuhan langit Bandung Kidul.

Korban ti pihak musuh loba pisan,
geus teu kaitung jumlahna.
Mohamad Toha ogé gugur di dinya,
babarengan jeung Mohamad Ramdan.
Kitu tah perjoangan Mohamad Toha téh.
Toh pati lali jiwa téh bener-bener,
pikeun ngabélaan lemah cai.

Kajadian dibeledugkeunana
gudang mesiu di Dayeuhkolot téh
matak ngageunjleungkeun.
Lain baé sa-Indonésia,
aweuhanana nepi ka sakuliah dunya.
Temahna pikeun tentara urang harita,
jadi leuwih ngagedurkeun sumanget
pikeun bajoang mertahankeun kamerdékaan.

(Budi Rahayu Tamsyah/tina sawatara sumber)

Selasa, 08 Juli 2008

R. OTO ISKANDAR DI NATA

Urang boga pekik nasional “Merdéka”, bari ngacungkeun peureup. Tapi kalolobaanana di antara urang teu nyaho ka nu nyiptakeunana mah. Éta pekik nasional téh diciptakeun ku Pa Oto Iskandar Di Nata dina jaman révolusi kamerdékaan. Sanajan kitu, nepi ka ayeuna éta pekik téh masih kénéh mindeng kadéngé dina rupa-rupa kasempetan.

Pa Oto Iskandar Di Nata téh pahlawan pergerakan nasional anu asalna ti Jawa Barat. Pituin urang Sunda, lahir di Bojongsoang, Dayeuhkolot, Bandung, tanggal 31 Maret 1897. Putra Lurah Bojongsoang, Rd. Nataatmaja anu sanggeus munggah haji ganti ngaran jadi Rd. Haji Adam Rahmat. Ari ibuna, Siti Hadijah.

Satamatna ti Sakola Rayat, Pa Oto neruskeun sakolana ka Sakola Guru, Sakola Raja katelahna téh harita mah. Nya di dieu Pa Oto mimiti némbongkeun wawanénna téh. Harita Pa Oto kudu cicing di asrama. Mangkaning asrama sakola jaman harita téa, aturanana téh kacida ketatna.

Guru-guruna miharep sangkan murid-murid sakola bangsa urang téh kudu nurut kana sagala kahayangna. Tangtu baé anu sajalan jeung kahayang Pamaréntah Hindia Walanda. Komo deui ieu, pigurueun, sasatna mah anu bakal bisa mangaruhan ka jalma réa.

Upama aya murid bangsa urang anu boga pamadegan méngpar tina kahayangna, dicap baé murid bangor. Pa Oto gé kitu, katotol murid bangor, ceuk guru-guru Walanda mah. Nu matak mindeng disetrap atawa dihukum ku rupa-rupa lantaran. Mimindengna mah alatan Pa Oto wani nembrakkeun pamadegan jeung pahamna pribadi anu papalingpang jeung kahayang guru atawa Pamaréntah.

Hiji mangsa mah, Diréktur Asrama téh geus henteu tahan meureun ku kalakuan Pa Oto. Éta diréktur téh urang Walan¬da. Awakna jangkung badag, kawantu tukang gulat. Nepi ka nangtang gelut ka Pa Oto, pokna bari singkil, “Héy Oto Iskandar, manéh wani henteu gelut jeung kuring?” Ari témbal Pa Oto, “Nya ari geus gedé mah wani wé.” Direktur Asrama ukur bisa melengek.

Kajadian séjénna anu ngébréhkeun wawanén Pa Oto téh nyaéta waktu sakola di Sakola Guru Atas di Purworejo. Dina hiji poé, Pa Oto téh maké dasi konéng ka sakola. Pokona mah asa panggindingna wé harita mah. Tapi aya guru Walanda anu teu resepeun nénjo Pa Oto maké dasi téh.

Éta guru Walanda téh negor, “Héy, Oto! Ku naon manéh bet maké dasi? Sedeng kuring baé gé henteu maké dasi!” Pa Oto ngajawabna mutuh matak lucu, “Ah, Tuan mah teu perlu maké dasi, da geus kolot ieuh!” Kabéh nu ngadéngé jawaban Pa Oto sareuri. Tapi ari guru Walanda téa mah kacida ambekna. Nepi ka ngusir sagala ka Pa Oto téh, nitah kaluar ti kelas.

Sanajan ku guru-guruna dicap murid bangor, tapi ari uteukna mah éncér Pa Oto téh. Dibandingkeun jeung babaturan sakelasna mah onjoyna téh jauh pisan. Nu matak di kelasna mah dianggap béntangna. Leuwihna ti éta, kapinteranana bisa ngéléhkeun batur sakelasna bangsa Walanda.

Pa Oto ogé boga pangaresep kana kasenian jeung maén bal. Dina maén bal kaasup béntangna. Pa Oto jadi andelan kleup maén bal, boh di kleup sakolana, boh di kleup lemburna. Ari posisina jadi sénter pur. Striker mun ayeuna mah.

Dina kasenian, Pa Oto tapis nabeuh gamelan, pinter ngibing, jeung resep kana san¬diwara. Kana lalajo wayang deuih karesepna téh. Ari tokoh wayang anu pangdipikaresepna nyaéta Bima alias Werkudara. Kawasna baé surup jeung pasipatanana, ana nyarita téh sok sahinasna baé.

Satamatna ti Sakola Guru Atas di Purworejo, Pa Oto jadi guru, luyu jeung cita-citana. Pa Oto boga cita-cita hayang ngamajukeun bangsana. Lamun hayang maju, kudu pinter heula. Jalanna nya ku pendidikan téa. Éta matakna Pa Oto boga cita-cita hayang jadi guru téh.

Salian ti jadi guru, Pa Oto ogé ancrub kana organisasi sosial. Mimiti jadi anggota Budi Utomo, terus jadi anggota Paguyuban Pasundan, malah jadi ketuana pisan. Tah, dina mangsa diketuaan ku anjeunna Paguyuban Pasundan maju. Utamana dina widang pendidikan, ékonomi, jeung sosial pulitik.

Di organisasi ogé Pa Oto geus némbongkeun wewesénna. Upamana baé basa anjeunna jadi anggota Déwan Kota di Pakalongan. Harita Pa Oto téh jadi wawakil ti Budi Utomo, da harita mah can asup jadi anggota Paguyuban Pasundan.

Salaku anggota Dewan Kota, anjeunna mindeng ngungkab kateureugeujeugan nu aya di masarakat, mindeng ngabéla rahayat anu katideresa. Di antarana baé ngungkab jeung ngagugat “Peristiwa Bendungan Kemuning“. Kasus panipuan gedé di Perkebunan Tiwu Wonopringgo, Wonogiri.

Kawasa Kontrak, anu jelas bangsa Walanda, boga karep ngagerejud tanah rahayat di Kemuning. Rahayat Kemuning dipaksa kudu masrahkeun tanahna pikeun ngalegaan kebon tiwu. Anu teu mikeun, dianggap baha ka Pamaréntah Hindia Walanda. Rahayat teu bisa majar kumaha, da sieun téa.

Dina kaayaan kitu, Pa Oto ka hareup ngabéla kapentingan rahayat. Ceuk Pa Oto, tindakan Kawasa Kontrak téh kacida salahna. Ku lantaran kitu, Kawasa Kontrak kudu mulangkeun tanah Kemuning ka rahayat anu ngabogaan hakna.

Antukna mah Pa Oto téh lain baé adu hareupan jeung Kawasa Kontrak, tapi adu hareupan jeung Residén Pakalongan deuih. Salaku bangsa Walanda, tangtu baé Residén téh leuwih ponténg ka nu konéng, ngabéla kapentingan bangsana sorangan. Tapi Pa Oto henteu gimir, henteu galideur.

Dina éta pacéngkadan, Pa Oto anu meunang. Sanajan, tangtu baé henteu gampang. Tanah rahayat anu di Kemuning kapimilik deui ku nu boga hakna. Kawasa Kontrak ngégél curuk. Malah sanggeus éta kajadian, Residén Pakalongan téh diganti.

Tindakan Pa Oto kitu teh, puguh bae matak ngageunjleungkeun. Alam harita mah apan carang pisan bangsa urang anu wani nyempad, sumawonna ngalawan ka bangsa Walanda. Umumna mah sumuhun dawuh bae, teu langkung Kangjeng Tuan. Sanajan dipaké kékéséd ogé, ceuk babasanna mah.

