Tampilkan postingan dengan label Dongeng. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Dongeng. Tampilkan semua postingan

Jumat, 11 Juli 2008

PUTRI AJAG

Maharaja Nagara Girimandala wawangina Sang Prabu Jayéngbuana. Kakoncara ratu adil wijaksana, towéksa ngolah nagara, welas asih ka rahayat. Ku kituna nagara téh subur ma’mur gemah ripah loh jinawi, sepi paling towong rampog.

Kilang kitu, manah Sang Prabu teu weléh ngungun, réh can pareng kagungan putra, nu baris neraskeun jadi raja mun jaga mantenna dipundut ku Nu Kagungan. Salirana beuki orot, da teu raos tuang teu raos kulem.

Sang Patih Guriang Maréndra ngaraos honcéwang manahna.

“Gusti,” piunjuk Patih, “Naon anu jadi marga nu mawi Gusti bangun ngangluh?”

“Paman Patih,” dawuh Sang Raja, “Kula susah teu boga anak. Saha anu baris nuluykeun ngolah nagara?”

“Neda widi badé ngempelkeun dukun-dukun anu wacis, manawi sareng manawi tiasa masihan pituah,” piunjuk Sang Patih.

Dukun-dukun dikelun, teu kurang ti opat puluh, hémpak di balé sawala, ngadareluk mapatkeun ajian sabisana-sabisana bari ngarukus saparukuyan séwang. Nepi ka angkeub balé sawala téh ku haseup menyan.

Parukuyan geus pareum, ajian geus parat, paradukun téh marenekung, neda pituduh paralelembut. Rérés éta tuluy baradami.

“Kaulanun Mahapatih Guriang Maréndra,” cék Paing Guringsang, dukun nu pangsepuhna. “Sang Praméswari sina ngaleueut lahang tina sadapan Dampu Pamatang.”

“Baruk sadapan Dampu Pamatang? Da Dampu Pamatang mah lain tukang nyadap!”

“Mung sakitu wangsit nu katampi ku tuang kuring,” cék Paing Guringsang.

Sanggeus dibadamikeun ku Patih jeung paraponggawa karaton, moal salah cenah nu disebut lahang téh getih ajag, da Dampu Pamatang téh gawéna tukang moro ajag.

Enya waé, sanggeus ngaleueut getih ajag, Sang Pramés-wari bobot. Heuleut salapan sasih babar, putrana istri, geulisna kawanti-wanti. Pohara bingahna Sang Prabu Jayéngbuana téh. Sang Putri dipaparin jenengan Éndang Purnama Gilang Manik. Pésta sanagara, opat puluh poé opat puluh peuting.

Beuki ageung beuki kaciri, Sang Putri téh ngala ka ramana. Soméah lemah lembut, welas asih ka rahayat. Atuh rahayat téh kacida wedi asihna ka Sang Putri.

Tapi sanggeus nindak rumaja, putri anu sakitu geulisna jeung lemah-lembut téh sok rajeun kaancikan adat ajag. Sataun sakali dina malem purnama bulan Sadacandra tara kaampeuh hoyong ngaleueut getih manusa.

Mun geus timbul kapalayna kitu téh kukuna ngadak-ngadak manjangan sareukeut, bijil sihung kénca-katuhu cara sihung maung. Kelenyep angkat rerencepan ti karaton, muru lembur anu singkur, megat nu mulan sorangan. Auuung … auuung, sorana sada ajag babaung, matak kukurayeun kadéngéna téh.

Lar nu liwat, gabrug dirontok, dicekék, urat beuheungna digadil ku sihungna nepi ka pegat. Burial getihna, tuluy dikenyot sawaregna. Geus kitu mah teu sakara-kara, balik deui ka asal sasari, nya geulis nya lemah lembut. Isukna guyur aya jelema paéh ditekuk ajag. Taya nu terang, yén Sang Putri nu boga gawé.

Kitu jeung kitu waé unggal taun.

Sakali mangsa, nya kitu deuih meneran malem purnama bulan Sadacandra, timbul deui sipat ajagna téh. Kelenyep deui rerencepan minggat ti karaton. Bras ka ditu, bras ka dieu, weléh teu mendak pimangsaeun. Angkatna kalunta-lunta bari babaung sapanjang jalan.

Srog ka sisi Talaga Sagarasuta, kaangseu bau manusa. Sihoréng Nyai Éndang Sawati keur mulan jeung tunanganana, Luang Sungsang, putra Adipati Wadasguntur. Aranjeunna téh rék nikah sabulan deui.

Kacida ngararénjagna ngadéngé sora ajag babaung téh.... Barang ngalieuk sihoréng Putri Ajag geus deukeut pisan. Kakara waé rék ngejat, Luang Sungsang kaburu dirontok, dicekék tuluy dikenyot getihna. Nyai Éndang Sawati kapiuhan ningali tunanganana dikitu téh.

Éling-éling wanci janari. Mayit Luang Sungsang dirangkulan bari ditangisan, dipangku, dicandak ka Guha Si Kalapeteng. Teras tapa di dinyana téh bari ngalahun mayit tunanganana.

Heuleut tilu taun rayat Girimandala suka bungah, ngadéngé béja Putri Éndang Purnama Gilang Manik rék diréndéngankeun jeung Sangiang Marajasima, putra Maharaja Gugursamida. Sanagara tatan-tatan sasadiaan keur jajap pangantén, da dipéstakeunana rék di ditu di Gugursamida, di nagara pangantén pameget.

Dina waktuna sanagara tungkeb, ngaleut ngeungkeuy milu jajap. Sang Putri dicalikkeun dina karéta kancana, ditarik ku ajag saratus. Sang Prabu Jayéngbuana tunggang munding bulé pusaka nagara. Tatabeuhan ngageder asa kaindit.

Di wates nagara dipapag ku aleutan pribumi. Sangiang Marajasima tunggang karéta kancana, ditarik ku naga sapa-sang.

Sumping ka karaton dipéstakeun, sagala kamonésan dipintonkeun. Rayat ti dua nagara patarik-tarik surak. Nu pangtarikna, panggedéna susuguhna.

Sapoé ..., dua poé ..., tilu poé ... réa nu geus béak sora. Semet calangap bisi pajarkeun teu kumawula. Tapi pangantén can kénéh waé ditikahkeun.

“Iraha atuh, euy, ditikahkeunana Sang Putri téh? Uing geus teu kaduga surak,” cék saurang ka baturna, sorana ngahéos.

Baturna semet agep-agepan sungutna minangka némbal-anana téh, taya soraan.

“Ngadagoan Punduh Agung,” ceuk nu séjén.

Keur kitu, ari gelebug téh angin gedé kabina-bina, ngaguruh nebak dangdaunan. Kalakay rabeng kahiberkeun. Tatangkalan tinglalenoy siga rék rungkad. Jelema nu ratusan réwu téh ngadadak jempé, reuwas taya hinggana saumur dumelah kakara ngalaman aya angin kabina-bina teuing. Tatabeuhan jempé, nu surak jempé ..., jempé sakuliahna lir di kuburan.

Angin reureuh, galindeng aya sora, sada sora awéwé, halimpu angin-anginan. Sada di luhur di awang-awang, sada di handap di jero taneuh, sada di tukang sada di hareup, tungtungna sada di sakuliahna.

“Éndang Purnama Gilang Manik .... Kami datang rék mulangkeun kanyeri .... Mangtaun-taun kami hujan cimata nyeungceurikan panutan nu dimangsa ku andika …. Ayeuna andika nyeungceurikan dosa nepi ka poé bungsuna ….”

Kabéh jelema hareugeueun, reuwas, ketir ngadéngé sora gaib kitu téh. Keur kitu téh harémpoy aya putri asup ka Balé Agung, geulisna kawanti-wanti, éndah taya papadana. Saeusi Balé Agung olohok mata simeuteun.

Sihoréng Éndang Sawati anu sumping téh. Soca Éndang Purnama Gilang Manik ngadadak giras, kukuna manjangan, sihungna barijil, ngajanggélék deui jadi Putri Ajag. Teu, teu tiasa kukumaha, kakara dikebut gé ku karémbong Éndang Sawati geus ngarumpuyuk mantén. Korondang, korondang kaluar ti Balé Agung.

Éndang Sawati ditikahkeun ka Sangiang Marajasima, ngagentosan Putri Ajag.

Éndang Purnama Gilang Manik angkat kalunta-lunta, srog ka leuweung, mendak tangkal gorda korowok gedé, sup waéh asup, ngadon nangis bari ngadagoan datangna poé nu bungsu.

Nepi ka ayeuna, mun aya angin sok kadéngé sada anjeunna nangis ngarenghik.

(Karangan Ahmad Bakri, dicutat tina Manglé Alit No. 220.)

PUTRI LEUWEUNG LARANGAN

Jaman baheula pisan aya hiji raja gedé, beunghar tur punjul ti raja-raja lian sarta kamashurkeun adil jeung pinter. Tapi sakitu beungharna jeung agungna téh, anjeunna teu acan sugema waé manahna, duméh teu acan kagungan putra, anu baris ngagentos jadi raja.

Hiji mangsa, anjeunna nimbalan Patih ngadamel saém-bara, saha-saha anu bisa ngalandongan Raja sareng Pramés-wari, nepi ka kagungan putra, bakal diganjar duit salaksa dinar jeung imah katut pakaranganana.

Dukun lepus paraji sakti, datang ti mana ti mendi, ngabrul milu saémbara. Tapi hiji ogé taya nu hasil. Dukun teu metu, paraji teu matih, Pandita teu mental, Kangjeng Raja angger teu aya totondénna baris kagungan putra.

Kangjeng Raja ngaraos kalangkung bingungna. Teras baé atuh neneda ka Nu Maha Suci, nangis ngagukguk nyuhunkeun putra anu utama baris pigentoseun ngeréh nagara. Tina ce-ngengna paneda, dina hiji wengi anjeunna ngadangu sora tan katingal, pokna, “Paménta manéh ku Nu Maha Suci bakal dikabul, tapi henteu aya bagja boga anak lalaki, ngan dibéré hiji anak awéwé.”

Henteu sabaraha lilana ti harita Praméswari kagungan putra istri, mulus taya kuciwana, sarta dinamian Putri Éndang Mayang.

Kabingahan Kangjeng Raja taya papadana, malah poéan Putri diparasan, Raja ngayakeun pésta, lilana tujuh poé tujuh peuting, sarta ngulem sakabéh pohaci papayung éta nagara.

Dina waktuna kabéh parapangagung nagara kaasup parapohaci, sumping ngaluuhan kana upacara diparasanana Putri. Ngan aya saurang anu henteu kaulem téh nya éta Nyi Rara Demit anu ngageugeuh hulu dayeuh. Duka kumaha, dumadakan lat baé Kangjeng Raja téh teu émut.

Sanajan teu kaulem, Nyi Rara Demit angger sumping kana upacara parasan Putri. Maksudna taya lian ti arék mulangkeun katugenah ka Kangjeng Raja, pédah asa teu dihargaan, ku cara nyupata Putri dina waktu ngadunga sabada neukteuk buuk orok. Ngan niat Nyi Rara Demit téh kabadé ku salasaurang pohaci, anu kamashurkeun luhur élmuna nyaéta Pohaci Wiru Mananggay. Énggal baé Pohaci Wiru Mananggay téh nyumput dina bokor anu dieusi cai pikeun ngabaseuhan embun-embunan orok anu diparasan téa.

Dina waktuna diparasan, sadayana pohaci ngadungakeun sangkan Nyi Putri jadi istri anu panggeulisna sarta pangdipika-asihna ku saréréa. Na ari palebah giliran Nyi Rara Demit, pokna téh, “Ieu orok patina aya dina kincir tinun; engké lamun geus sawawa, dina sumedeng rumaja putri, bakal raheut leungeun-na ku kincir sarta éta raheut moal beunang diubaran, sabab nya éta anu ngalantarankeun patina.”

Kabéh tatamu anu ngadarangu karagéteun, komo paraistri mah réa anu patinghareruk, tina teu nyangka Nyi Rara Demit bakal nyupataan kitu.

Kangjeng Raja teu iasa sasauran, pameunteuna pias awahing keu reuwas. Komo Praméswari mah, geus lain caturkeuneun deui, nepi ka les baé kapiuhan.

Teu lila, jol Pohaci Wiru Mananggay anu nyumput dina jero bokor téa kaluar sarta nyaur bedas, “Sadayana ulah reuwas, ulah rémpan, kaula anu can nétéskeun cirasa ka ieu orok. Ieu cirasa kapaliasan, watekna panyinglar sagala bahya; tapi tina matihna supata Nyi Rara Demit, pati Nyi Putri téa teu bisa disinglar, ngan bisa digantian ku saré lilana saratus taun. Jadi, di mana Nyi Putri raheut ku kincir, moal tulus pupus, ngan kapiuhan baé, tuluy saré tibra saratus taun lilana; lamun geus jangkep baris digeuingkeun ku putra raja anu kasép tur pinter taya tandingna.”

Ngadangu cariosan Pohaci Wiru Mananggay, Kangjeng Raja katut sadayana anu hadir ngaros lejar deui manahna.

Kacarioskeun sanggeus tujuh welas taun lilana, Kangjeng Raja sareng Praméswari langkung-langkung bingah manahna, duméh Agan Putri mulus taya pisan ririwitna, tur geulis dibéakkeun ku sorangan, éstu taya cawadeunana. Keur geulis téh soméah jeung hadé basa, teu cegikan teu cedihan, berbudi rajin binangkit. Ah, pokona mah putri mustikaning putri, Éndang Mayang téh.

Dina hiji mangsa, Agan Putri ngersakeun jalan-jalan ka luar karaton, diiring ku paraemban. Barang anjog ka hareupeun imah leutik camperenik, Agan Putri ngarasa panasaran kana sora anu kakara kadangu ku anjeunna. Sabada pupuntenan, sup ka jero imah, kasampak aya nini-nini anu keur muterkeun kincir.

Agan Putri teu ngiceup-ngiceup ningali kana kincir, anu ceuk anjeunna mah barang ahéng, da kakara ningali téa.

“Eukeur naon, Nini?” ceuk Agan Putri.

“Eukeur ngincir, Eulis, ngagolongan benang tinuneun!”

“Cing, abdi ngajaran ngincir, meunang teu NIni?”

“Mangga baé, Eulis!” ceuk nini-nini bari ngised diukna saeutik. Gék Agan Putri calik gigireun nini-nini téa. Ceg nyepeng kana gagang kincir. Kakara pisan muterkeun saputeran, ces panangan Agan Putri katojos ku sisi kincir anu geus rogok, kawantu kincir geus butut; rumpuyuk baé kapiuhan.

Nini-nini jeung paraemban pahibut bari tulung-tulungan. Teu lami Kangjeng Raja sareng Praméswari sumping. Barang Kangjeng Raja ningali pameunteu Agan Putri, tétéla lain kapiuhan, tapi kulem tibra pisan. Ras anjeunna émut kana supata Nyi Rara Demit, ti dinya pok sasauran, “Ayeuna mah leuwih hadé ieu Putri bawa baé ka karaton, ulah diceungceurikan, sabab geus nepi kana jangjina keuna ku supata Nyi Rara Demit; Nyi Putri lain kapiuhan, tapi keur kulem tibra.”

Agan Putri énggal baé atuh dicandak ka karaton, dipernahkeun di kamar beunang mapaésan, simbutna sutra déwangga, anggoanana digentos ku nu saraé, sarta dikemitan ku emban-emban.

Teu lami sumping Pohaci Wiru Mananggay anu sakti téa. Barang bréh ningali Putri, Pohaci ngahuleng sakeudeung ngawatek ajianana. Teu lami pok sasauran, “Engké lamun geus jangkep saratus taun, Nyi Putri bakal gugah. Ngan supados henteu bingungeun dina waktosna gugah, kudu aya nu ngawulaan anu geus wawuh. Anu matak sakabéh pangeusi nagara, iwal Kangjeng Raja jeung Praméswari, ku kula arék disirep supaya sararé saratus taun lilana. Kitu deui jeung karaton katut sakabéh eusina. Tah, ayeuna mah Kangjeng Raja sareng Praméswari, geura angkat baé ti dieu, geura ngababakan ngadamel nagara anyar di tempat séjén.”

Pohaci Wiru Mananggay ngawatek sirepna, sakabéh pangeusi nagara sararé harita kénéh. Iwal ti Kangjeng Raja sareng Praméswari. Duanana nurut kana omongan Pohaci Wiru Mananggay, lunta ngantunkeun nagara. Ari karaton anu ditinggalkeunana, harita kénéh ku Pohaci anu sakti téh dipager ku tutuwuhan anu kacida galedéna, nepi ka teu katingali aya karaton di jerona. Nya ahirna mah nelah baé jadi Leuweung Larangan.

Kacaritakeun sanggeus sababaraha puluh taun, éta tempat téh jadi tempat pamoroan, sampalan badak jeung uncal, malah éta tanah patilasan nagara téh geus kaeréh ku hiji raja gedé. Éta raja kagungan putra hiji pameget, teuing ku kasép, satingkah-saparipolahna matak pikayungyuneun baé, jenenganana Pangéran Lingga Wisésa. Ari karesepna kana moro; beunang disebut taya dungus nu kalarung, taya sampalan nu kaliwat. Ari mulih ti pamoroan téh tara teu beubeunangan, kudu baé nyandak banténg atawa uncal.

Dina hiji poé, morona anjog ka Leuweung Larangan téa. Teu ku hanteu atuh, harita mah morona téh teu beubeunangan pisan. Tuluy baé timbul karepna hayang asup ka jero Leuweung Larangan. Tapi sakabéh pangiringna taya nu wanieun milu, lantaran éta leuweung téh loba kacaturkeunana. Leuweung anu kacida angkerna, dijaga ku dedemit jeung siluman-silemin.

Mulih ka karaton, sawewengi Pangéran Anom henteu kersa kulem, panasaran ku Leuweung Larangan. Sanggeus asak dimanahan, isukna Pangéran Lingga Wisésa nganggo anggoan kaperjuritan; nyungkelang pedang pusaka. Sanggeus tarapti, jut lungsur ti kaputran, clak tumpak kuda, Si Barong, ulesna dawuk ruyung, kuda anu geus biasa dibawa ka pangperangan.

Gancangna kuda digitik, derengdeng lumpat sataker tanaga. Jog baé ka sisi Leuweung Larangan. Pangéran Anom ngawatek ajianana, teu sakara-kara leuweung téh kawas nu muka, méré jalan ka Sang Pangéran.

Pangéran Anom tuluy lebet ka Leuweung Larangan; bréh baé aya karaton kacida agréngna. Di palebah lawang sakéténgna aya dua welas perjurit anu ngajaraga, nyorén pedang nyekel tumbak. Tapi kabéh sararé. Malah komandanna mah, anu berengos, nyarandé kana pilar bari nulak cangkéng, ari panonna peureum, kérékna sugar-segor.

Pangéran Anom lebet ka jero karaton. Ti palebah kamar anu pantona nutup, papaésna béda ti nu séjén sarta leuwih éndah jeung leuwih hurung-hérang, anjeunna ngarandeg. Lalaunan pantona dibukakeun. Ari bray téh muka, Pangéran Anom olohok sajongjongan. Éta kamar eusina istri wungkul, lolobana mah kawasna bangsa emban, sararé ngurilingan hiji pajuaran anu alus kabina-bina.

Pangéran Anom haténa ratug tutunggulan. Tuluy angkat lalaunan nyaketan pajuaran. Bréh katingal aya istri anu kacida geulisna, kulem tibra. Haté Pangéran beuki ratug baé, aya rasa suka pacampur jeung risi. Sukana asa mendakan istri anu salami ieu dianggo panyileukan, ari risina sieun ditampik ku nu geulis tanding pohaci.

Beuki diteuteup ditelek-telek, beuki ngaraos lalanjung baé. Tina bakating ku bogoh ka Agan Putri, tapi sieun ditampik, rumpuyuk baé kapiuhan sarta nyuuh kana sisi pajuaran. Pananganna anu katuhu nyampay kana panangan Agan Putri.

Teu lami hiliwir angin panghurip nebak ka jero puri ku kawasana Pohaci Wiru Mananggay. Sakur anu katebak, patingkulisik nyararing tina saréna. Manahoréng geus datang kana mangsana, béak supata Nyi Rara Demit.

Kulisik Agan Putri gugah. Ari bréh téh ningali ka beulah katuhu, aya pameget keur nyuuh kana sisi kasur, pananganana nyampay kana panangan anjeunna. Agan Putri henteu geruh, da tos diwartosan ku Pohaci Wiru Mananggay dina impénan. Éta pameget téh raja-putra anu baris jadi carogéna.

Kulisik Pangéran Anom lilir. Teup paadu teuteup. Duanana ngaraos kajamparing asih, kapentang panah katresna.

(Diropéa tina Poetri Leuweung Larangan, Drewes)

Selasa, 08 Juli 2008

SI SABEULAH

Nu hiji lembur di sisi gunung,
anu katelah Lembur Badungkuk,
aya hiji jelema anu kacida anéhna.
Budak lalaki keur meujeuhna beleksenteng.
Anu matak disebut anéh téh,
ku lantaran awakna ngan sabeulah.
Anu matak disebutna ogé Si Sabeulah baé.
Teu nyarahoeun kana ngaran sabenerna mah.

Ti barang lahir awakna sabeulah téh.
Kabéhanana beulah katuhu wungkul,
saperti anu meunang meulah dua baé.
Sirahna, ceulina, panonna, irungna,
sungutna, beuheungna ogé ngan sabeulah.
Dadana, beuteungna, bujurna,
kitu deui leungeun jeung sukuna,
ngan sabeulah-sebeulah deuih.
Tapi hirupna mulus taya kuciwana.

Si Sabeulah hirup jeung indungna,
da bapana mah geus maot.
Sanggeus Si Sabeulah sawawa,
mindeng nanyakeun ka indungna,
naon sababna manéhna mah boga awak,
anu henteu parok jeung batur?
Indungna henteu bisa ngajawab,
da mémang henteu nyaho pijawabeunana.
Manéhna ngan ukur bisa ngalimba,
ngarasa sedih nénjo kaayaan anakna.

Si Sabeulah terus nanya ka indungna.
Antukna indungna ngajawab,
“Ujang mah geus kersaning Pangéran baé,
geus kitu dikersakeunana meureun.”
Si Sabeulah henteu sugema ngadéngé
jabawan indungna kitu téh.
“Lamun enya kitu mah
kuring kudu nanyakeun ka Pangéran
bari sakalian ménta kaadilanana,
kuring hayang boga awak anu beleger.”

Tuluy atuh Si Sabeulah téh nanya deui,
“Ari Pangéran téh kumaha rupana?
Jeung di mana deuih ayana, Ema?”
Indung Si Sabeulah ngajawab satimu-timu.
Pangéran téh cenah anu pangkawasana,
ari kana rupana mah taya nu nyahoeun.
Kitu deui tempatna, sanajan ngan hiji,
Pangéran mah henteu dua henteu tilu,
tapi bisa aya di mana-mana.

Ngadéngé jawaban indungna kitu,
Si Sabeulah jadi tambah panasaran baé.
Tuluy bébéja ka indungna,
yén manéhna arék indit néangan Pangéran.
Manéhna jangji moal wara balik ka lemburna,
lamun tacan tepung jeung Pangéran,
sarta awakna beleger sakumaha jalma anu lian.
Tadina mah indungna teu mikeun.
Ngan ku lantaran Si Sabeulah keukeuh baé,
ahirna mah indungna téh ngidinan ogé.

Isukna, isuk-isuk pisan Si Sabeulah geus indit.
Maké baju weuteuh, baju anu ngan sabeulah.
Mawa bebekelan disoréndang kana koja.
Ari leumpangna aclog-aclogan,
kawantu sukuna ngan sabeulah téa.
Leumpangna terus maju ka wétan,
ari anu dijadikeun patokanana,
nyaéta tempat medalna panonpoé.
Da ceuk pikiranana ari leumpang téh
kudu aya patokanana ambéh henteu sasab.

Sainditna Si Sabeulah néangan Pangéran,
indungna henteu kendat-kendat ngadoa.
Ngadoakeun kalawan haté anu ihlas,
sangkan anakna anu batan sakitu warugana,
aya dina panangtayungan Mantenna.
Salamet di perjalanan salamet nepi ka tujuan.
Sarta bisa ngahontal anu diangen-angenna.
“Gusti, mugi Anjeun kersa maparin pitulung
ka pun anak,” kitu gerentesna beurang-peuting.
Utamana mah sabada solat anu lima waktu.

Si Sabeulah terus leumpang mileuweungan,
mipir-mipir pasir mapay-mapay jungkrang.
Bajuna geus saroék teu mangrupa,
saroék balas tikakarait jeung dekil deuih.
Lamun tipeuting, saréna dina batu lémpar
atawa néangan cadas ngampar anu luhur.
Tara saré dina dahan, da teu bisaeun naék.
Daharna sakapanggih-panggih di leuweung,
bongborosan, beubeutian, atawa bungbuahan,
anu sakirana bisa kahontal ku manéhna.

Sanggeus sababaraha poé lumampah,
Si Sabeulah can bisa papanggih jeung Pangéran.
Tuluy baé atuh mujasmédi dina batu lémpar.
Pikiranana ngalayang natanyakeun Pangéran.
Di mana atuh ayana Pangéran téh?
Ceuk indungna, Pangéran téh anu pangkawasana.
Naon atuh anu pangkawasana di alam dunya?
Bréh manéhna ningali panonpoé.
Lah, meureun itu Pangéran téh panonpoé.