Ngaran Oto Iskandar Di Nata mimiti nyambuang. Naék daun mun ceuk basa ayeuna mah. Dipikawanoh jeung dipikacinta ku rahayat. Sabalikna ku bangsa Walanda mah, dipikaceuceub. Pamaréntah Hindia Walanda ngasupkeun ngaran Pa Oto kana buku hideung, nyaéta catetan jalma-jalma anu sawaktu-waktu kudu dibuang ka Digul, di Pulo Irian.

Seungitna ngaran Pa Oto, matak bayeungyang ka pamaréntah jajahan di Pakalongan. Ngajaga bisi komarana ngéléhkeun komara jeung wibawa pamaréntah, Pa Oto dipeclengkeun ti Pakalongan. Tugasna dipindahkeun ka Jakarta.

Tapi saméméh ninggalkeun Pakalongan, Pa Oto sem¬pet mingpin rahayat pikeun ngadegkeun Sakola Kartini. Pa Oto mémang gedé perhatianana kana pendidikan bangsana. Cenah mah nepi ka kiwari éta sakola téh masih kénéh aya.

Jadi upama nilik ka dinya mah, ti méméh jadi anggota Volksraad ogé, geus témbong perjoanganana téh. Kitu deui wawanénna, geus nyampak ti keur sakola kénéh. Tangtu baé lain kawani anu teu puguh. Ieu mah kawani dina ngabéla bebeneran, ngabéla bangsa jeung lemah caina.

Di Jakarta mimitina Pa Oto ngajar di Paguron Muhammadiyah. Kagiatanana dina widang organisasi jeung pulitik ogé henteu tinggaleun. Pa Oto mimiti wanoh ka Paguyuban Pasundan. Mimitina Pa Oto jadi anggota biasa. Saterusna mah jadi Ketua Pangurus Puseur Paguyuban Pasundan. Ari sékretarisna Pa Juanda Kartawijaya.

Dina mangsa dipingpin ku Pa Oto jeung Pa Juanda, Paguyuban Pasundan katémbong kamajuanana. Utamana mah dina widang pendidikan, ékonomi, jeung sosial budaya. Malah saterusna mah Paguyuban Pasundan ogé ilubiung kana urusan pulitik.

Paguyuban Pasundan ngagabung jeung Permufakatan Perhimpunan Politik Kebangsaan Indonesia. Paguyuban Pasundan milu pilihan umum pikeun milih anggota Volksraad. Mun ayeuna mah Volksraad téh sarua jeung DPR RI. Wawakil rahayat anu kudu merjoangkeun kapentingan rahayat.

Anu jadi wawakil Paguyuban Pasundan di Volksraad téh nya Pa Oto Iskandar Di Nata. Kawanina beuki ébréh baé katémbong. Pa Oto remen ngiritik kaayaan pamaréntah jajahan nepi ka remen matak beureum ceuli anggota Volksraad ti lingkungan bangsa Walanda.

Ari anggota Volksraad téh diwangun ku bangsa Walan¬da, Indonésia, Cina, jeung Arab. Anggotana aya nu diangkat, jeung aya nu mangrupa hasil pilihan umum. Tah, Pa Oto mah jadina anggota Volksraad téh hasil tina pilihan umum, wawakil ti Paguyuban Pasundan.

Dina bubuka mangsa sidang Volksraad taun 1931 - 1932, Pa Oto nepikeun pidatona. Dina éta pidato, Pa Oto nembrak¬keun kateureugeujeugan Pamaréntah Hindia Walanda dina sagala widang. Nyarita satarabasna, henteu didingding kelir. Nepi ka Ketua Sidangna, bangsa Walanda, sababaraha kali ngetrokkeun paluna, sangkan Pa Oto ulah nerag teuing nyaritana.

Di antarana Pa Oto ngiritik kawijakan Pamaréntah Hindia Walanda dina widang ékonomi. Pamaréntah harita leuwih mentingkeun kaom nu boga modal, tibatan ékonomi rayat. Hal éta dikritik bébéakan ku Pa Oto dina pidatona. Kitu deui dina widang pendidikan, anu can walatra ka sakumna rahayat Indonésia.

Bagian pidatona anu kawéntar nyaéta waktu an¬jeunna nyabit-nyabit kamerdékaan bangsa Indonésia. Saurna téh, gubragna kamerdékaan Indonésia, rék karana dipaksa atawa henteu, teu saeutik gumantungna kana sikep Walanda sorangan. Tapi bangsa Walanda kudu sadar. Tangtuna ogé moal hésé milih hiji di antara dua: mundur atawa diusir.

Pidato Pa Oto meunang pangbagéa anu lain lumayan. Umumna bangsa Indonésia mah asa dipangedalkeun kereteg angenna, anu salila-lila dikemu. Malah ti harita mimiti nyebarna jujuluk Si Jalak Harupat pikeun Pa Oto Iskandar Di Nata téh.

Pidato Pa Oto lain baé ngageunjleungkeun di Indonésia, tapi di Nagri Walanda deuih. Aya anu pro, aya anu kontra. Ceuk anu pro, Hindia Walanda (sesebutan urang Walanda ka nagara urang harita) geus meujeuhna dibéré kamerdékaan pikeun nangtukeun nasibna sorangan. Ceuk anu kontra mah sabalikna. Hindia Walanda can waktuna dibéré kamerdékaan.

Sanggeus aya pidato Pa Oto mah, bangsa urang mimiti aya perhatian ka Volksraad téh. Saméméhna mah Volksraad téh dianggap alat politik pikeun kapentingan Walanda wungkul. Apan ku kaom pergerakan mah Volksraad téh disebutna ogé Gedong Kumidi ti Pejambon. Nyindir éta téh, pédah Gedong Volksraad perenahna di Pejambon, Jakarta.

Pasualan kamerdékaan téh jadi bukur catur mangtaun-taun. Nepi ka kapegat ku Perang Dunya II. Walanda diusir ti nagara urang ku tentara Jepang. Saterusna atuh nagara urang téh aya dina genggeman bangsa Jepang salila tilu taun. Ti taun 1942 nepi ka taun 1945.

Dina Jaman Jepang Pa Oto nyekel kalungguhan Direktur Surat Kabar Cahaya. Jadi pingpinan Jawa Hookookai, pingpinan Badan Panulung Korban Perang, anggota Cuo Sangi In, sarta anggota Panitia Persiapan Kemerdékaan In¬dinésia (PPKI). Pa Oto daékna gawé bareng jeung Jepang téh lantaran Jepang jangji rék méré kamerdékaan ka bangsa Indonésa.

Salian ti Oto, masih kénéh loba kaom pergerakan anu harita kairut ku jangji Jepang téh. Anu matak henteu saeutik anu daék gawé bareng jeung Jepang. Sanajan kitu, dina Jaman Jepang téh Pa Oto boga jasa anu natrat nepi ka ayeuna. Nyaéta milu ngadegkeun Barisan Pembela Tanah Air, anu popiler disebut PETA tea. PETA téh engkéna jadi cikal bakal tentara di nagara urang.

Tah, salaku anggota PPKI, Pa Oto milu icikibung nangtukeun dadasar nagara RI. Tanggal 17 Agustus taun 1945 nagara merdéka. Éta kamerdékaan téh lain paméré ti Jepang, tapi meunang ngarebut ku perjoangan parapahlawan bangsa. Da Jepang mah nepi ka ingkahna ti nagara urang, henteu kungsi nohonan jangjina, méré kamerdékaan ka bangsa urang téa.

Sanggeus merdéka, Pa Oto ogé milu nyusun Undang-Undang Dasar (UUD) 1945. Malah dina sidang pikeun nangtukeun presidén jeung wakil presidén, Pa Oto anu ngusulkeun sangkan Bung Karno jeung Bung Hatta jadi Presiden jeung Wakil Presiden RI. Usulna disaluyuan ku sakabéh nu hadir dina éta sidang.

Dina kabinet anu munggaran sanggeus Indonésia merdéka, Pa Oto diangkat jadi Menteri Negara. Pa Oto kaasup salahsaurang menteri anu popilér, lantaran jujur dina ucapan jeung tindakanana. Hanjakal henteu lila Pa Oto mah ngalaman kamerdékaan téh.