Moal salah deui, ceuk Sabeulah na jero haténa.
Panonpoé nu pangkawasana di alam dunya téh.
Sakur mahluk anu hirup mikabutuh panonpoé.
Tong boroning jelema, tatangkalan gé butuh.
Buktina baé tatangkalan di leuweung,
katémbong pisan bédana téh,
anu katojo ku panonpoé jeung anu henteu.
Anu teu katojo ku panonpoé mah,
katémbongna téh keri kawas nu gering.

Sanggeus boga pikiran kitu,
Si Sabeulah sujud kana panonpoé,
bari pok ngomong, “Nun Pangéran
anu pangkawasana di alam dunya,
mugia kersa maparin pitulung ka abdi.”
Panonpoé némbalan, pokna,
“Hé manusa, kuring mah lain Pangéran,
sabab aya anu leuwih kawasa ti kuring,
nyaéta méga anu ngadingding di langit.
Cahaya kuring teu kawasa nembus manéhna.”

Si Sabeulah pindah deui sujudna,
nyanghareup kana méga, pok ngomong,
“Nun Pangéran anu pangkawasana,
mugia kersa maparin pitulung ka abdi.”
Méga anu ngadingding némbalan, pokna,
“Hé manusa, kuring mah lain Pangéran,
sabab kakuatan kuring henteu sabaraha,
upama dibandingkeun jeung gunung mah.
Tah, anu pangkawasana mah gunung.”

Si Sabeulah cengkat, tuluy sujud deui.
Ayeuna mah nyanghareupna ka gunung.
Pok ngomong ménta tulung ka gunung.
Gunung anu ngajegir némbalan, pokna,
“Hé manusa, kuring mah lain Pangéran,
sabab kuring henteu bisa walakaya,
upama taneuh kuring dikorowot ku landak.
Tah, landak anu leuwih kawasa ti kuring mah.”

Si Sabeulah cengkat, tuluy néangan landak.
Henteu lila, kapanggih aya landak
keur kukurumuyan dina rungkun saliara.
Pok Si Sabeulah ménta pitulung saperti tadi.
Landak némbalan, pokna téh,
“Hé manusa, kuring mah lain Pangéran,
sabab kuring ogé sieun ku Sakadang Anjing.
Kuring teu bisa nanaon mun diporo ku manéhna.
Tuh, ka Sakadang Anjing rék ménta tulung mah.”

Si Sabeulah indit deui, néangan anjing.
Di sisi leuweung aya anjing nu keur saré.
Anjing anu dititah ngajaga huma.
Pok Si Sabeulah ménta pitulung ka anjing.
Sakadang Anjing némbalan, pokna téh,
“Hé manusa, kuring mah lain Pangéran,
sabab aya anu leuwih pinter ti kuring,
nyaéta manusa anu jadi dunungan kuring.
Tuh, ka manusa rék ménta pitulung mah.”

Si Sabeulah indit deui ka pilemburan.
Da cenah manusa mah ayana di pilemburan.
Teu lila panggih jeung patani nu keur macul.
Pok Si Sabeulah ngomong deui cara tadi.
Patani téa némbalan, pokna téh,
“Pangéran mah leuwih kawasa ti manusa,
ti sakur mahluk nu kumelip di alam dunya.
Pangéran Anu Mahakawasa mah ngan hiji.
Henteu dua, henteu tilu, komo loba mah.
Tapi Pangéran aya di mana-mana.”

Ngadéngé omongan patani kitu,
Si Sabeulah ngarénjag kagét,
bet taya bédana jeung omongan
anu dikedalkeun ku indungna.
“Ayeuna Ujang rék ka mana?” patani nanya.
“Ah, rék nuluykeun deui néangan Pangéran,
sugan baé diparengkeun papanggih,” témbalna.
“Jung, Ujang didungakeun ku Emang,
sing bisa papanggih jeung Anjeunna,
da katénjona Ujang mah keyeng pisan.”

Si Sabeulah neruskeun deui lalampahanana.
Dina hiji waktu, manéhna ningali Haji.
Éta Haji gawéna ngan ibadah baé,
solatna dina batu lémpar sisi walungan.
Sanggeus solat tuluy dikir ngucel tasbéh.
Réngsé dikir cong solat deui,
meunang sababaraha belas rokaat.
Tuluy dikir deui, kitu jeung kitu baé.
Ku Si Sabeulah disampeurkeun.

Barang ningali Si Sabeulah, pok Haji nanya,
“Ujang téh saha, ti mana, jeung rék ka mana?”
Témbal Si Sabeulah, “Ngaran mah Si Sabeulah.
Ari asal ti Lembur Badungkuk di sisi gunung.
Kuring téh puguh keur néangan Pangéran.”
“Atuh kabeneran Ujang,” ceuk éta Haji.
“Lamun engké patepang sareng Anjeunna,
pangnanyakeun ku Ujang ka Anjeunna,
sabaraha héktar sawarga jeung widadari
anu dicawiskeun pikeun kuring.”

Si Sabeulah nyanggupan, terus indit deui.
Di hiji tempat, panggih deui jeung jelema.
Éta jelema téh gawéna ngan ceurik
bari neneda ampun ka Pangéran.
Ku Si Sabeulah disampeurkeun, pok ditanya,
“Ku naon Emang téh kawas nu kanyenyerian?”
Témbalna, “Ujang, Emang téh jalma doraka,
Emang téh tukang bégal tukang rampog,
ayeuna Emang tobat, hayang babalik pikir.”

“Ari Ujang saha, ti mana, jeung rék ka mana?”
“Ngaran kuring Si Sabeulah,” témbal Si Sabeulah.
Asal mah ti Lembur Badungkuk di sisi gunung.
Kuring lunta lantaran keur néangan Pangéran.”
“Atuh kabeneran Ujang,” ceuk urut rampog téh.
“Upama Ujang tepang sareng Anjeunna,
pangnanyakeun, naha tobat Emang ditampi?
Upami téa mah teu ditampi, Emang mah rido,
Emang pasrah najan kudu asup ka naraka ogé.
Sabab Emang rumasa jalma lamokot ku dosa.”

Si Sabeulah neruskeun deui lalampahanana.
Barang nepi ka hiji tempat,
manéhna ningali tilu balong ngajajar.
Balong anu sisi pada sisi caina pinuh.
Ari balong anu aya di tengah mah caina saat.
Kitu deui jeung laukna.
Lauk dina balong anu aya di sisi mah
réa rupana jeung baradag deuih.
Ari lauk anu aya dina balong nu tengah mah,
keur saeutik téh katénjona laleutik deuih.

Henteu kungsi lila aya kajadian ahéng.
Lauk-lauk anu aya di balong nu sisi,
laluncatan ngaliwatan balong nu tengah.
Ti balong sisi kénca ka balong sisi katuhu.
Kitu deui balikna, ti nu katuhu ka nu kénca.
Ari balong anu di tengah mah diliwat baé.
Dina ayana ogé hiji dua lauk anu ragrag,
kana balong nu tengah téa.
Sok buru-buru luncat kana balong nu sisi.

Si Sabeulah kacida héranna nénjo éta kajadian.
Tapi henteu kapapanjangan,
buru-buru indit deui ti dinya.
Jog baé ka kebon awi anu kacida legana.
Katémbong aya jelema anu keur nuaran awi.
Késang luut-léét dina sakujur awakna.
Lamun awi anu hiji geus rubuh,
pindah deui nuar awi anu séjénna.
Kebon awi téh méh béak satengahna dituaran.
Awi meunang nuar patulayah di mana-mana.

Si Sabeulah nyampeurkeun ka éta jelema.
Pok ditanya maksudna nuaran awi.
Anu ditanya ngajawabna bari ambek,
“Naha manéh maké tunyu-tanya teuing?
Teu nyaho aing téh keur digawé?
Aing digawé unggal poé taya reureuhna,
sangkan aing katénjo loba pagawéan!”
“Enya, keur naon nuaran awi sakitu lobana?”
Tibatan ngajawab mah éta jelema téh
kalah ambék bari ngusir ka Si Sabeulah.

Si Sabeulah indit ti dinya bari hémeng.
Ceuk pikirna, aya jelema ku anéh-anéh teuing.
Si Sabeulah neruskeun deui lalampahanana.
Mapay-mapay leuweung geledegan.
Anjog kana hiji pasir, ngadon reureuh di dinya.
Nyarandé kana tangkal kiara anu gedé.
Téténjoan plung-plong matak waas.
Katebak angin ngahiliwir, aya ku nimat.
Manéhna tangka lelenggutan, tunduh.

Keur kitu, kadéngé sora tan katingal,
datangna kadéngé ti madhab papat.
“Hé Sabeulah, rék aya naon manéh
hayang papanggih jeung Kami?”
Si Sabeulah ngarénjag, tuluy sujud ta’dim.
Pok ngomong, “Anjeun nu langkung uninga,
margi abdi yakin Anjeun Anu Mahakawasa.”
“Kahayang manéh boga awak anu beleger,
heug ku Kami baris ditedunan.”

Ngadéngé kitu, Si Sabeulah kacida bungahna.
Nyembah acong-acongan bari nyebut nuhun.
“Nuhun Gusti, nuhun, Gusti Nu Mahaadil,
sareng Gusti Nu Mahakawasa di sakuliah alam.”
Ras manéhna inget kana papanggihanana,
salila manéhna lumampah néangan Pangéran.
“Mung sateuacan abdi wangsul,
abdi téh seueur anu badé ditaroskeun,
Mugia Anjeun kersa maparin terbuka ka abdi.”
“Pok geura caritakeun kapanasaran manéh téh.”

Barabat atuh Si Sabeulah nyaritakeun
papanggihanana salila manéhna di perjalanan.
Mimiti anu dicaritakeun téh soal balong téa.
“Éta téh naon maksadna?” ceuk Si Sabeulah.
Sora tan katingalan ngajawab,
“Éta téh siloka lakuning hirup jelema.
Jelema anu beunghar sok silihbéréan
jeung jelema anu beunghar deui.
Anu sangsara mah sok diliwat baé.”

30. Sanggeus jempé sajongjongan,
kadéngé deui sora nu tan katingalian,
“Éta ogé nyilokakeun anu pinter
silihsimbeuh pangarti jeung nu pinter deui.
Ari anu bodo mah tara ditari-ditakon.
Anu matak anu beunghar beuki beunghar,
anu miskin beuki tambah-tambah malaratna.
Anu pinter beuki nambahan pinterna,
ari nu bodo angger dina kabodoanana.”

Ti dinya Si Sabeulah nanyakeun kalakuan
jalma anu hantem nuaran awi.
“Éta téh jalma anu hayang katénjo loba gawé,
bari jeung henteu nyaho tujuanana.
Anu kitu disebutna pagawéan mubadir.
Sakur pagawéan anu dilakonan téh,
kudu puguh niatna jeung tujuanana.
Anu pangalus-alusna pagawéan,
nyaéta anu niatna pikeun ibadah.”

Si Sabeulah inget kana amanat Haji téa,
Haji anu terus-terusan solat jeung dikir.
“Pangapunten Gusti, sanés badé kumalancang,
abdi téh badé ngadugikeun amanat ti Haji,
anu teu weléh solat sareng dikir.
Saurna téh, sabaraha héktar sawarga
sareng sabaraha puluh widadari,
anu dicawiskeun kanggo anjeunna
di ahérat engké?” ceuk Si Sabeulah.

“Pitempateun keur manéhna mah lain surga,
tapi naraka jahanam,” ceuk sora tan katingalan.
“Éta jalma ibadah beurang peutingna téh,
malah geus bisa munggah haji sagala,
dibarung ku ujub, ria, jeung takabur.
Henteu bener-bener ihlas niat ibadah ka Kami.
Anu kitu téh kaasup golongan jalma munapék.”
Ti dinya atuh Si Sabeulah ditémbongan
naraka jahanam pieusieun Haji téa di ahérat.
Si Sabeulah bibirigidigan bakating ku sieun.

Sanggeus kitu, Si Sabeulah nepikeun amanat
rampog gerot anu tobat bari ceurik balilihan.
Méméh aya jawaban ti sora tan katingalan,
Si Sabeulah ditémbongan hiji patempatan.
Patempatan anu kacida éndahna,
éndah kabina-bina taya babandinganana.
Caina cur-cur canémbrang hérang,
matak tingtrim tur genah nu nyicinganana.
Katémbong pirang-pirang awéwé gareulis,
arulin jeung arocon di patamananana.

Pok Si Sabeulah nanya,
“Éta téh tempat naon, Gusti, aya ku éndah?”
“Éta téh sawarga, keur jalma anu tobat.
Kami baris narima tobatna hiji jalma,
tobat anu enya-enya terus jeung haté,
sarta henteu ngalakonan deui dosana-dosana.”
Si Sabeulah beuki yakin baé,
yén Pangéran téh Mahakawasa tur Mahaadil.
Bluk manéhna sujud bari muji
kaagungan Pangéran Anu Murbéng Alam.