Katompérnakeun taun 1945, mangsa kaayaan harénghéng, Pa Oto aya nu nyulik. Kapanggih-kapanggih layonna geus ngambang di Basisir Mauk, Tangerang. Nepi ka ayeuna can aya kapas¬tian, saha saenyana anu boga pokal ngaleungitkeun nyawa Pa Oto téh. Anu jelas mah, jalma-jalma nu teu mibanda rasa tanggung jawab.

(Budi Rahayu Tamsyah/tina sawatara sumber)

LL R. EDDY MARTADINATA

Jenengan lengkepna mah
Laksamana Laut Radén Éddy Martadinata.
Anu matak sok disingget jadi LLRÉ Martadinata.
Anjeunna téh salasaurang Pahlawan Nasional,
anu asalna ti kalangan Angkatan Laut.
Upama nilik kana bibit-buitna,
anjeunna téh pahlawan anu asalna ti Jawa Barat.

Pa Éddy téh pituin urang Sunda.
Lahir di Bandung, tanggal 29 Maret 1921.
Ramana Radén Ruhiyat Martadinata,
ari ibuna Nyi Radén Suhaémi.
Duanana oge wedalan Tasikmalaya,
ngan béda kacamatan.
Ramana ti Cisayong, ari Ibuna ti Indihiang.

Duanana mibanda kasang tukang anu sarua,
nyaéta lingkungan menak anu taat kana agama.
Anu matak Pa Eddy Martadinata mah,
salian ti meunang-atikan di sakola téh,
atikan agamana oge kuat deuih.
Waktu mancén tugas di Angkatan Laut,
Pa Éddy remen jadi imam atawa hotib
ari juma'ahan di lingkungan kantorna.

Cita-citana jadi palaut geus tumuwuh
ti keur jaman sakolana kénéh.
Nu matak saréngséna ti AMS téh,
nyaeta sakola satingkat SMA di Jaman Walanda,
nya neruskeun ka Zeevaat Technische School
alias Sakola Téhnik Pelayaran.
Satingkat jeung akademi mun ayeuna mah.

Hanjakal, Pa Éddy teu bisa ngaréngsékeun sakolana
Ari sababna, kapegat ku Perang Pasipik.
Tentara Jepang asup ngeréh Pulo Jawa.
Harita loba sakola anu tutup atawa ditutup.
Salian ti harénghéng téh, kaayaan kacida weritna.
Komo Sakola Tehnik Pelayaran mah
tempat Pa Eddy nyuprih élmu, ditutup ku Jepang.

Bari ngadagoan sakolana dibuka deui,
tamba nganggur teuing Pa Éddy digawé
di Kantor Besar Karéta Api Bandung.
Tapi digawéna ogé henteu lila.
Sabab, basa aya béja yén Jepang
muka sakola pelayaran pikeun rayat Indonésia,
Pa Éddy milu daptar ka éta sakola.

Pa Éddy kaluar ti pagaweanana.
Sup ka Sekolah Pelayaran Tinggi (SPT) di Jakarta,
anu dikokolakeun ku Jepang.
Pa Éddy ditarima jadi siswa tingkat lanjutan,
sabab saméméhna kungsi meunang pangajaran
di Sakola Téhnik Pelayaran téa.

Kamampuhna nyangkem basa Walanda,
basa Inggris, jeung basa Jepang,
gedé pangaruhna kana pangajaranana di SPT.
Katambah ku resep maca deuih,
munasabah upama Pa Éddy jadi siswa
anu pangnyongcolangna di kelasna téh.

Nu matak, satamatna ti SPT,
Pa Éddy ditarik jadi guru bantu di SPT.
Malah saterusna mah kapapancénan
jadi nakoda kapal latih Dai-28 Sakura Maru.
Pancénna nyaéta ngalatih parasiswa SPT,
anu umumna bangsa urang.

Bungah ku hiji ku dua meunang éta pancén téh.
Kahiji, luyu jeung cita-citana.
Kaduana, bungah lantaran bisa ngalatih
parapamuda bangsana sorangan
pikeun jadi palaut anu tanggoh.
Palaut anu bisa diandelkeun ka hareupna.

Pa Éddy yakin pisan,
hiji mangsa mah bangsana téh
bakal leupas tina genggeman Jepang.
Tangtu baris mikabutuh palaut-palaut
bangsana sorangan anu bisa diandelkeun,
boh pikeun kapentingan angkutan
boh pikeun kapentingan kaamanan.

Apan nagara urang téh nagara maritim,
nagara anu dua-pertiluna diwangun ku laut.
Pikeun patalimarga antarpulo,
mikabutuh palaut-palaut anu tanggoh.
Kitu deui pikeun ngamankeun nagara,
utamana ti pihak-pihak anu boga karep
ngacowkeun jeung ngabinasa nagara urang.

Kurang leuwih sapuluh bulan
Pa Eddy mancén tugas di kapal Jepang
Dai - 28 Sakura Maru téh.
Dina awal Agustus 1945,
dina mangsa bangsa urang tatan-tatan
pikeun nyanghareupan kamerdékaan,
Pa Éddy ngécagkeun pancénna.

Babarengan jeung babaturanana
anu sarua pada-pada palaut,
Pa Éddy aktif milu bajoang.
Malah puseur kagiatananana
sarta markas pamuda palaut teh,
nya di bumi Pa Éddy pisan.

Nya di dinya parapamuda palaut
ngayakeun rapat-rapat katut kagiatan lianna,
sarta ngayakeun hubungan langsung
jeng para pamingpin pergerakan kemerdékaan,
saperti Bung Karno jeung Bung Hatta.
Pa Éddy minangka pamingpinna,
di kalangan pamuda palaut mah.

Tanggal 17 Agustus 1945,
Proklamasi Kemerdékaan Républik Indonésia,
diumumkeun di Jalan Pegangsaan Timur 56, Jakarta,
anu dibaca ku Bung Karno dibarengan ku Bung Hatta,
Pa Éddy jeung parapamuda palaut séjénna,
milu nyaksian langsung di Pegangsaan Timur.


Sanggeus Indonésia merdéka,
Pa Éddy meunang pancén anu penting,
nyaéta milu marajian lahirna BKR-Laut,
anu engkena jadi TNI-Angkatan I,aut.
BKR singgetan tina Barisan Keamanan Rakyat.
Harita anu jadi pingpinan BKR-Laut
nyaéta Pa M. Pardi, ari Pa Eddy jadi staf pingpinan.

Dina mangsa-mangsa awal kamerdékaan,
perjoangan Pa Éddy téh beuki natrat baé.
Utamana dina ngabebenah jeung ngawangun
angkatan laut anu tanggoh tur bisa diandelkeun.
Sabab dihenteu-henteu ogé nagara urang téh,
nagara maritim, nagara anu mibanda laut lega.

Sawatara jabatan anu kungsi dicangking ku anjeunna,
di an¬tarana jadi WakilPingpinan BKR- Laut Pusat,
ngarangkep jadi wakil pingpinan BKR-Laut Jawa Barat.
BKR-Laut dirobah ngaranna jadi TKR-Laut.
TKR téh singgetan tina Tentara Keamanan Rakyat.
Pa Éddy jadi Perwira Staf TKR-Laut.

Basa TKR-Laut dirobah ngaranna jadi ALRI,
singgetan tina Angkatan Laut Républik Indonésa,
Pa Éddy jadi Kepala Staf Operasi V,
ngawengku Bagian Perencanaan ALRI.
Terus jadi Pingpinan Pendidikan Opsir Kalibakung;
anu mibadan pancén meuseuh paracalon
prajurit Angkatan Laut anu bisa diandelkeun.

Salian ti éta, Pa Éddy ogé kungsi jadi
Staf Pingpinan Pangkalan IV Tegal di Wonosobo;
Kepala Jawatan Pendidikari ALRI;
Kepala Staf Komando Daérah Maritim Surabaya;
jeung Staf Operasi Angkatan Laut Jakarta.
Éta téh jabatan anu dicangking ku Pa Éddy
nepi ka réngséna Agrési Militer I.

Dumasar kana hasil babadamian
Konférénsi Méja Bun¬dar (KMB),
Pa Éddy kapapancénan kudu nampa
hiji kapal perang ti Angkatan Laut Walanda,
ngaranna HMS Morotai.
Sanggeus jadi milik urang,
ku Présidén Sukarno ngaranna diganti
jadi Hang Tuah.

Tétéla kapal perang Hang Tuah téh
jadi kareueus bangsa urang.
Gedé jasana ka lemah cai,
di an¬tarana baé milu numpes
Pemberontakan Andi Aziz di Sulawesi
jeung RMS di Maluku.
Suksésna kapal Hang Tuah,
tangtu baé ditangtukeun ku komandanna,
nyaéta Pa Éddy Martadinata.

Marén ti dinya, Pa Éddy meunang pancén séjén.
Anjeunna kudu miang ka Nagri Walanda,
pikeun mawa kapal perang jenis pemburu torpédo,
anu ngaranna HMS Tjerk Hiddes.
Geus datang ka urang mah
ngaranna diganti jadi KRI Gajah Mada.
Nya Pa Éddy anu ditunjuk jadi komandanna téh.

Salaku komandan kapal KRI Ciajah Mada,
kalungguhanana téh leuwih luhur
batan komandan-komandan kapal séjénna.
Ari sababna, KRI Gajah Mada téh mangrupa
kapal pingpinan ti Kesatuan Kapal Perang ALRI.
Kacida diandelkeunana enggoning
ngajaga pertahanan nagara urang di laut.

Karir Pa Éddy terus nérékél sarta nyongcolang.
Taun 1953 anjeunna dibéré kasempetan pikeun
ngaronjatkeun kamampuh jeung pangaweruhna.
Pa Éddy di sakolakeun ka Amérika Serikat.
Milu pendidikan di General Line School
nu diayakeun ku Angkatan Laut Amerika Serikat
anu katelah US Navy téa.

Lila pendidikanana téh genep bulan.
Ari Pa Éddy di Amerikana téh dalapan bulan,
sabab dibéré kasempetan pikeun neruskeun
kana neuleuman organisasi jeung manajemen
Angkatan Laut Amerika Serikat, salila dua bulan.
Éta kasempetan téh dimangpaatkeun sahadé-hadéna,
anu baris dipaké pikeun ngaronjatkeun
ajén jeung kamampuh angkatan laut nagara urang.

Samulangna ti Amérika Serikat,
Pa Éddy diangkat jadi Kepala Biro
Perencana Staf Angkatan Laut, di Jakarta.
Henteu lila, Pa Éddy meunang pancén
anu kawilang beurat nyaeta jadi Ketua Missi
Pengawas Pembuatan Kapal-kapal Perang ALRI di luar negeri. Memang, harita teh ALRI keur ngahangkeut¬keun
meulian kapal-kapal perang jeung senjata.

Kapal perang anu mimiti dibeuli ku ALRI
nyaéta opat kapal perang buatan Itali.
Salaku Ketua Missi dina éta kagiatan,
tangtu we Pa Éddy téh kudu ka Itali.
Pa Éddy miang ka ditu pas awal taun 1955.
Pancénna nalingakeun kapal-kapal urang
anu dijieun di ditu.

Tilu taun ti harita, kapal-kapal perang
pesenan ALRI teh réngsé.
Dua kapal jenis korvét dingaranan
KRI Pattimura jeung KRI Hasanuddin,
dua deui kapal jenis fregat dingaranan
KRI Imam Bonjol jeung KRI Suropati.
Pa Éddy dianggap suksés ngajalankeun missina.

Salila Pa Éddy di Itali,
pangkatna kungsi naek jadi Létnan Kolonél,
sarta diangkat jadi Komandan
Kesatuan Angkatan Laut di Itali (Kalita)
Waktu jadi Komandan Kalita,
Pa Éddy ngarangkap jadi Ketua Komisi Pengawas
pikeun meulian matéril perang ti Yugoslavia deuih.
Éta dua pancén téh dilaksanakeun kalayan daria.

Nu matak hasilna ogé nyugemakeun.
Kapercayaan pamaréntah jeung ALRI
ka Pa Éddy téh beuki gedé baé.
Yakin yén Pa Éddy prajurit anu bisa diandelkeun.
Bulan April 1955, anu keur aya di Itali,
diala ku pamaréntah RI sina mulang ka lemah cai.
Pa Eddy diangkat jadi Pemangku Sementara
Kepala Staf Angkatan Laut.
Pangkatna ogé ditaékkeun jadi Kolonél.

Opat taunt i harita, tangga1 25 Juli 1959,
Pa Eddy dilantik jadi Kepala Staf Angkatan Laut,
ngaganti KSAL saméméhna,
Laksamana Madya R. Subiyakto.
Umur Pa Eddy harita kakara 38 taun.
Kaasup ngora pikeun nyangking
kalungguhan puseur hiji angkatan mah.

Salian ti éta, Pa Éddy ogé jadi
Menteri ék Officio dina Kabinet Kerja.
Pangkatna oge naék jadi jadi Komodor Laut.
Teu kungsi sataun pangkatna naék deui
jadi Laksamana Muda Laut.
Bisa disebut¬keun salila sataun téh,
Pa Éddy ngalaman tilu kali naék pangkat.
Weu, kaasup anu istiméwa atuh.

Bulan Juli 1963 sakuduna mah masa jabatan
Pa Éddy salaku Menteri KSAL téh geus réngsé.
Tapi lantaran nilik kana préstasina,
sarta pikeun neruskeun hanca garapanana
ngawangun Angkatan Laut,
Pa Éddy diangkat deui jadi Menteri KSAL.
Sataun ti harita pangkatna naék deui
jadi Laksamana Madya Laut.

Kakara marén tina eta jabatan bulan Pebruari 1966.
Bulan September dilantik jadi duta besar di Pakistan,
sarta dina tanggal 5 Oktober 1966,
ninggang dina Hari Angkatan Bersen¬jata,
pangkatna ditaekkeun deui jadi Laksamana Laut.
Nya anjeunna Laksamana anu munggaran
di Angkatan Laut Républik Indonésia mah.

Hanjakal, sapoé ti sanggeus jadi Laksamana,
Pa Éddy Martadinata ngantunkeun.
Ninggalkeun hasil gawéna,
nyaéta dadasar Angkatan Laut anu kuat.
Pa Éddy wapat tanggal 6 Ok¬tober 1966,
lantaran kacilakaan hélikopter
di wewengkon Riung Gunung, Puncak.

Pa Éddy teh salasaurang putra Indonesia
anu teu weleh satia ka lemah caina.
Anjeunna milu numpes sawatara pemberontakan,
saperti pemberontakan Andi Azis, Soumokil,
Permésta/PRRI, jeung sajabana ti éta.
Anjeunna deuih anu pang¬heulana teu satuju,
malah nyerang Déwan Révolusi/Géstapu PKI.

Pa Éddy téh dipikacinta ku rahayat,
komo ku anak buahna mah.
Éta baé, basa marén tina jabatanana
salaku Menteri KSAL;
Angkatan Laut ngayakeun acara
paturay tineung anu rongkah.
Kaasup upacara anu pangrongkahna wé
sapanjang sajarah Angkatan Laut RI mah.

Pa Éddy deukeut jeung anak buahna,
komo dina kagiatan anu aya patalina
jeung karesep atawa hobina.
Pa Éddy resep maénbal jeung musik jazz.
Sorana kawilang alus deuih.
Anu matak upama aya acara-acara hiburan,
utamana di kesatuanana Pa Éddy sok
milu ngahaleuang lagu karesepna.

Bukti séjén yén Pa Éddy dipikacinta ku rahayat,
méh unggal pustakamangsa ngamuat lalakonna.
Méh unggal poé, ti satutasna wapat tea,
pustakamangsa harita ngamuat pamanggih
katut tanggapan masarakat kana perjoanganana.
Ti mimiti surat pembaca, artikel,
malah teu saeutik anu winangun sajak ogé.

Pa Éddy Martadinata anu munggaran
nyangking pangkat Laksamana di TNI-AL.
Anjeunna ogé salasaurang tina dua
Pahlawan Nasional nu asalna ti jajaran TNI-AL.
Saurang deui nyaeta Yos Sudarso,
anu gugur di Laut Aru téa.

(Budi Rahayu Tamsyah/tina sawatara sumber)

KYAI TAPA

Kyai Tapa téh urang Banten. Harita, kira-kira abad kadalapan welas, Banten téh geus aya dina genggeman Kumpeni. Ari nu jadi sultanna nyaéta Sultan Muhamad Zainul Arifin. Banten anu tadina nagara bébas merdéka, ayeuna mah kudu nurut kana sagala kahayang Kumpeni. Lain dina urusan dagang baé kituna téh. Kaasup dina widang pamaréntahan.