Kadéngé deui sora tan katingalan,
“Jig ayeuna manéh geura mulang ka lembur.
Paménta manéh ku Kami ditedunan.
Geura tepungan indung manéh,
sabab doa indung manéh anu ihlas,
anu jadi cukang lantaran
paménta manéh bisa tinekanan,
di sagigireun tékad manéh anu keyeng téh.”
Si Sabeulah angger sujud bari muji sukur.

Dadak sakala awak Si Sabeulah robah,
jadi beleger sakumaha umumna jelema.
Malah papakéanana ogé geus robah deuih.
Anu tadina ngan sabeulah jeung dekil téh,
jadi papakéan anu weuteuh tur lengkep,
sakumaha ilaharna papakéan jalma walagri.
Si Sabeulah ceurik bakating ku bungah,
bari teu kendat-kendat muji sukur ka Pangéran.
Tétéla, di alam dunya taya anu mustahil,
upama dikersakeun ku Anjeunna mah.

Sanggeus sababaraha lilana sujud sukur,
Si Sabeulah cengkat, tuluy indit ti dinya.
Anu kabayang ku manéhna taya deui,
iwal ti indungna anu aya di lemburna.
Indung anu ngadoakeun anakna kalawan ihlas.
Doana tembus parat ka jabaning langit.
Kadangu ku Pangéran Nu Mahawelas Asih.
Manéhna hayang buru-buru tepung jeung indung,
hayang buru-buru ngarawu dampal sukuna,
bari ménta dihampura tina sagala dosana.

Tapi saméméhna Si Sabeulah nyimpang heula,
nepungan ka bégal gerot anu keur tobat.
“Bagja temen, tobat Emang ditampi ku Anjeunna.
Lantaran Emang geus tobat kalawan ihlas.”
Si Bégal sujud sukur, terus nyarita dareuda,
“Duh, nyaan Pangéran mah Mahawelas Asih.
Padahal Emang ihlas mun kudu ka naraka ogé,
lantaran tina rumasa boga dosa salaput hulu.”
Ti dinya Si Bégal jangji yén sésa umurna
rék dipaké ibadah jeung nyieun kahadéan.

Si Sabeulah indit deui ti dinya,
nepungan Haji anu beurang-peuting ibadah.
Pok Haji nanya, “Kumaha Ujang,
sabaraha héktar sawarga keur Emang,
jeung sababaraha widadari cawisan Emang,
minangka ganjaran keur ibadah Emang?”
Si Sabeulah teu werat ngomong anu sabenerna.
Pok baé ngomong, “Pangéran mah Emang,
henteu resepeun ka jalma anu munapék.”
Ngadéngé kitu, Haji téh ukur bengong.

Si Sabeulah buru-buru balik ka lemburna.
Kacaturkeun geus datang baé ka lemburna.
Si Sabeulah ngarawu dampal suku indungna.
Sungkem bari ceurik ménta dihampura,
tina sagala dosa jeung kasalahanana.
Duaan ceurik paungku-ungku, ceurik bungah.
Komo indungna mah, bungah leuwih ti misti,
lantaran anu jadi anak tinekanan kahayangna.
Duanana terus sujud sukur,
muji ka Pangéran Anu Mahawelas Asih.

Si Sabeulah ayeuna geus walagri,
sanajan kitu ngaranna mah anggeur baé,
Si Sabeulah, teu diganti ku ngaran séjén,
minangka pangéling-ngéling cenah,
sangkan henteu poho kana wiwitan.
Si Sabeulah kacida nyaaheunana ka indungna.
Indung anu kudu dipunjung didama-dama.
Ceuk pikiran Si Sabeulah, indung téh
ibarat wawakil Pangéran anu nyata,
salila manéhna kumelendang di alam dunya.

(Budi Rahayu Tamsyah)

SASAKALA INDRAMAYU

Kocapkeun Wiralodra,
putra Tumenggung Gagak Singalodra
urang Banyurip, Bagelén, Jawa Tengah.
Nonoman keur meujeuhna belekesenteng.
Dedeg sampé rupa hadé,
katambah kasipuh ku pangarti,
élmu lahir élmu batin,
kabéh nyampak dina dirina.
Pantes mun jadi panyileukan wanoja téh.

Sanajan jadi pamujian saréréa,
jadi panyileukan anu gareulis,
Wiralodra henteu gedag kaanginan,
henteu unggut kalinduan,
tetep manteng kana cita-citana.
Nyaéta hayang ngadegkeun nagara,
hayang boga nagara sorangan.
Lain nagara paméré ti nu séjén,
sumawonna tuturunan ti bapana mah.

Pikeun ngahontal cita-citana,
Wiralodra ngalaksanakeun tapabrata,
di hiji tempat anu ngaran Malaya,
anu perenahna di tutugan Gunung Sumbing.
Wiralodra sidakep sinuku tunggal,
ngaheneng ngaraga meneng,
neneda ka Nu Mahakasa,
sangkan dipaparin pituduh.

Ku keyeng jeung cengengna tapabrata,
ahirna Wiralodra meunang wangsit.
Eusina, Wiralodra kudu néangan walungan,
anu ngaranna Walungan Cimanuk.
Di dinya tanahna subur ma’mur.
Éta tempat hadé keur pinagaraeun,
sarta tujuh turunan Wiralodra
bakal ngaheuyeuk nagara di dinya.

Nitih wanci nu mustari,
ninggang mangsa nu utama,
Wiralodra bébéja ka ramana,
yén arék lunta ti lemburna.
Luntana ka beulah kulon.
Maksudna geus teu galideur deui,
rék néangan Walungan Cimanuk,
luyu jeung pituduh wangsit téa.

Wiralodra lumampah ti lemburna
dibarengan ku baturna anu satia,
nyaéta anu katelah Ki Tinggil.
Lumampahna badarat baé,
mapay-mapay leuweung geledegan,
leuweung ganggong simagonggong,
leuweung si sumenem jati,
geueuman panonoban siluman-silemin.

Leumpangna ti beurang baé,
da puguh ari reup peuting mah
munggah poé mongkléng buta rajin.
Duanana sararé dina tangkal,
néangan tangkal anu badag ngarampidak.
Daharna sakapanggihna di leuweung baé.
Beubeutian, bongborosan, jeung dangdaunan.
Kalan-kalan sok moro sasatoan,
atawa ngala lauk di walungan.

Di satengahing lalampahan,
di hiji pasir anu jauh ka mana ka mendi,
Wiralodra tepung jeung hiji aki-aki.
Aki-aki kundang iteuk di tengah leuweung,
geus tangtu lain aki-aki samanéa.
Éta aki-aki ngakukeun ngaran Ki Sidum.
Ki Sidum nanya tujuanana ka Wiralodra.
Barabat atuh Wiralodra nyaritakeun
pamaksudanana pangna lunta ti nagarana.

Ki Sidum ngagibegkeun awakna,
janggélék jadi Kiai Malik Warna,
kiai anu kamashur luhung élmuna,
kawéntar weruh sadurung winarah.
Wiralodra kadua Ki Tinggil,
énggal baé sungkem ka Kiai Malik Warna.
Sungkem tandaning hormat jeung ajrih.

Pok Kiai Malik sasauran,
“Lamun manéh duaan engké
geus aya di wewengkon Cupunagara,
heug papanggih jeung hiji sato,
mangrupa kidang anu panonna berlian,
ku manéh kudu dituturkeun.
Engké di mana éta kidang ngaleungit,
mangka di dinya ayana Walungan Citarum.”

Wiralodra meunang rupa-rupa pituah,
ti Kiai Malik Warna anu linuhung.
Éta pituah kacida diéstokeunana ku Wiralodra.
Ti dinya Wiralodra jeung Ki Tinggil amitan,
arék neruskeun deui lalampahanana,
néangan Walungan Citarum,
anu cenah henteu jauh ti Cupunagara.
Cara anu enggeus-enggeus baé,
Wiralodra jeung Ki Tinggil,
kudu asruk-asrukan mileuweungan.

Di satengahing perjalanan,
keur nikreuh mapay sampalan,
ana gaur téh maung lodaya,
ngagaur bari ngajleng ka hareupeun
Wiralodra jeung Ki Tinggil.
Rék lumpat taya geusan pikeun lumpat.
Komo deui maung téh geus ngadepong,
ngan kari sajleng-jlengeun ngerekeb Wiralodra.

Ningali galagat kitu mah,
Wiralodra ogé pasang kuda-kuda,
tatan-tatan mapag panarajang Si Belang.
Waktu maung ngarontok ka Wiralodra,
digiwarkeun bari dipeupeuh huluna.
Maung gogoréntélan bari ngagaur tarik.
Maung ngagurinjal hudang deui.

Wiralodra nyabut pakarangna,
pakarang anu mangrupa cakra,
pakarang anu jadi andelanana.
Waktu maung ngarontok deui,
ayeuna mah henteu digiwarkeun,
tapi dipapag ku paneunggeul cakra,
neunggeul pisan kana huluna.
Hulu maung nepi ka bencar,
kokoséhan terus paéh sapada harita.

Sanggeus ngareureuhkeun capé,
Wiraloda jeung Ki Tinggil mangkat,
neruskeun deui lalampahanana.
Mapay-mapay léngkob di antara dua pasir.
Keur ngeunah-ngeunah leumpang,
teu kanyahoan ti mana datangna,
lol téh aya orang kacida gedéna,
megat nu laleumpang dina liliwatan.

Sungutna calawak gedé pisan,
létahna nu nyagak ulal-élol.
Siet atuh éta oray téh nyamber Wiralodra,
Wiralodra luncat nyingkahan panarajang oray.
Wiralodra nyabut pakarangna,
senjata cakra anu jadi andelanana.
Waktu si oray nyamber deui,
huluna dibabuk ku cakram satakerna.
Sirahna bencar, si oray paéh harita kénéh.

Teu lila aya kajadian anu anéh,
orang anu geus jadi bangké téh,
leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.
Janggélék baé jadi walungan,
caina canémbrang hérang.
Wiralodra jeung Ki Tinggil,
ngan ukur bisa olohok mata simeuteun,
mireungeuh éta kajadian.

Sanggeus leungit kagétna,
Wiralodra sadar ka nu disanghareupanana.
Oray anu rék neureuy manéhna,
lain oray samanéa, tapi oray kajajadén.
Kitu deui jeung éta walungan,
anu caina canémbrang hérang.
Tuluy nyokot senjata cakrana téa.
Éta senjata diteunggeulkeun satakerna
kana cai walungan anu hérang.

Walungan leungit sapada harita,
leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana.
Janggelek jadi hiji wanoja,
wanoja anu kacida geulisna,
geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina,
geulis taya babandinganana.
Éta wanoja ngaranna Déwi Larawana,
ari asalna ti leuweung di dinya baé.

Déwi Larawana terus terang,
manéhna ngarasa kadudut kalbu,
kapentang asmara ku Wiralodra.
Malah aya leuwihna ti éta,
Déwi Larawana ménta dikawin
ku satria gandang Wiralodra.
Kahayang Déwi Larawana,
ditolak sapadamayan ku Wiralodra.

Déwi Larawana ngarasa dihina,
lantaran ditolak ku Wiralodra.
Tina bogoh jadi ceuceub.
Déwi Larawana ngajak perang tanding,
nepi ka aya nu ajal salahsaurangna.
Mimitina Wiralodra teu ngalayanan,
tapi Déwi Larawana kalah beuki ambek.

Henteu tata pasini deui,
Déwi Larawana narajang ka Wiralodra.
Tétéla Déwi Larawana téh teu sabongbrong.
Boga élmu jeung kasaktén anu luhur.
Kapaksa atuh Wiralodra ogé ngalayanan.
Der baé atuh perang tanding patutunggulan.
Ngadu kasaktén jeung jampé pamaké.

Beuki lila perang tandingna beuki ragot baé.
Élmu panemu jampé pamaké geus diketrukkeun,
tapi taya tanda-tanda anu bakal unggul.
Wiralodra nyabut senjata pamungkasna,
senjata cakra anu sakti hésé babandinganana.
Déwi Larawana teu bisa nyanggapulia,
kakeunaan ku peurah senjata cakra.
Déwi Larawana rubuh ngababatang.

Tina layon Déwi Larawana bijil haseup,
beuki lila beuki kandel baé.
Les layon Déwi Larawana leungit
saperti anu diteureuy bumi.
Janggélék jadi kidang kancana.
Kidang anu matana berlian.
Kidang anu keur ditétéangan ku Wiralodra,
luyu jeung pituduh ti Kiai Malik Warna.

Kidang lumpat ngabelesat tarik pisan.
Ku Wiralodra jeung Ki Tinggil diudag-udag.
Sakapeung mapay-mapay tegalan,
sakapeung mubus kana dungus,
sakapeung sésélékét di nu rembet,
pasir, léngkob, jungkrang ogé disorang.
Kidang terus lumpat,
anu ngudag henteu eureun.

Tapi aya anu anéh,
éta uncal lumpatna siga nu ngoconan.
Lamun anu ngudagna jauh,
lumpatna ngalaunan siga nu ngadagoan.
Lamun anu ngudagna geus deukeut,
lumpatna narikan deui.
Lamun anu ngudagna leungiteun tapak,
manéhna siga nu ngahaja némbongan.

Anjog baé ka hiji tempat,
les baé kidang téh ngaleungit,
leungit tanpa lebih ilang tanpa karana,
lir anu direureuy leuweung gerotan.
Wiralodra jeung Ki Tinggil eureun di dinya.
Tuluy duanana ngareureuhkeun capé,
capé urut ngudag-ngudag kidang,
kidang kancana anu matana berlian.

Tétéla teu jauh ti dinya,
aya walungan anu caina ngagulidag.
Geus moal salah deui,
éta téh Walungan Cimanuk,
anu keur ditétéangan ku duaan
ku Wiralodra jeung Ki Tinggil.
Tempat anu aya di éta walungan,
tempat anu hadé keur pinagaraeun.

Isukna Wiralodra jeung Ki Tinggil,
ngabukbak leuweung rék ngababakan,
nyaéta nyieun lembur anyar di dinya.
Keur kitu, jebul téh dua mahluk anéh,
cenah siluman anu ngageugeuh éta tempat,
di dinya téh cenah Karajaan Siluman.
Anu datang téh rajana pisan jeung patihna,
ngaranna Raja Budipaksa jeung Patih Bujaris.

Éta dua siluman teu narima,
nagarana diburak-barik ku Wiralodra.
Der baé atuh perang tanding,
Wiralodra ngalawan Raja Budipaksa,
ari Ki Tinggil ngayonan Patih Bujaris.
Perangna kacida ragotna,
kawantu pada-pada sakti,
pada-pada gagah rongkah.

Tapi ahirna mah raja jeung patih siluman téh,
bisa diéléhkeun ku Wiralodra jeung Ki Tinggil.
Malah jangji ulun kumawula ka Wiralodra.
Raja, patih, katut sakumna rahayat siluman,
terus baé ngabantuan ngabukbak leuweung,
nyieun lembur anyar di sisi Citarum.
Ari Karajaan Siluman harita kénéh ogé
dipindahkeun ti dinya ka béh girang.

Beuki lila lembur anyar téh,
beuki ngalegaan baé di sapanjang Cimanuk.
Rahayatna ogé beuki ngalobaan deuih.
Jalma datang ti mana ti mendi,
ngadon bumén-bumén di Cimanuk.
Wiralodra diangkat jadi pamingpinna,
ari Ki Tinggil minangka papatihna.
Babarengan ngaheuyeuk dayeuh,
ngolah nagara anu anyar diadegkeun.

Ki Tinggil miboga pancén anu utama,
nyaéta ngawangun Cimanuk,
nepi ka jadi nagara anu raharja.
Tapi Ki Tinggil henteu gawé sosoranganan,
manéhna ogé boga sawatara kapetengan.
Nyaéta Surantaka, Banyuntaka, jeung Puspahita.
Bari dibantuan ku sakumna rahayat,
Ki Tinggil katut kapetenganana,
terus ngamekarkeun jeung ngawangun Cimanuk.

Pangwangunan Cimanuk beuki ngaronjat,
sabada meunang bantuan ti sémah,
anu ngaran Éndang Darma.
Hiji wanoja anu rupana geulis,
geulis méh taya babandinganana.
Salian ti geulis kawanti-wanti téh,
wewesénna ogé pilih tanding deuih.

Rupaning gangguan ti pihak séjén,
bisa diperuhkeun ku Éndang Darma.
Éndang Darma kawilang gedé jasana
dina ngamajukeun daérah
anu dicangking ku Wiralodra.
Wawanén jeung wewesénna,
éstu lain unghak-unghakeun jalma biasa.

Éndang Darma bumén-bumén di Cimanuk.
Sorangan baé, da masih kénéh lalagasan.
Éndang Darma kawilang awéwé masagi,
sarta henteu lebar ku élmu jeung pangartina.
Di Cimanuk, Éndang Darma ngajarkeun
rupa-rupa padika jeung élmu tatanén.
Salian ti éta ogé Éndang Darma,
ngajarkeun rupaning élmu kasaktén.

Dina hiji mangsa,
Wiralodra ngarasa panasaran,
hayang nguji kasaktén Éndang Darma.
Der baé ngadu wewesén jeung kasaktén.
ngetrukkeun élmu lahir élmu batin.
Tapi henteu nepi ka tutumpuran.
Éndang Darma éléh jajatén,
teu sanggup ngayonan kadigjayan Wiralodra.

Éndang Darma ngaku taluk ka Wiralodra,
sarta jangji rék terus satékah polah,
ngawangun jeung ngamekarkeun Cimanuk.
Ngan aya paméntana ka Wiralodra téh.
Pikeun tanda pangéling-ngéling,
Éndang Darma miharep éta daérah téh,
dingaranan dumasar kana usahana duaan.

Nagara anyar di sisi Cimanuk téh,
kaangin-angin ka mana-mendi,
tungtungna kaémpér-émpér ka Cirebon.
Sultan Cirebon ngarasa tugenah,
lantaran Wiralodra dianggap cucungah,
teu ménta idin heula ka Cirebon,
basa rék ngawangun daérah anyar.
Padahal cenah éta daérah téh,
kabawah kénéh ka Cirebon.

Ti dinya Cirebon ngirimkeun pasukan,
pikeun ngajorag Cimanuk.
Pasukan anu lengkep tur samakta pakarangna.
Éta pasukan dipingpin ku Arya Kemuning.
Maksudna taya lian,
sangkan Wiralodra taluk ka Cirebon,
lamun henteu lemburna diburak-barik,
dihuru ditumpur-ludeskeun.

Pasukan Cimanuk ogé henteu cicingeun.
Sanajan pakarangna saaya-aya,
henteu gimir henteu galideur,
ngayonan musuh anu ngarurug.
Pasukan Cimanuk diluluguan ku Éndang Darma
Der baé atuh perang campuh.
Balad Cimanuk aya di pihak anu unggul.
Pasukan Cirebon kabur katawuran.

Sanggeus éta kajadian,
wewengkon nu dicangking ku Wiralodra,
sacara resmi dingaranan Darma Ayu.
Asalna éta ngaran tina ungkara:
‘Éndang Darma anu ayu’.
Ayu téh hartina geulis camperenik.
Tuluy robah jadi Indramayu,
tug nelah nepi ka kiwari.

(Budi Rahayu Tamsyah)

CARITA ORAY BODAS

Jaman baheula aya hiji raja gedé tur pinter,
kamashur ka mana-mendi.
Upama aya urus¬an di mana baé,
atawa perkara nu hésé dibéréskeunana,
raja¬ ti séjén nagara sok ngirimkeun utusan,
nyu¬hunkeun pitulung ka éta raja.
Kapinteranana ngungkulan sasamana harita,
malah pandita-pandita, bujangga-bujangga
euweuh pisan anu bisa mapakan,
najan anu kasebut sakumaha pinterna ogé.

Éta Raja boga lampah anu anéh.
Unggal poé bérés tuang,
sok miwarang badégana mawa baki,
anu ditutupan kacida bunina.
Diteundeun dina peti beusi anu dikonci,
sarta koncina dicepeng ku anjeunna.
Taya nu nyahoeun kana éta lampah raja téh,
iwal badégana saurang anu ngaran Pawitra.
Malah praméswarina ogé henteu uningaeun,
da cenah istri mah teu bisa neundeun rasiah.

Sanggeus éta baki disanggakeun ku Pawitra,
gancang Raja nitah kaluar ka Pawitra,
sarta panto-pantona dipeundeutan dikonci,
kakara dilaan turubna ati-ati pisan,
sarta eusina éta baki dituang saeutik,
tuluy dituruban deui ku anjeun.
Geus kitu kakara Ki Pawitra disaur deui,
dipiwarang ngampihkeun kana peti beusi téa.
Ki Pawitra ogé panasaraneun hayang nyaho,
naon saenyana anu ditutupan dina baki téh.

Hiji mangsa, basa Raja teu damang,
Ki Pawitra dipiwarang mawa baki téa,
tapi teu ditalingakeun cara sasari,
anu matak Ki Pawitra ngarasa laluasa,
pikeun nyacapkeun kapanasaranana,
nénjo eusi baki anu dirasiahkeun ku Raja.
Ari dibuka, sihoréng eusina téh oray bodas.
Oray bodas anu dagingna geus garing.
Ki Pawitra nyewol saeutik bari luak-lieuk,
belewek baé dihuapkeun rurusuhan.

Aya nu anéh sanggeus ngadahar éta daging.
Ki Pawitra jadi ngarti omongan sasatoan,
sakur sato anu kumelip di alam dunya.
Geus teg baé, éta kasiatna daging oray bodas.
Ki Pawitra ngomong dina jero atina,
“Paingan atuh Kangjeng Raja kacida pinterna,
aing ogé anu kakara ngadahar saeutik,
geus ngarti kana omongan sasatoan.”
Ki Pawitra beuki ajrih jeung hormat baé,
ka raja anu jadi dununganana.

Teu lila ti waktu harita,
Raja leungiteun lélépén inten kameumeutna,
hantem dikotéktak, weléh teu kapanggih.
Geus kitu abdi-abdina disaur, dikumpulkeun.
Ki Pawitra ogé milu kumpulan.
Ti dinya tuluy kabéh ku Raja dipariksa,
“Saha nu nyokot ali kula atawa nu mang¬gihan?
Ari diteundeunna dina méja deukeut jan¬déla.”
Kabéh taya anu ngaku, da teu rumasa,
malah cenah nyaho kana rupana ogé henteu.

Ngan teuing kumaha mimitina,
kabéh anu milu riungan, nuduh ka Pawitra.
Ari sababna, anu sok larsup ka kamar mah,
taya deui jalmana iwal ti Ki Pawitra.
Sanajan Ki Pawitra henteu ngaku ogé,
angger kudu néangan éta ali.
Lamun henteu kapanggih bakal dipaéhan.
Tapi sabalikna, lamun nepi ka kapanggih,
baris dibéré ganjaran ku Kangjeng Raja,
sagala kahayangna bakal ditedunan.

Sanggeus bubaran riungan abdi-abdi,
Ki Pawitra néangan ali inten.
Nu séjén ogé réa anu milu néangan,
lantaran kabita ku hadiahna ti raja.
Ber ka ditu ber ka dieu,
weléh henteu kapanggih.
Ki Pawitra kacida bingungeunana.
Tuluy baé ngahuleng, diuk di sisi solokan.
Solokan anu aya di tukangeun karaton.

Dina éta susukan loba meri kagungan Raja,
sarta éta meri téh keur ngalobrol.
Aya hiji meri anu ngangluh nyeri angen
jeung hésé ngambekan deuih.
Ari sababna, lantaran ngadahar ali inten,
ali inten kagungan Raja anu ragrag
kana jukut handapeun jandéla kamarna.
Éta obrolan meri kadéngéeun ku Ki Pawitra.
Ki Pawitra kacida pisan bungahna,
sarta ngucap sukur ka Gusti Alloh.

Tuluy baé éta meri nu maling téh ditéwak
dibawa ka dapur dibikeun ka koki,
sina dipeuncit, majar keur oporeun Raja.
Meri dipeuncit, terus diurus sakumaha biasa.
Awakna dibedél, ana goréhél téh aya ali,
ali inten dina deukeut jajantungna.
Koki kagét jeung atoh bari gegeroan,
“Pawitra! Geuwat ka dieu sakeudeung,
ieu aya ali inten, jigana mah kagungan Raja!”
Ki Pawitra nyampeurkeun, enya baé ali inten.

Ali ditampanana ku Ki Pawitra,
moal salah deui, tangtu ali kagungan Raja,
lantaran kacida alusna, intenna gugurilapan.
Ki Pawitra buru-buru ngadeuheusan ka Raja.
Raja kacida bungahna, alina kapanggih deui.
“Ti mana ieu téh kapanggihna?” saur Raja.
Barabat atuh Ki Pawitra nyaritakeun,
ti mimiti ngadéngé omongan meri,
nepi ka manggih ali dina telihna.
Raja muji kana kapinteran badégana.

Tuluy Raja nimbalan ka Ki Pawitra,
“Pawitra manéh hayang naon?
Ku kula moal burung dibéré,
tina kula rék mulang tarima ka manéh!”
Mimitina mah Ki Pawitra nolak,
tapi Raja tetep maksa, luyu jeung jangjina.
Ahirna Ki Pawitra ménta duit jeung kuda.
Sarta ménta idin hayang ngalalana,
hayang nyaho nagara séjén.
Ari duit keur bekelna salila ngalalana.