Saenyana mah Kyai Tapa agé masih kénéh teureuh ménak, terah kusumah Banten. Masih kénéh sadérék Sultan, ngan béda ibu. Jenengan aslina, Pangéran Nagajaya. Ti keur murangkalihna kénéh Pangéran Nagajaya téh resep ngulik élmu agama. Resep tatapa jeung tirakat. Tah, nu matak barang tos sepuh, anjeunna tos jadi ajengan, nelah baé Kyai Tapa.

Kyai Tapa muka pasantrén di sawatara tempat. Upama pasantrénna geus maju, terus dipasrahkeun ka babaturanana atawa ka muridna. Anjeunna muka deui pasantrén anyar di tempat séjén. Panungtung, muka pasantrén di Kampung Karamat. Ayeuna mah kaasup ka Jakarta, sarta nepi ka kiwari disarebutna téh Kam¬pung Kramat.

Pasantrénna kacida majuna. Santri-santrina datang ti mana-mendi, ti sakuliah Nusantara. Malah teu saeutik bangsa deungeun ogé anu ngadon masantrén di dinya. Bisa disebutkeun, mangsa harita mah éta pasantrén téh mangrupa puseur kagiatan pikeun nyebarkeun agama Islam di Batawi jeung sabudeureunana.

Barang tos maju ka sepuh, anjeunna tatapa di Gunung Munara. Malah saterusna mah, Gunung Munara téh dijadikeun markas gerakan Kyai Tapa enggoning ngalawan Kumpeni. Gunung Munara téh perenahna di Jasinga, Kabupatén Bogor. Nya di dinya anjeunna ngumpulkeun pasukanana téh. Dilatih kana rupa-rupa kaparigelan kaprajuritan.

Harita kaayaan Banten téh keur kacida riceuwna. Ari sababna, Sultan Banten kakokop ku praméswarina anu ngaran Fatimah. Fatimah téh saenyana mah anték Kumpeni. Manéhna anak sudagar Arab anu raket jeung Kumpeni. Geulis jeung perténtang deuih. Anu matak pantes upama Sultan Haji nepi ka kapincut téh.

Ku Kumpeni Fatimah ngahaja sina némpél Sultan. Maksudna taya ti lian pikeun ngahihileudan di jero karaton. Ngalap élmu rinyuh. Karaton Banten dikorowotan di jerona, ambéh koropok. Mun geus koropok jeung ropoh, tangtu babari ngaruntuhkeunana.

Fatimah dijadikeunana praméswari téh ngaléngkahan tilu geureuha Sultan anu séjénna. Fatimah ngangkat dirina sorangan jadi wanita nomer hiji di Kasultanan Banten. Maké gelar resmi Ratu Syarifah Fatimah. Dulur-dulurna ogé kabéh dibéré gelar Pangéran Syarif, sarta dibéré kalungguhan anu luhur.

Pikeun mageuhan kalungguhanana, Fatimah ogé geuwat nyieun klik atawa komplotan. Ngumpulkeun sawatara ménak Banten anu biluk ka manéhna. Malah teu kireum-¬kireum ngaku turunan Sayidina Huséin anu kalima. Jadi, ngaku-ngaku turunan Kangjeng Nabi Muhammad.

Adat kabiasaan karaton anu henteu dipikaresep ku manéhna, diromak atawa diganti. Sakur pagawé anu henteu tunduk ka manéhna, gancang dipocot. Terus diganti ku pagawé anu satia ka manéhna. Fatimah jadi ngaraja déwék pisan di Kasultanan Banten téh. Ari Sultan henteu bisa nanaon, da kakokop téa.

Fatimah henteu sugema ku jadi praméswari baé. Cita-¬citana leuwih luhur ti kitu, nyaéta hayang ngarebut kakawasaan Sultan Banten. Tangtu baé ku cara anu lantip. Mimitina paraménak Banten anu teu sapagodos jeung manéhna, diusir ti Kasultanan Banten.

Kaasup Pangéran Gusti, anu dicalonkeun baris jadi Sultan Banten. Carana dipitenah. Pangéran Gusti dipitenah majar geus nyieun komplotan pikeun ngarebut kakawasaan Sultan jeung merangan Kumpeni. Pangéran Gusti ditangkep ku Kumpeni sarta dihukum buang ka Sélong (Srilangka ayeuna mah).

Malah ahirna mah Sultanna ogé disingkahkeun. Sultan Zainul Arifin didakwakeun ka Kumpeni, majar owah, sok ngangsonan rahayat sangkan baruntak ka Kumpeni. Sul¬tan ogé ditangkep ku Kumpeni. Mimiti ditawan di Pulo Édam anu aya di Teluk Jakarta. Terus dipindahkeun deui ka Ambon. Nepi ka wapatna di dinya.

Cita-cita Fatimah geus laksana. Tangtu baé ku lantaran disokong ku Kumpeni. Ahirna mah Fatimah téh ngangkat dirina sorangan jadi Sultan Banten. Dina ngajalankeun pamaréntahanana, salawasna gumantung ka Kumpeni. Ceuk Kumpeni kitu, ceuk Kumpeni kieu, kabéh diturut ku Fatimah.

Anu untung mah jelas Kumpeni. Minangka buruhanana nyokong gerakan Fatimah, Kumpeni ménta buruh. Kumpeni ménta satengahna tina hasil emas di Tulangbawang, satengahna tina hasil pedes di Lampung, jeung ménta tanah anu kacida legana di peuntaseun Kota Tangerang. Ku Fatimah ditedunan.

Tah, kaayaan Banten kitu téh ngalantarankeun paraménak jeung rahayat Banten baruntak. Banten disultanan ku nu lain hakna, jaba deuih tindakanana sakarep ingsun. Komo sanggeus Fatimah ngangkat alona jadi calon Sultan Ban¬ten mah. Ari anu boga hakna kalah dipecleng-peclengkeun. Atawa ditangkep jeung ditahan bari henteu puguh alesanana.

Mireungeuh kaayaan kitu, rahayat Banten ogé henteu cicingeun. Ceg kana pakarang masing-masing, baruntak merangan pasukan Fatimah jeung ngagempur soldadu Kumpeni. Rahayat Banten ogé apal, Kumpeni anu jadi dalang kariceuwan di Banten téh. Gur-ger perang di ditu di dieu. Méh saban poé taya eureunna.

Pasukan Banten anu baruntak ka Fatimah jeung ka Kumpeni dipingpin ku Bagus Buang, alo Sultan Zainul Arifin. Bagus Buang téh jenengan aslina mah Ratu Bagus Burhan atawa Tubagus Burhan. Nénéhna Bagus Buang. Dina éta perang téh, sok silihéléhkeun baé. Jadi tara aya nu meunang.

Ku lantaran kitu, nya Bagus Buang téh minangsaraya ka Kyai Tapa. Ari sababna, Kyai Tapa téh kaasup ulama anu kacida dipikaajrihna ku urang Banten. Jeung loba santrina deuih. Malah henteu saeutik urut santrina anu geus boga pasantrén sorangan. Harita Kyai Tapa geus madepokeun di Gunung Munara téa.

Kyai Tapa nedunan paménta Bagus Buang, sabab mémang ti saméméhna ogé anjeunna téh geus ngangres ningali kaayaan Kasultanan Banten anu diacak-acak ku deungeun-deungeun. Kyai Tapa geus boga tékad anu panceg, ulon-ulon kariceuwanana kudu disingkahkeun.

Kyai Tapa mepek balad di Gunung Munara. Pasukan anu dibentuk ku Kyai Tapa, lain santri-santrina anu aya di padepokanana wungkul. Urut santrina anu geus baroga pasantrén sorangan ogé milu ngagabung bari ngerid santri-santrina. Geus puguh ari pasukan anu dipingpin ku Bagus Buang mah.

Der baé atuh merangan Kumpeni jeung ngarurug pasukan Fatimah. Tah, ti barang Kyai Tapa jeung santri-santrina turun mah, rahayat Banten ogé loba anu ngagabung. Atuh balad Fatimah jeung balad Kumpeni téh teu bisa mingé. Maranéhna nandangan wiwirang méh dina saban perang.