Saur Raja, “Hadé manéh boga kahayang kitu,
ambéh loba kanyaho jeung teu kurung batok.”
Ki Pawitra dibéré duit keur bekel ngalalana.
“Ari kuda mah milihan baé sorangan di istal,”
saur Raja, terus méré rupa-rupa piwejang.
Dihenteu-henteu ogé Ki Pawitra téh,
apan badéga anu pangkaanggona ku Raja.
Badéga anu geus kabuktian kasatianana,
sanajan sok aya baé ari kasalahan mah,
ku Raja dianggap wajar sipatning manusa.

Ki Pawitra geus nampa pasihan Raja,
tuluy sujud kana sampéanana bari amit;
geus indit Ki Pawitra jut turun,
tuluy ka dapur nyampeurkeun ka koki.
Koki dibéré duit emas ku Ki Pawitra,
atuh kacida pisan atoheunana.
Minangka mulang tarima,
pédah koki geus mantuan meuncit meri.
Ki Pawitra sakalian amitan ka koki,
yén manéhna rék nyaba ka séjén nagara.

Caturkeun Ki Pawitra geus jauh ti nagara.
Anjog baé ka hiji walungan gedé,
di dinya béh mang¬gih lauk emas tilu,
kasaatan di sisi walungan anu ngolétrak,
kawantu harita téh usum halodo panjang.
Éta lauk emas téh keur ngarobrol,
ngobrolkeun kasusahna lantaran halodo.
“Lamun urang teu bisa ingkah ti dieu,
teu bisa pindah kana leuwi anu jero,
tangtu urang saréréa bakal paraéh.”

Omongan lauk kadéngéeun ku Ki Pawitra.
Ki Pawitra turun tina kudana,
lauk emas anu tilu dicokotan hiji-hiji,
dipindah-pindahkeun ka leuwi anu jero.
“Leuh, untung aya urang manusa
anu nyaah ka urang, urang jadi salamet.
Ngan kumaha urang kudu mulang tarimana?”
Ceuk lauk nu hiji, “Urang béjaan kabéh lauk,
kudu nulungan ka nu geus nyaah ka urang,
dimana engké manéhna butuh pitulung.”

Ki Pawitra indit deui ti dinya.
Nepi kana hiji tempat di hiji pasir,
di dinya béh manggih sireum ngagunduk,
kacida lobana, malah rajana ogé aya.
Raja sireum téh ngomong pokna,
“Lah muga-muga teuing ieu jalma
nu tumpak kuda ulah jalan ka dieu,
lamun ka¬tincak ku kudana,
atuh meureun paraéh sireum téh kabéh”
Omongan Raja Sireum kadéngé ku Ki Pawitra.

Ki Pawitra teu tulus jalanna ka dinya,
néangan jalan anu séjén baé.
Raja Sireum téh atoh kabina-bina,
pok ngomong,“Lah nuhun urang manusa,
sampéan teu tulus jalan ka dieu,
engké di mana sampéan aya kasusah,
kuring sabatur-batur seja nulung,
tina rék mulang tarima,
réhna sampéan nyaah ka kuring!”

Ti dinya ki Pawitra tuluy maju deui,
nepi ka hiji leuweung geledegan,
di dinya ngadéngé manuk ngomong,
“Éh barudak, aing téh geus kolot,
geus teu bisa néangan hakaneun,
ayeuna mah néangan hakaneun sorangan.”
Ngomong kituna téh bari nyedekkeun
anakna tina sayangna na luhur tangkal.
Atuh anak-anakna téh marurag.
Tétéla dua anak gagak barurindil kénéh.

Éta anak gagak téh ngaromong sedih,
“Kumaha atuh petana urang téh,
mangkaning urang can bisa hiber.
Kaya kieu mah urang bakal paéh kalaparan,
da can bisa néangan hakaneun sorangan.”
Ki Pawitra ngangres ngadéngéna ogé.
Turun tina kudana, tuluy mesat pedang,
lékék baé kudana dipeuncit,
dagingna dibikeun ka anak gagak téa.
Anak gagak kacida atoheunana.

Anak gagak nyaratuan bari ngomong,
“Kumaha nya mulang tarimana urang
ka nu méré ieu daging?
Sakieu nyaaheunnana ka urang.”
Cék anak gagak nu hiji deui,
“Éh sugan baé urang dipanjangkeun umur,
di mana boga kasusah atawa kahayang
éta jalma ku urang ditulungan.
Ayeuna mah urang neneda ka Gusti Allah
supaya éta jalma dimulyakeun hirupna!”

Ti dinya Ki Pawitra nikreuh leumpang,
da ku¬dana geus dipeuncit,
nepi ka hiji nagara gedé sarta ramé.
Caritakeun Rajana geus sepuh pisan,
sarta kagungan putra istri hiji.
Éta putri putra Raja teu kira-kira geulisna.
Tapi teu acan palay kagungan carogé.
Seueur anu ngalamar, sadayana ditolak.
Ari Raja tos palay kagungan mantu,
anu baris neruskeun kalungguhanana.

Dina hiji mangsa, Raja naros ka Nyi Putri,
“Nyai téh hayang salaki anu kumaha atuh?
Ka itu embung ka ieu teu daék baé?”
Barabat atuh Nyi Putri ngawalon,
yén anjeunna can manggih lalaki anu cocog.
Lalaki anu lain kasép rupana baé,
alus turunan jeung darajatna wungkul,
tapi anu pinter jeung boga élmu deuih,
élmu anu mangpaat pikeun hirupna,
dibarung ku boga sipat nyaah ka sasama.

Ramana ngahuleng sajongjongan,
ngadangu saur pu¬trana kitu téh.
“Ama satuju kana pamilih Nyai téh.
Ngan kumaha carana meunangkeun lalaki,
anu luyu jeung kahayang Nyai?”
“Teu aya deui carana,” saur Nyi Putri,
“iwal ti kedah ngayakeun saémbara.”
Ari saémbarana nyaéta kudu nyokot ali
anu arék dialungkeun ku Nyi Putri
ka talaga anu kacida jerona di sisi nagri.

Sing saha baé anu bisa nyokot éta ali,
ali inten anu watangna ditarétés berlian,
baris dijadikeun salaki Nyi Putri.
Raja-raja jeung Raja Anom daratang,
seja milu saémbara nyokot ali.
Tapi saurang ogé taya nu bisaeun,
malah henteu saeutik anu titeuleum,
balik ngaran ka nagarana.
Anu salamet baralik deui ka nagarana,
kapok mun kudu narohkeun umur.

Éta saémbara kadéngé ku Ki Pawitra,
Tuluy baé Ki Pawitra ngadeuheus ka Raja,
maksudna rék milu kana éta saémbara.
Ku Raja diidinan milu saémbara,
sabab disangkana moal bisa meunang.
Tong boroning jalma cacah kuricakan,
cacakan turunan raja gedé ogé,
apan loba anu maot atawa balik deui.
Ngan cenah, Ki Pawitra bisa meunang,
Raja angger rék nohanan jangjina téa.

Cong Pawitra nyembah bari indit,
tuluy ka talaga rék milu saémbara téa.
datang ka sisi talaga kalah nga¬huleng,
nénjo talaga sakitu matak sieunna,
cai katénjo hideung ku jero-jerona,
kawas tanggel beunang diteuleuman.
Ki Pawitra jadi mandeg-mayong.
Ari rék mundur tina saémbara,
isin lantaran geus unjukan ka Raja.
Ki Pawitra kacida pisan bingungna.

Keur kitu pecenghul aya lauk emas tilu,
bijil ti jero talaga, kokojayan na beungeut cai.
Lauk nu hiji sungutna ngégél ki¬jing,
sarta éta lauk nyampeurkeun ka Ki Pawitra
anu keur ngajanteng di sisi pisan talaga.
Barang nepi ka hareupeun Ki Pawitra,
kijing nu di¬gégél dialungkeun,
sanggeus kitu lauk téh baralik ka nu jero.
Ki Pawitra héraneun pisan nénjo lampah lauk,
naon maksudna jeung naon éta téh?

Tuluy éta kijing ku Ki Pawitra dicokot,
pék dibuka ari béh téh eusina
ali emas mata inten kagungan Nyi Putru.
Ki Pawitra kagét, ngomong na jero atina:
“Paingan euweuh nu bisa nimukeun
da ayana ogé dina jero kijing,
jeung héran naha bet dibawa ku lauk?”
Ti dinya Ki Pawitra ras inget
kana omongan lauk nu ditulung tadi téa,
niatna rék mulang tarima ka Ki Pawitra.

Geus kitu geuwat baé ki Pawitra balik,
ngadeuheus ka Raja nyanggakeun ali téa.
Sadatangna, pok unjukan ka Raja,
“Ieu abdi nyanggakeun lélépén téa,
sadaya-daya ayeuna nyuhun timbalan.
Tina tos hasil sakumaha nu tos disaurkeun!”
Raja ngahuleng sajongjongan teu ngalahir,
tina kagét henteu nyana ali bisa beunang
ku jalma anu teu puguh asal-usulna.
Apan basa rék indit ogé dihampas ku Raja téh.

Ali dicandak ku Raja ka lebet bumi.
Disanggakeun ka Nyi Putri, saurna,
“Nyai, ieu ali téh geus beunang
ku jelema anu kamari téa.
Kumaha Nyai, daék kawin ka manéhna?”
Nyai Putri ngahuleng, manahna bingung,
lantaran henteu bogoh jeung lain sasama.
“Mangga, nanging abdi gaduh paménta,
Upami tiasa, tangtos abdi daék.”
Nyi Putri niat nolak ku cara lemes.

Paménta Nyi Putri téh kacida beuratna.
Nyaéta kudu mulungan béas sakarung,
anu diawurkeun di kebon anu bala,
sarta ulah aya nu tinggal sasiki-siki acan.
Ari waktu sapeuting, ti magrib nepi ka isuk.
Méméh meleték panonpoé,
éta béas kudu geus aya dina karung deui.
Paménta Nyi Putri dibéjakeun ka Ki Pawitra.
Puguh wé Ki Pawitra téh bingung kacida.
Disanggupan sotéh, pédah geus kagok asong.

Bada magrib, Nyi Putri ngawurkeun béas,
sakarung di kebon anu bala ku jujukutan.
Teu lila Ki Pawitra datang ka dinya.
Huleng deui baé ngahuleng, bingungeun.
Kumaha nyokotanana? Mangka poék bulan.
Keur kitu, ana burudul téh sireum,
rupa-rupa sireum datang dipingpin ku rajana.
Tuluy ngakutan béas sasiki séwang,
diasup-asupkeun kana karung.
Henteu lila, karung geus pinuh ku béas.

Nénjo kitu, Ki Pawitra ngucap sukur.
Ras inget kana omongan Raja Sireum téa,
anu rék nulungan mun manéhna
aya kahayang atawa meunang kasusah.
Méméh panonpoé meleték,
Ki Pawitra geus manggul karung,
disanggakeun ka payuneun Raja.
Raja kagét, tuluy nitah hiji matri
pikeun mariksa kaayaan di kebon,
bisi Pawitra bohong atawa aya béas nyésa.

Pabeubeurang Ki Mantri laporan,
Tétéla Ki Pawitra henteu ngabohong,
sarta di kebon taya béas anu nyésa.
Nyi Putri disaur, pok Raja sasauran,
“Kumaha Nyai, paménta Nyai
geus bisa ditedunan ku Ki Pawitra.”
Nyi Putri, ku tina embung téa,
nyieun deui tanjakan anyar.
“Hiji deui Ama, upami tiasa kacumponan,
abdi bade ngiringan ka pangersa Ama.”

Tanjakanana nu ayeuna mah leuwih beurat.
Nyaéta hayang dipangwakeun buah koldi,
tapi buah koldi tina tangkal kahuripan.
Kabéh ogé nyaho, buah koldi kahuripan téh,
ayana di puncak gunung anu sanget pisan.
Dijagana ogé ku bangsa siluman jeung yaksa.
Lantaran éta buah koldi gedé kasiatna.
Loba jalma anu nyoba-nyoba ngala éta buah,
hiji ogé taya anu bisa balik deui bari salamet.
Mun henteu paéh, nya jadi tanpadaksa.

Ngadéngé paménta Nyi Putri kitu,
Ki Pawitra leuwih-leuwih baé bingungna.
Ari rék mundur, apan kagok asong.
Nya disanggupan baé bari pasrah,
sugan aya kadar ditakdirkeun alus milik.
Nepi ka tutugan gunung anu sanget téa,
Ki Pawitra ngahuleng mikiran pilampaheun.
Keur kitu, lar aya dua gagak hiber.
Pluk-pluk baé duanana muragkeun buah,
ari dicokot, tétéla buah koldi kahuripan.