Tétéla pasukan Kyai Tapa jeung Bagus Buang téh kacida tanggohna. Éta wé, pikeun nyanghareupanana, Kumpeni téh kapaksa ngadatangkeun pasukan-pasukan ti peuntas jeung ti Bagelén. Malah ngadatangkeun baladna ti Maluku, anu ku urang Banten mah disarebutna téh Blandeu Ireng, hartina Walanda Hideung. Tapi angger teu kuateun ngalawan pasukan Kyai Tapa mah.

Banten anu dijaga kacida kerasna ku pasukan Fatimah jeung Kumpeni, dikepung. Der perang rongkah di wates puseur dayeuh Surosowan. Pasukan Fatimah éléh jajatén. Paburantak, lalumpatan kabur katawuran. Karaton Surosowan jeung puseur dayeuh Banten bisa kacangking ku pasukan Kyai Tapa.

Urang Walanda anu mantuan Fatimah ngarungsi ka Bénténg Speelwijk. Bénténg Kumpeni di Banten anu kacida diandelkeunana. Wangunanana kacida tohagana. Pasukan Kyai Tapa jeung pasukan Bagus Buang ngepung wakul éta bénténg. Nepi ka urang Walanda téh henteu bisa kalaluar ti éta benténg.

Salila di jero benténg, maranéhna diparak. Henteu dibéré cai beresih. Pokona mah diboikot wé. Balukarna, loba soldadu Kumpeni di Bénténg Speelwijk anu maot kalaparan jeung keuna ku kasakit. Dina kaayaan kitu, pasukan Kyai Tapa ngarurug éta benténg. Pasukan Kumpeni teu bisa hojah. Komo sanggeus Kaptén Philipe, anu ngapalaan éta benténg tiwas mah. Kapaksa Kum¬peni téh ngélébétkeun bandéra bodas. Serah bongkokan.

Ti dinya pasukan Kyai Tapa jeung pasukan Bagus Buang neruskeun lalampahanana, maju ngétan. Maksudna rék ngarurug Kumpeni di Batawi. Fatimah jeung komplotanana mah henteu diharu-¬biru. Kyai Tapa nganggap Fatimah mah ukur bonéka. Ari dalangna mah Kumpeni. Jadi anu kudu mimiti dirurug téh Kumpeni heula. Lamun Kumpeni geus taluk mah, Fatimah jeung komplotanana ngan kari nyeumpal baé.

Kacaritakeun pasukan Kyai Tapa téh indit ka Batawi. Sajajalan nyocolan benténg-bénténg Kumpeni nu kaliwatan. Mémang umumna mah bénténg-bénténg laleutik. Tangtu baé moal kuat ngalawan pasukan Kyai Tapa anu leuwih tohaga mah. Senjatana dirampas, ari bénténgna diduruk. Mayit-mayit tentara Kumpeni patulayah méh di unggal bénténg.

Batawi dirurug ku pasukan Kyai Tapa. Peristiwa anu matak gegebegan bangsa kulit putih. Anu katéwak mah geus tara dibéré ampun deui, dipaténi. Bénténg Kumpeni di Batawi anu tohaga téh, dikepung wakul buaya mangap ku pasukan Kyai Tapa. Balad Kyai Tapa geus réa anu patingkarayap di handapeun pangbedilan. Karepna mah bénténg téh arék digangsir.

Kumpeni geumpeur jeung gimir. Anu aya di jero bénténg kabéh ngarasa tagiwur. Pokona mah, salila Kumpeni ngeréh lemah cai urang, can kungsi nyorang bahaya anu kacida gedéna kawas harita. Serangan Kyai Tapa leuwih bahaya batan serangan Sultan Agung Mataram saméméhna. Hal éta diaku ku urang Walandana sorangan gé.

Nilik galagat kitu, pikeun nyegah ajur-leburna bangsa Walanda di Batawi, Gupernur Jéndral Jacob Mossel méré tangara gencatan senjata, sarta ngajak.badami. Tuluy baé Kyai Tapa babadian jeung utusan Kumpeni. Kyai Tapa daék narima pangajak Kumpeni pikeun nunda peperangan, tapi aya saratna.

Sarat anu kahiji: Fatimah anu jadi bibit-buit panyéréwédan supaya ditangkep, tuluy dibuang atawa digantung. Kalungguhan Sultan Banten sangkan dipasrahkeun deui ka nu boga hakna, nyaéta Pangéran Gusti anu harita keur diasingkeun ka Sélong.

Éta sarat ditarima ku Kumpeni. Fatimah ditangkep sarta diasingkeun ka Pulo Édam. Malah terus dibuang ka Pulo Banda. Engkéna, Fatimah maot di pangbuangan dina kaayaan anu pohara sangsarana. Pikeun saheulaanan, peperangan bisa dieureunkeun.

Dasar Kumpeni, maranéhna ngatur siasat anyar pikeun merangan pasukan Kyai Tapa. Mangsa gencatan sen¬jata ku Kumpeni digunakeun pikeun nohagaan pasukanana. Dadakuna mah ménta waktu pikeun mawa Pangéran Gusti anu dibuang ka Sélong. Padahal saenyana mah henteu kitu.

Kumpeni ménta bantuan ti nagrina, nguyang balad. Salian ti jumlahna loba téh, senjatana ogé leuwih tohaga deuih. Terus nyampeur tentara Walanda anu aya di Tanjung Harapan, Afrika Kidul. Ti dinya mah kakara baé nyampeur Pangéran Gusti, anu cenah rék dipulangkeun ka rahayat Banten.

Mémang ahirna mah Pangeran Gusti jadi Sultan Banten, tapi sanggeus kaselang heula ku nu séjén. Nyaéta ku Sultan Zainul Alimin, anu sasatna mah dijenengkeun ku Kumpeni. Tah, diangkatna Sultan Zainul Alimin nguciwakeun rahayat Banten. Der perang deui. Kyai Tapa jeung Bagus Buang mingpin deui pasukanana ngagempur Kumpeni.

Ngan ayeuna mah ngagunakeun taktik gerilya, teu cara perang ti heula. Ari sababna, kakuatan Walanda geus nikel, boh jumlah ten¬tarana boh pakarangna. Najan kitu, angger baé Kumpeni téh kariripuhan. Mémang pasukan Kyai Tapa mah geus biasa mileuweungan. Béda jeung pasukan Kumpeni. Anu matak pantes upama pasukan Kumpeni mindeng kawiwirangan téh.

Ayeuna mah wilayah perjoangan Kyai Tapa téh ngalegaan. Lain di Banten wungkul, tapi sa-Pulo Jawa. Geus puguh ari di Jawa Barat mah. Diudag di Banten, kabur ka Sukabumi. Diudag ka Sukabumi, mucunghul di Cianjur. Kitu jeung kitu baé. Sarta méh di unggal daérah pasukan Kyai Tapa ngadatangkeun karugian pikeun Kumpeni.

Leuwihna ti éta, dina berjoangna téh Kyai Tapa mah geus henteu katalian ku kadaérahan. Pokona mah, musuhna anu utamana téh Kumpeni. Sing saha baé anu keur mumusuhan jeung Kumpeni, pasti bakal dibantuan ku Kyai Tapa jeung pasukanana.

Di antarana baé mantuan urang Mataram anu keur baruntak ngalawan kaom penjajah Kumpeni di Jawa Tengah. Ti dinya terus ngétan deui, mantuan pasukan Pangéran Cakraningrat anu keur bajoang di Jawa Timur. Sarua deuih, ngalawan kaom penjajah Kumpeni.

Pasukan Banten anu dipingpin ku Kyai Tapa jeung Bagus Buang eureun perang gerilya sanggeus Pangéran Gusti diangkat jadi Sultan Banten. Jadi, pasukan Kyai Tapa mah lain lantaran bisa ditumpes ku Kumpeni eureunna téh. Eureun lantaran karepna sorangan.

Ratu Bagus Buang atawa Bagus Buang, wapat di Cibaliung, Banten Kidul. Ayeuna mah kabawah ka Pandéglang. Ari Kyai Tapa, neruskeun tapana di Cianjur. Henteu balik deui ka Banten, sabab henteu téga nénjo nagrina anu geus disebitan ku Kumpeni. Nepi ka wapatna ogé angger matuh di Cianjur.

(Budi Rahayu Tamsyah/tina sawatara sumber)

KH ZAINAL MUSTAFA

Kiai Haji Zainal Mustafa téh pahlawan nasional anu asalna ti kalangan pasantrén. Anjeunna téh pituin urang Singaparna, Tasikmalaya. Numutkeun katerangan mah, dibabarkeunana taun 1907. Jenengan nuju alitna mah Hudaémi, nénéhna Umri. Sabada munggah haji, jenenganana digentos jadi Haji Zainal Mustafa.

Ti keur umur sapuluh taun, Hudaémi geus kataji ku bag¬bagan agama. Ari sakolana mah di Sakola Rayat. Jadi, salian ti sakola téh, diajar ngaji ka sawatara kiai nu aya di lemburna. Uteukna éncér. Di sakolana kaasup murid anu nyongcolang. Kitu deui di pangajianana. Éta baé, dina umur dua belas taun téh geus mampuh nyangkem ayat¬-ayat Qur'an katut élmu nahu jeung sorof.

Sanggeus tamat ti Sakola Rayat, Hudaémi neruskeun diajarna ka pasantrén. Henteu ngan di hiji pasartrén baé diajarna téh, tapi sok pipindahan. Di antarana baé di Pasantrén Gunungpari, Cilenga, Sukaraja, Sukamiskin, jeung Jamanis. Keur mah pinter, daék diajar, puguh wé élmuna leuwih onjoy dibandingkeun jeung nu saumurna mah.

Dina umur dua puluh taun, anjeunna geus ngadegkeun pasantrén sorangan di Cikembang. Nya dingaranan Pasantrén Sukamanah. Beuki lila, pasantrénna téh beuki gede baé. Dina jero lima belas taun, Pasantrén Sukamanah geus kawéntar ka mana-mana. Lulusanana sumebar di sakuliah Jawa Barat. Malah teu saeutik anu terus ngadegkeun pasantrén di lembur¬na ogé.

Anu diajarkeun di pasantrénna, lain ngeunaan bagbagan agama Islam baé. Ngeunaan pangaweruh umum ogé diajarkeun deuih. Utamana mah anu aya patalina jeung sumanget kabangsaan. Sumanget pikeun ngabéla agama, bangsa, jeung nagara. KH Zainal Mustafa miboga pangaeruh anu kawilang jembar ngeunaan kondisi jeung situasi nagara jeung bangsa urang alam harita.

Beuki lila, komara jeung wibawa KH Zainal Mustafa téh beuki nanjung. Aweuhan jeung pangaruhna beuki nyebar baé. Tangtu wé, pikeun Pamarentah Walanda mah dianggap ngabahayakeun, kaayaan sarupa kitu téh. Tuluy ngayakeun tarékah pikeun ngungkulanana.

Mimitina ku cara lemes. KH Zainal Mustafa diajak gawé babarengan. Dibibita ku rupa-¬rupa kapangkatan. Kabéh ogé taya anu ditedunan. Hal éta luyu jeung sikep KH Zainal Mustafa anu antipenjajah, antikolonial. Ceuk anjeunna mah, gawé bareng jeung pamaréntah jajahan téh sarua baé jeung ngajual bangsa katut agamana sorangan.

Teu bisa ku cara lernes, nya dikasaran. Gerak-gerik KH Zainal Mustafa terus diintip-intip ku Pamaréntah Hindia Walanda jeung antek-antekna. Kawasna maranehna ogé ngambeu yén sistim pendidikan agama di Pasantrén Sukamanah ngajurus kana gerakan antipenjajah, antikolonial, anti Pamaréntah Hindia Walanda. Kitu deui jeung pasantrén-pasantrén anu dipingpin ku urut santri KH Zainal Mustafa.

Nya tungtungna mah Walanda téh nangkep KH Zainal Mustafa. Ari alesanana, KH Zainal Mustafa dianggap ngojok-ngojok rahayat jeung pamuda sangkan ngalawan ka pamaréntah anu sah. KH Zainal Mustafa dibui di Sukamiskin, jeung sawatara babaturanana, di antarana baé Kiai Ruhiat, anu kungsi jadi santrina.

Meunang 53 poé di hotél perdéona téh. Dibébaskeun. Balik deui ka lemburna, KH Zainal Mustafa kalah beuki wani. Terus nyebarkeun paham antipenjajah jeung antikolonial, méh unggal usik. Tétéla, panjara téh taya pangaruhna keur KH Zainal Mustafa mah, henteu mareuman sumangetna, tapi kalah beuki ngagedurkeun tékadna pikeun ngalawan kaom penjajah.

Nepi ka dina ahir Pébruari 1942, KH Zainal Mustafa ditangkep deui ku Pamaréntah Hindia Walanda. Nya di bui di Panjara Ciamis. Jadi, sabenerna mah barontakna KH Zainal Mustafa téh lain Jaman Jepang wungkul. Saméméhna ogé geus anti penjajah. Lamun dina tatabeuhan mah, kajadian di Jaman Jepang téh minangka goongna.

Waktu Jepang asup ka urang, KH Zainal Mustafa téh masih keneh dibui di Panjara Ciamis. Harita ogé aya Kolonél Jepang anu ngolongan ka KH Zainal Mustafa. Heug cenah dibébaskeun ti buina, asal KH Zainal Mustafa daék cekel gawé di Sendenbu, mun ayeuna mah Departemén Penerangan, pikeun ngabantu jeung mingpin propaganda Jepang.

Ari jawaban KH Zainal Mustafa kira-kira kieu, “Ayeuna mah moal wara méré kapastian, lantaran masih kénéh capé. Hayang istirahat heula.” Caritana KH Zainal Mustafa téh dibébaskeun wé. Jepang miharep, KH Zainal Mustafa daék mantuan Jepang dina nyanghareupan Perang Dunya II, anu harita keur ragot-ragotna.

Sadatangna ka lemburna, K.H. Zainal Mustafa kacida dibagéakeunana ku sakumna masarakat. Bubuhan sono téa, lila ninggalkeun lembur. Rahayat datang ti suklakna ti siklukna mapag balikna inohong nu dipikasérab jeung dipikaajrih ku saréréa. Malah anu ti jauhna ogé daratang.

Dina éta kasempetan KH Zainal Mustafa pidato. Eusina, di antarana baé, ngawawadian sangkan rahayat ulah kapangaruhan ku propaganda Jepang jeung anték-antékna. Anjeunna ngécéskeun, yén nagara urang téh kakara ganti anu ngajajah, ti Walanda ka Jepang. Ti penjajah nu hiji ka penjajah nu séjénna.

Hartina, bangsa urang téh can merdéka. Taya alesan pikeun bungah ku robahna kaayaan. Anjeunna umajak sangkan rahayat sabar dina nyanghareupan kaayaan anu teu pasti. “Hayu urang tuturkeun jeung urang saksian babarengan, naon nu baris kajadian engké.” Kitu ceuk anjeunna téh.

Terusna mah KH Zainal Mustafa téh ngajar deui wé di pasantrénna. Neruskeun hanca garapanana ngabina jiwa katut méntal rahayat jeung parapamuda, enggoning ngaronjatkeun rasa cintana kana agama, bangsa, jeung lemah cai. Sikepna anu antipenjajahan, beuki témbrés baé ayeuna mah.

Pamaréntah Jepang terus ngadongsok sangkan KH Zainal Mustafa daék diajak gawé babarengan. Sababaraha kali Jepang ngirimkeun utusan, tapi kabéh ogé taya nu ditedunan. Antukna mah Pamaréntah Jepang téh curiga. Malah KH Zainal Mustafa téh bet kalah beuki ngajauhan baé.

KH Zainal Mustafa henteu panuju kana tindakan Jepang. Bangsa Jepang anu cenah rék ngabébaskeun bangsa Indonésia, dina emprona mah bet sarua ngagalaksakna jeung Walanda. Salila aya dina genggeman Jepang, bangsa urang téh kacida balangsakna.

Kahirupan rahayat harita leuwih balangsak ti Jaman Walanda. Hésé dahareun, lantaran harta bandana digerejud ku Jepang, dipaké bekel perang ku maranéhna. Loba rahayat anu paéh langlayeuseun. Pakéanana ogé henteu mangrupa. Dibaju kadut, kulit kai, atawa karét téh dianggap lumrah Jaman Jepang mah.

Parapamuda anu jagjag waringkas dipaksa jadi tentara. Mun teu kitu dijadikeun romusha. Diarah tanagana bari henteu dibayar, pikeun kapentingan tentara Jepang. Loba anu ngan balik ngaran alatan romusha téh. Pokona mah kahirupan téh kacida susahana Jaman Jepang mah.