Ki Pawitra kacida bungahna,
ras manéhna inget kana omongan gagak,
anu dibéré daging kuda téa baréto.
Ayeuna éta gagak téh mulang tarima.
Buah koldi kahuripan gancang dicokot,
tuluy disanggakeun ka Raja di karaton.
Ayeuna mah Nyi Putri teu bisa nanaon,
daék teu daék kudu kawin ka Ki Pawitra.
Nyi Putri sadar kana kadar,
pangna kitu ogé meureun geus jodona.

Ahirna Ki Pawitra ditikahkeun ka Nyi Putri.
Ngaranna diganti jadi Radén Aria Tirtamarta.
Teu kungsi lila ti harita,
Radén Aria dijenengkeun jadi raja,
di Karajaan Kuripan ngagentos mertuana.
Nelah Prabu Anom Tirtamarta.
Kamashurkeun raja anu adil wijaksana,
sarta nyaah ka sasama mahluk.
Tong boroning ka rahayatna,
malah ka bangsa sato ogé kacida nyaahna.

Sanajan ayeuna geus jadi raja,
Raja Anom teu weléh émut ka Raja,
anu jadi dununganana baheula.
Tuluy baé badanten sareng istrina,
palay natamu ka karajaan asalna téa.
Teras baé Raja Anom ngintun serat,
ngawartosan ka raja dununganana téa,
yén ayeuna anjeunna geus jadi raja,
sarta palay nepangan ka raja,
anu kapungkur jadi dununganana.

Kacaritakeun Raja Anom sareng istrina,
angkat ngadeuheusan ka raja dununganana.
Sumping ka nu dijugjug,
Raja Anom dipapag ku raja dununganana.
Barang gok tepang, gabrug silihrangkul,
nangis bingah duaan paungku-ungku.
Der atuh ngayakeun pésta ramé pisan.
Ngabagéakeun Ki Pawitra
nu geus kasinugrahan jadi Raja Anom,
ngeréh Nagara Kuripan anu santosa.

Dina hiji waktos, raraméan geus lekasan.
Raja Anom sareng raja dununganana téa,
ngobrol paduduaan nyacapkeun kasono.
Raja Anom ngangken kana kalepatanana,
yén kapungkur kantos ngicip-ngicip
daging oray bodas kagungan raja,
dugi ka tiasa ngartos kana basa sato.
“Perkara éta, ku Kakang dihampura pisan,
asal ulah dibéja-béja ka nu lian,” saur raja.
Duanana pasini, rék matri tali silaturahmi.

(Budi Rahayu Tamsyah)

CARITA KULIT KALDE

Jaman baheula aya hiji raja,
nagarana gedé tur beunghar.
Raja kagungan putra istri.
Jenenganana Putri Bianka.
Geulis taya babandinganana.
Seueur raja jeung pangéran,
datang ti mana ti mendi,
hayang ningali kageulisan Nyi Putri.
Teu saeutik deuih anu datang ngalamar,
tapi hiji ogé taya nu ditarima ku Nyi Putri.

Kangjeng Raja ogé kagungan kaldé ahéng.
Rupana mah sarua baé jeung kaldé biasa.
Kitu deui gedéna sakumaha biasana kaldé.
Ngan taina anu henteu sarua téh.
Ieu mah lamun ngising téh bijilna duit emas.
Istalna ogé dihadé-hadé, dijieunna tina emas.
Lanténa ku batu marmer, ditarétés inten berlian.
Éta istal dijaga ku prajurit nu pangkatna luhur,
dijagana beurang-peuting, piligenti.
Ari sababna, éta kaldé nyenangkeun ka saréréa.

Parabna éta kaldé, henteu hésé.
Kebeukina ngan ukur senggang,
henteu beukieun jukut nu séjén.
Anu matak rahayat di éta nagara,
gawéna ngan ukur melak senggang.
Nu boga kebon, kabéh melak senggang.
Kitu deui di pakarangan atawa dina pot.
Rupa-rupa senggang keur parab kaldé téa.
Hirupna sarenang, dicukup ku ku éta kaldé.
Kabéh lubak-libuk ku duit emas.

Hanjakal, Putri Bianka boga adat anu anéh.
Putri Bianka boga adat hayang punjul ti batur.
Utamana dina papakéan jeung perhiasan.
Nepi ka hiji mangsa Nyi Putri nguluwut.
Mikiran paménta ka nu jadi bapana,
sabab sagala kahayangna geus ditedunan.
Nyi Putri ngahuleng di sisi talaga,
anu perenahna aya di satukangeun karaton.

Nyi Putri humandeuar,
“Ya Alloh, naha abdi bingung-bingung teuing?”
Kadéngéeun ku aki-aki anu keur nguseup.
“Ku naon Endén Putri téh humandeuar?”
“Kula téh bingung, kula téh anak raja beunghar,
tapi henteu boga papakéan anu alus,
papakéan anu punjul ti batur.”
“Kumaha Endén tos kagungan sinjang
anu pulasna sapertos cai?” ceuk éta aki-aki.
Ngadéngé kitu, Nyi Putri kacida bungahna.

Tuluy balik ka karaton, ngadeuheus ka ibuna.
Nyi Putri mundut sinjang anu pulasna siga cai.
Kapalay Nyi Putri diunjukkeun ka Kangjeng Raja.
Kangjeng Raja ngahuleng, ku margi nembé ngadangu,
aya sinjang anu pulasna siga cai.
Nanging ku margi nyaah putra, nya ditedunan baé.
Kangjeng Raja ngangkir sakabéh tukang nyieun sutra.
“Kami ménta buru-buru dipangnyieunkeun
samping sutra anu pulasna siga cai,” saur Raja.
“Lamun teu bukti, maranéh diusir ti ieu nagara!”

Tukang sutra nyanggupan, da sieun diusir.
Tuluy baradami pikeun nyieun samping ahéng.
Prak baé nyieun samping sutra anu ririakan.
Pulasna sagala aya, semu hideung, semu beureum,
semu paul, semu héjo, semu konéng, semu wungu,
semu bodas; lantaran cenah pulas cai tara angger.
Sanggeus réngsé, dipasrahkeun ka Kangjeng Raja.
Kangjeng Raja kacida bungahna bati jeung kagét,
lantaran éta samping téh kacida pisan alusna.
Tukang sutra dipuji sarta dibéré rupa-rupa hadiah.

Nyi Putri teu kinten-kinten bingahna,
nampi sinjang pasihan ramana.
Harita kénéh sinjang téh dianggo.
Nyi Putri ngaraos tos punjul ti batur,
lantaran nu séjén mah teu bogaeun samping kitu.
Lila-lila urang luar mareuli samping nu cara kitu,
lantaran kabaritaeun ku Putri Bianka.
Réa ménak luar, sakur nu baroga duit mah,
mareuli samping cara pulas cai.

Mireungeuh éta kaayaan, Nyi Putri bingung deui.
Bingung mikiran panganggo nu leuwih ti batur.
Lajeng Nyi Putri amengan deui ka sisi talaga.
Nyi Putri humandeuar, “Ya, Alloh, kumaha atuh
abdi téh hoyong gaduh anggoan anu anéh.”
Kadéngéeun ku aki-aki tukang nguseup téa.
“Ku naon Endén Putri téh bet humandeuar deui?”
“Nyaéta Aki, kula téh hayang boga papakéan
anu leuwih punjul ti batur keur engké pésta.
Mangkaning rék ngondang raja-raja séjén nagara.”

Aki-aki tukang nguseup méré bongbolongan,
“Endén tiasa nyuhunkeun sinjang anu siga bulan.”
Kamanah ku Nyi Putri, tangtu kana alusna.
Lajeng Nyi Putri mulih, teras mundut sinjang deui,
sinjang anu cahayana moncorong sapertos bulan.
Énggal atuh Kangjeng Raja nyaur tukang sutra.
Prak dipigawé, henteu lila ayeuna mah,
lantaran geus aya pangalaman saméméhna.
Kangjeng Raja suka manahna,
ningali sinjang sakitu éndahna.

Lajeng sinjang dipasihkeun ka Nyi Putri.
Harita kénéh tuluy dileuseuhan.
Tacan pék-pék acan péstana,
Nyi Putri geus bosen deui kana sinjang téh,
lantaran geus réa batur anu maraké.
Putri geus bingung deui baé,
lajeng ngumaha deui aki-aki nu keur nguseup téa.
Pok baé aki téh ngomong,
“Lamun abdi, mah jadi gamparan,
mundut baé sinjang nu siga ponanpoé.”

Nyi Putri bungah kacida manahna
geus meunang deui pituduh ti aki-aki.
Lajeng mulih, pok deui sa¬sauran ka ramana,
mundut sinjang nu siga panonpoé.
Ku Kangjeng Raja diturut, da nyaah ka anak.
Lajeng nimbalan nyaur tukang sutra nu sasari.
Tukang sutra nyanggupan, tapi taya bahanna.
Ari bahanna tina emas duket anu teu saeutik.
Tukang sutra dibéré emas duket sapuluh peti,
lantaran di éta nagri emas téh murah hargana.

Teu lila digarawéna téh ayeuna mah,
da puguh loba bahanna jeung geus bariasa deuih.
Sinjang geus jadi, kacida pisan alusna.
Matak sérab sarta nyeplés pisan panonpoé.
Sinjang disanggakeun ka Kangjeng Raja,
Kangjeng Raja bingah barina kagét,
muji ka Nyi Putri nyaho kana barang nu alus.
Kitu deui Nyi Putri, kacida pisan bingahna.
Harita kénéh sinjang téh dianggo.
Hurung mancur surup kana salira nu geulis.

Dina pésta, Nyi Putri jadi puseur perhatian.
Kageulisanana beuki moronyoy baé.
Kabéh anu aya dina éta pésta padamuji,
muji kana kageulisanana nu disipuh ku anggoan.
Atuh énjingna, nalika Nyi Putri jalan-jalan,
nganggo sinjang anu sapertos panonpoé.
Sadayana anu mireungeun, sarérabeun.
Réa anu kabitaeun, tapi teu bisa nurutan.
Ari sababna, henteu karuateun modalna.

Nyi Putri henteu sugema ku sakitu.
Anjeunna palay kagungan sinjang sanés,
anu langkung ti sinjang nu sapertos panonpoé.
Lajeng angkat deui ka sisi talaga,
ngumaha ka aki-aki tukang nguseup téa.
“Teu aya deui anu langkung saé mah,
anggoan tina kulit kaldé anu ahéng,”
ceuk aki-aki, bari muji-muji kageulisan Nyi Putri.
“Endén Putri bakal katingal langkung geulis,
upami nganggo anggoan tina éta kulit kaldé.”

Nyi Putri kacida bungahna ngadangu
pamuji jeung pamapantes éta aki-aki.
Lajeng mulih baé ka karaton.
Tapi paromanna henteu hégar sapertos biasa.
Nyi Putri bingung, kedah kumaha nyariosna.
Nyarios ka ramana palay anggoan kulit kaldé.
Mangkaning kaldé kameumeut sanagara.
Tangtos moal dipasihkeun upami dipeuncit téh,
teras disisit kulitna dianggo anggoan Nyi Putri.

Putri bingung badé ngadugikeun kapalayna téh.
Kabingung anu digugulung siang wengi.
Antukna brek baé Nyi Putri téh teu damang.
Tambih lami, teu damangna tambih wales baé.
Kangjeng Raja teu uninga panyawat Nyi Putri.
Teras baé ngangkir ahli nujum anu kakoncara.
Ceuk Ki Nujum, panyawat Nyi Putri téh,
kaleleban palay anggoan tina kulit kaldé ahéng.
Nyaéta kaldé kagungan raja nu ngisingna emas.

Ku tina nyaahna ka nu jadi putra,
Kangjeng Raja énggal miwarang mantri jero,
sangkan meuncit kaldé kameumeutna.
Paréntah Raja matak ngageunjleungkeun sanagara.
Kawantu éta kaldé geus jadi andelan kahirupanana.
Tapi Raja teu maliré, kaldé téh dipeuncit.
Kulitna disisit, terus diwidang dijadikeun anggoan.
Éta anggoan disimpen di gigireun Nyi Putri.
Teu sakara-kara, Nyi Putri ngoréjat teras gugah.
Langsung damang harita kénéh.

Nyai Putri gugah bari nyandak kulit kaldé,
harita kénéh dianggo harudum ku Nyi Putri.
Raja bingah manahna ningali putri tos da¬mang,
teras nimbalan ka praméswari, lahirna,
“Nyai geura sasadiaan mangké soré urang pésta,
pakaulan duméh putri geus cageur!”
Wengina der pésta ramé pisan.
Raja sareng praméswari angkat ka gedong,
kitu deui Nyi Putri henteu kantun,
nganggo harudum kulit kaldé ahéng téa.