KH Zainal Mustafa henteu api lain kana nasib nu karan¬dapan ku bangsana. Terus waé nangtukeun sikep anu tegas. Pamaréntah Jepang henteu kudu dibantuan. Malah leuwih jauh ti kitu, geus nyieun rarancang pikeun ngagempur Jepang. Jepang kudu ingkah ti nagara urang.

Éta rarancang téh dibagi dua bagian. Nyaéta rarancang dangka pondok jeung rarancang dangka panjang. Rarancang dangka pondokna, nyiapkeun méntal rahayat jeung nyusun pasukan. Pasukan anu disiapkeun téh lobana 590 urang. Kaasup pasukan inti anu dipingpin ku Najmudin.

Salian ti eta, nyusun rayon pertahanan anu diwangun ku rahayat di sabudeureun Sukamanah, dipingpin ku Haji Hidayat. Anggota pasukan téh dilatih rupa-rupa kaparigelan perang, silat, malah aya anu dibina pikeun jadi ahli sabotaseu ogé. Pokona mah sakur kaparigelan anu baris loba gunana dina derna perang.

Ari rarancang dangka panjangna Pasantrén Sukamanah kudu milu kana révolusi nasional, nu harita keur disusun ku kekentong pulitik bangsa Indonésia di Jakarta. Ieu rarancang téh nétélakeun yén KH Zainal Mustafa miboga sawangan anu jembar kana pasualan bangsana.

Tétéla, sagala kagiatan KH Zainal Mustafa téh ditalingakeun ku pamaréntah kolonial Jepang. Katambah deuih Jepang téh loba mata-matana ti bangsa urang kénéh. Sagala kagiatan KH Zainal Mustafa di Pasantrén di Sukamanah ditepikeun ka urang Jepang.

Narima éta laporan, parapamingpin Jepang sadar yén naon-naon nu dipilampah ku urang Sukamanah téh bisa ngabahayakeun kana kakawasaan pamaréntah kolonial. Tuluy baé narékahan pikeun ngungkulanana. Taya deui carana, iwal ti kudu nangkep pamingpinna, nyaéta KH Zainal Mustafa.

Sababaraha kali Kempe Tai Tasik¬malaya manggil K.H. Zainal Mustafa, boh ku surat boh ku kurir. Tapi KH Zainal Mustafa henteu miroséa. Henteu diturut. Sababna nyaho, sing saha anu dipanggil ku Jepang, sok terus ngaleungit. Mun teu dibui, nya dihukum pati.

Tayohna mah Jepang téh béak kasabaranana. Terus baé ngirim utusan ka Sukamanah. Maksudna, pikeun nangkep KH Zainal Mustafa. Tangtu bae, KH Zainal Mustafa téh henteu narima. Parautusan maksa. Nya pihak Sukamanah ogé henteu cicingeun. Pasukan pulisi, anggota Keibodan, jeung Camat Tasikmalaya anu jadi utusan Jepang téa, ditingker ku urang Sukamanah. Tuluy disetéling.

Parautusan Jepang téh nyerah wé. Senjatana dirampas ku pihak Sukamanah. Tapi taya koban jiwa. Lantaran sikep pihak Sukamanah anu jelas, embung perang jeung bangsana sorangan. Mémang harita nu jadi utusan Jepang téh kabéh ogé bangsa urang kénéh. Bangsa urang anu kumawula ka Jepang.

Éta kajadian jadi panyundut kana kajadian anu leuwih gedé. Sukamanah dirurug ku pasukan pamaréntah Jepang. Harita téh poé Jumaah. Sanggeus salat Jumaah, aya urang Jepang opatan ngabedega di pakarangan kobong Gunung Béntang. Bari neuteup sombong ka K.H. Zainal Mustafa, ngagupayan kawas ka badégana baé.

KH Zainal Mustafa nyampeurkeun. Dituturkeun ku parasantri jeung rahayat Sukamanah. Pok salasaurang Jepang téh pidato. Eusina nuduh KH Zainal Mustafa geus nyieun kajahatan, lantaran henteu nurut kana paréntah pamaréntah Jepang, sarta geus ngarampas senjata utusan Dai Nippon. Sangkan urang Sukamanah salamet, kudu mulangkeun senjata-senjata anu dirampasna téa, sarta masrahkeun pingpinan Sukamanah.

Ceuk Si Jepang deui, bangsa Indonésia teu meunang aya nu ngalawan ka bangsa Jepang anu kawéntar gagah. Malah, cenah, lamun aya hiji urang Jepang nu dipaéhan di Indonésia atawa di Sukamanah, gantina téh sarébu nyawa bangsa Indonésia. Ngomong kituna téh bari baragagah-bérégégéh, nganggap énténg ka nu aya di dinya.

Kawasna baé Panglima Najmudin geus teu sabar, pok ngajawab teugeug taya karisi, “Heug, kuring saréréa isukan rék indit ka Tasikmalaya, masrahkeun diri jeung senjata rampasan. Tapi sirah Tuan-tuan Nippon anu opat ieu kudu dikubur heula di Sukamanah pikeun gantina!”

Ngadéngé jawaban kitu, Jepang-Jepang téh ngarenjag. Tétéla, urang Sukamanah téh geus teu bisa disingsieunan. Geus lali rabi tégang pati pikeun ngabéla lemah caina. Ngadadak parias Si Jepang teh, nyaho pibahayaeun. Bari geumpeur buru-buru nyabut péstol.

Tapi teu bisa walakaya da dikepung ku urang Sukamanah. Si Jepang dikurubut. Tilu Jepang tiwas sapada harita, saurang deui bisa kabur bari tatu. Manéhna ménta bantuan ka pasukan Jepang, anu mémang harita keur di satengahing perjalanan ka Sukamanah.

Sukamanah saterusna mah dikepung ti tilu jurusan, ti beulah kalér, wétan, jeung kidul. Kabéhanana aya 11 kompi pasukan Jepang anu ngepung téh. Diwangun ku genep kompi pulisi istiméwa ti sakuliah Jawa Barat, dua kompi pulisi, dua kompi Héiho ti luar Jawa, jeung sakompi pasukan istiméwa Jepang: Jadi mangrupa serangan sabatalion lengkep.

Pasukan Jepang geus tepi ka Sukamanah. Pasukan Sukamanah ngagebeg. Lain pédah gimir. Tapi lantaran sadar yén Jepang geus ngagunakeun taktik adu domba. Tétéla, pasukan anu dikirim ku Jepang ka Sukamanah téh, lolobana mah bangsa urang-urang kénéh.

Pihak Sukamanah anu kapapancénan nyegat pasukan Jepang di hareup jadi asa-asa. Sababna, aya paréntah ti KH Zainal Mustafa sangkan nyingkahan silipateni jeung bangsa sorangan. Keur kitu, pasukan Jepang asup ka Sukamanah. Sarta teu tata pasini deui, némbakan pasukan Sukamanah anu lolobana mah ngan mawa pakarang basajan, saperti bedog, bambu runcing, tumbak, jeung batu.

Mimitina mah kawas taya nu ngalawan. Tapi barang pasukan Jepang geus deukeut, jlung-jleng pasukan Sukamanah laluncatan. Der perang, gelut raket adu hareupan. Terus maju teu maliré kana pélor péstol, bedil, jeung mitralieur. Perang ragot antara parapamuda welasan taun sarta rahayat biasa ngalawan pasukan Jepang nu geus biasa perang.

Sanggeus ampir dua jam, pasukan Sukamanah kadéséh, lantaran éléh loba jeung éléh tohaga senjatana. KH Zainal Mustafa katangkep. Rahayatna anu masih kénéh salamet dititah buru-buru kabur. Tapi hésé, lantaran Sukamanah geus dikepung ku pasukan Jepang. Lolobana mah katangkep sarta diborogod ku ranté.

Isukna, pasukan Jepang ngaranjah Sukamanah. Rahayatna ditangkepan, sakur kobong jeung imah diburak-barik. Méh sakabeh anak buah KH Zainal Mustafa katangkep sarta ditahan di Singaparna jeung Tasikmalaya. KH Zainal Mustafa dibui. Mimitina di Tasikmalaya, terus dipindahkeun ka Cipinang. Nepi ka ditibanan hukuman patina, tanggal 25 Oktober 1944.

(Budi Rahayu Tamsyah/tina sawatara sumber)