Raos putri alus kacida kulit kaldé téh,
nu matak dianggo kana pésta ogé,
turug-turug pada mencrong ku awéwé-lalaki,
ménak kuring, kolot budak kagét jeung silitoél,
bari ngaromong di jero atina,
“Naha Putri Bianka bet diharudum kulit kaldé?
Han¬jakal ku geulisna! Bet kaleuwihan teuing.”
Sasarina ari dina pésta putri sok ngajak dangsa,
ari harita euweuh saurang ogé nu ngajak dangsa,
malencrong baé jeung padanyeungseurikeun.

Raja lajeng mulih ka karaton,
pok nyaur ka praméswari, lahirna,
“Nyai naha urang kata¬rajang wiwirang,
naha kumaha patutna si Bianka téh,
nu matak euweuh nu daraékeun dangsa?”
Putri Bianka disaur, terus ditilik ditelek-telek.
Tétéla, katingali kacida goréng patutna.
Raja bendu, miwarang Bianka ngalaan kulit kaldé.
Tapi hésé dilaanna, ujug-ujug rapet jeung kulitna,
lantaran ditenung ku aki-aki tukang nguseup téa.

Harita kénéh Putri Bianka ditundung,
ulah wara mulih upami kulit kaldé can lésot.
Putri angkat ti karaton bari nangis jurat-jerit.
Kersana rék nepangan aki-aki di sisi talaga.
Lantaran nu nitah maké kulit kaldé téh,
apan aki-aki tukang nguseup téa.
Nepi ka sisi talaga, aki-aki nu keur nguseup,
kadupak ku Nyi Putri nepi ka ngajeburna,
tikerelep kana talaga sarta teu muncul deui.
Putri Bianka tambih-tambih bingung manahna.

Teu lila dina cai talaga aya anu oyag,
pecenghul téh awéwé geulis pisan.
Éta awéwé geulis téh ngakukeunana mah ipri.
Ipri ngabéjaan ka Putri Bianka,
yén aki-aki téh saenyana mah bangsa jin,
anu boga niat hasud lantaran sirik ka Raja,
pédah hirupna senang tina boga kaldé ahéng téa.
Ipri boga niat pikeun nulungan Nyi Putri,
tuluy nitah pangiringna, hiji soang anu gedé,
pikeun nganteurkeun Nyi Putri ka hiji tempat.

Éta soang teu ngomong teu naon,
jol-jol rigidig baé putri digandong ku soang,
kitu deui putri teu sasauran naon,
kersa baé dikua-dikieu téh.
Tuluy putri dibawa ngojay ka tengah sa¬gara.
Nepi ka hiji pulo gedé pisan,
di dinya diécagkeun ku soang téh,
bari pok soang téh ngomong,
“Tah Putri ayeuna geus nepi ka dieu,
sim abdi ayeuna badé wangsul deui.”

Nyi Putri ngaraos palay barangtuang,
ku margi dinten éta teu acan kararaban sangu pisan.
Lajeng angkat henteu puguh anu dijugjug.
Jog baé ka hiji lembur, sup ka imah hiji patani.
Nyi Putri maksakeun anjeun nyuhunkeun sangu,
sareng neda widi badé ngerereb sapeuting di dinya.
Patani jeung anak-anakna kalah nyeungseurikeun.
“Euleuh, aya kulit kaldé ménta barangdahar,
jeung hayang ngarereb di dieu deuih.
Heug, tapi ku naon mayarna, Kulit Kaldé?”

Putri Bianka ngamanah, naon anu dianggo mayar.
Pamajikan patani karunyaeun ka Nyi Putri,
pok ngomong, “Coha kulit kaldé déngékeun,
manéh téh nya ngora nya jagjag,
cicing baé di dieu buburuh ngangon kalkun,
tukang ngangon kalkun kula balik, can aya gantina.
Nyatu manéh dibéré sakumaha seubeuhna,
duit dibéré saeutik-eutik¬eun. Daék henteu?”
Nyi Putri anu disebut Kulit Kaldé,
daékeun dijadikeun pangangon ku patani.

Lajeng putri tuang ponyo kacida,
wantu geus lawas teu pisan manggih.
Sanggeus wareg tuluy ka kandang
rék ngaroris angonan dianteur ku anak patani.
Sumping ka kandang pék dibilang,
réana aya lima puluh kalkun jeung soang.
Sanggeus milang mulih deui ti kandang,
tuluy ka imah patani, ngarereb di dinya.
Ti dinya putri geus jadi tukang ngangon.

Kacarita lampah putri ngangon kalkun,
bari ngangon putri nangis,
tina kakara saumur nyandangan lara pri¬hatin,
wantuning biasa dimongmong diogo.
Putri angkat ti imah patani subuh,
bari nyandak panggitik keur pangilang,
soang kalkun digiring ka tegal pangangonan.
Tegal lega pernahna di tutugan gunung,
di sisi talaga anu caina canémbrang hérang.

Putri éstu pasrah kana kadar, temen wekel,
getol jeung euweuh pisan carékeunana.
Patani tambah nyaaheun tina kawekelan putri.
Ti dinya pok juru-tani ngomong, pokna,
“Kulit kaldé ayeuna manéh diperesén deui duit
jaba tina bayaran téh, tina manéh hadé pagawéan.”
Putri kakara saumur ngaraos suka-bungah manahna
ku rejeki saeutik tina beunang hésé capé sorangan.
Éta duit dikumpulkeun keur meuli papakéan,
pikeun nutupan awakna anu maké kulit kaldé.

Dina hiji mangsa Putri ngangon deui cara sasari,
aya hiji Prabu Anom jeung balad-baladna,
moro ka tegal pangangonan Nyi Putri.
Éta Prabu Anom anu bogoheun ka putri,
basa keur damangna kénéh.
Barang Prabu Anom ningali ka Kulit Kaldé,
kagéteun pisan barina pok nyaur,
“Éh, Kulit Kaldé, cik urang dangsa cara baheula!”
Kabéh balad-baladna raong padangomong,
jeung nyurakan hayang mupuas ka Nyi Putri.

Nyi Putri henteu ngawalon,
tungkul baé tina bawaning ling¬sem,
angonanana paburencay tina asa digebahan,
sieuneun ku nu hohoak jeung susurakan.
Ti dinya Prabu Anom nu bubujeng maju deui.
Sanggeus kitu, Putri ngumpulkeun angonanana,
ari dibilang kalkunna kurang hiji,
ari ditéangan kalkun téh katingali aya dina talaga.
Putri reuwaseun kacida sieun dicarékan ku patani,
jeung éta kalkun pangdipikaresepna ku anjeunna.

Tina bawaning ku nyaah ka kalkun,
gebrus baé putri tuturubun lali di kasieun,
nyandak kalkun nu kakayapakan rék titeuleum.
Ari di¬candak kalkun téh geus paéh.
Barang Nyi Putri geus hanjat ka darat,
kalkun ditangtang-diténgténg bari sasambat,
“Éh kalkun kumaha manéh téh,
moal hirup deui, maenya manéh téh paéh?
Naha manéh mana teu karunya ka aing?
Cik muga-muga aya nu bisa deui ngahirupan!”

Keur putri sasambat kitu,
jleg baé aya nini-nini sarta pok ngomong,
“Kuring bisa ngahirupan, tapi mahal buruhna!”
Saur pulri, “Kaula ayeuna mawa duit,
lamun sam¬péan bisa ngahirupan,
éta duit ku kula dipaké buruh,
upama kurang, engké kula balangsiar deui!”
Cék nini-nini, “Ti mana boga duit?
Jeung rék dipaké naon ku sampéan éta duit?
Kumaha lamun éta kalkun hirup deui?”

Nyi Putri ngawalon yén éta artos téh,
kénging kekempel anjeunna, buruh ngangon.
Kawitna badé dianggo ngagaleuh anggoan,
kanggo mindingan kulit kaldé,
lantaran isin diparoyokan baé ku barudak.
Tapi lamun éta kalkun hirup deui,
éta duit kabéh rék dibikeun ka nini-nini.
“Kajeun béak ogé, kajeun dipoyokan ogé,
asal ieu kalkun hirup deui, da water,”
saur Nyi Putri bari ngalimba.

Ti dinya kalkun dihirupan deui ku nini-nini,
Nyi Putri nepi ka jijingklak bawaning ku atoh.
Sanggeus ngahirupan nini-nini téh ngajeungit,
jol Ipri jeung soang baréto téa bijil tina jero cai.
Ceuk Ipri, “Putri ayeuna siksaan anjeun geus béak,
sabab anjeun geus nandangan cocoba hirup perih,
jaba ti éta, anjeun ogé geus nyieun kahadéan
dibarung ku haté anu rido jeung ihlas.
Ayeuna mah kulit kaldé urang laan heula,
sarta anjeun baris dibéré pakéan nu aréndah.”

Teu sakara-kara, kulit kaldé leungit tina salirana,
janggélék deui jadi Putri Bianka anu geulis,
sarta nganggo anggoan anu sing sarwa éndah.
Nyi Putri nganuhunkeun ka Ipri.
Anjeunna jangji ka Ipri moal malikan deui
lampahna anu enggeus-enggeus,
lampahna anu matak sangsara ka saréréa.
Tuluy Nyi Putri ngajengkeun pamundut ka Ipri,
supaya ngahirupan deui kaldé ahéng téa,
kaldé anu ngisingna emas.

“Éta mah gampang,” saur Ipri ka Nyi Putri.
“Ngan kudu dipikiran heula sing asak,
sabab sanggeusna kaldé ahéng euweuh,
nagara Rama anjeun ayeuna langkung saé,
rahayatna hirup dibarung jeung hirupna.”
Saur Ipri, sanggeus euweuh kaldé ahéng,
rahayat di nagarana jadi nyaho kana gawé.
Aya anu nyawah, anu ngebon, anu dagang.
Lantaran henteu ngandelkeun tai kaldé téa.
Najan henteu medah-meduh, tapi cukup mamur.

Ku Nyi Putri kahartoseun, Ipri téh leres.
Sanggeus papatah, Ipri nitah soang inguanana,
supaya nganteurkeun Nyi Putri ka nagarana.
Les baé Ipri téh ngaleungit ka jero cai.
Tapi Nyi Putri nyimpang heula ka imah patani,
seja pamitan bari nganuhunkeun pisan
kana saniskara kahadéan patani sakulawarga
dina mangsa Nyi Putri nandangan lara balangsak.
Sakalian masrahkeun soang jeung kalkun,
anu jadi tanggung jawabna.

Barang nepi ka imah patani, kabéh karagét,
ningali putri geulis datang ka dinya.
Tuluy baé atuh Nyi Putri nyaritakeun lalakonna.
Ti mimiti hirup kacida senangna di jero karaton,
nepi ka kudu nandangan lara balangsak,
kadungsang-dungsang di lembur batur.
“Anu matak, kula kacida nganuhunkeunana
ka Paman jeung Bibi, anu haat nulungan kula,”
saur Nyi Putri ka patani sakulawarga.

Patani hookeun bengong ngadéngé carita Nyi Putri.
Ari pamajikanana ceurik kacida nalangsana,
karunyaeun kana nasib Nyi Putri.
Patani sakulawarga banget ménta dihampura,
lantaran teu nyana yén Kulit Kaldé téh putri raja.
Sanggeus kitu mah, terus baé Nyi Putri angkat,
teras dijajapkeun ku soang Ipri téa,
ngambah sagara mulih deui ka nagarana.
Ari Ipri harita teras ngawartosan Kangjeng Raja,
réhna Putri Bianka ayeuna lésot tina supatana,
sarta ayeuna nuju di jalan mulih ka nagara.

Kangjeng Raja sareng praméswari pak-pik-pek,
lajeng mapag Nyi Putri ka sisi basisir.
Teu lami, Nyi Putri sumping tumpak soang.
Nyi Putri énggal ngagabrug ka ibuna,
Kangjeng Raja ogé teras ngagabrug ka nu duaan.
Tiluan paungku-ungku, nangis nyacapkeun kasono.
Parapangagung anu ngiring mapagkeun Nyi Putri,
sami-sami nalangsa ningal anu sosonoan.
Ti dinya Nyi Putri dicandak ka karaton,
sajajalan dibagéakeun ku rahayat pangeusi nagri.

Putri Bianka ayeuna langkung geulis baé.
Geulis sanés pupulasan, geulis terus kana haté.
Anggoanana basajan, henteu hurung-hérang,
tapi cahyana langkung sumirat murub-mubyar.
Pasipatanana robah pisan ti nu atos-atos.
Ayeuna mah resep campur-gaul jeung rahayat.
Daék tutulung sarta henteu bauan kana gawé.
Putri Bianka dipikacinta sareng dipakareueus,
sanés baé ku ibu-ramana,
nanging ku sakumna rahayatna deuih.

(Budi Rahayu Tamsyah)