Jumat, 11 Juli 2008

PUTRI AJAG

Maharaja Nagara Girimandala wawangina Sang Prabu Jayéngbuana. Kakoncara ratu adil wijaksana, towéksa ngolah nagara, welas asih ka rahayat. Ku kituna nagara téh subur ma’mur gemah ripah loh jinawi, sepi paling towong rampog.

Kilang kitu, manah Sang Prabu teu weléh ngungun, réh can pareng kagungan putra, nu baris neraskeun jadi raja mun jaga mantenna dipundut ku Nu Kagungan. Salirana beuki orot, da teu raos tuang teu raos kulem.

Sang Patih Guriang Maréndra ngaraos honcéwang manahna.

“Gusti,” piunjuk Patih, “Naon anu jadi marga nu mawi Gusti bangun ngangluh?”

“Paman Patih,” dawuh Sang Raja, “Kula susah teu boga anak. Saha anu baris nuluykeun ngolah nagara?”

“Neda widi badé ngempelkeun dukun-dukun anu wacis, manawi sareng manawi tiasa masihan pituah,” piunjuk Sang Patih.

Dukun-dukun dikelun, teu kurang ti opat puluh, hémpak di balé sawala, ngadareluk mapatkeun ajian sabisana-sabisana bari ngarukus saparukuyan séwang. Nepi ka angkeub balé sawala téh ku haseup menyan.

Parukuyan geus pareum, ajian geus parat, paradukun téh marenekung, neda pituduh paralelembut. Rérés éta tuluy baradami.

“Kaulanun Mahapatih Guriang Maréndra,” cék Paing Guringsang, dukun nu pangsepuhna. “Sang Praméswari sina ngaleueut lahang tina sadapan Dampu Pamatang.”

“Baruk sadapan Dampu Pamatang? Da Dampu Pamatang mah lain tukang nyadap!”

“Mung sakitu wangsit nu katampi ku tuang kuring,” cék Paing Guringsang.

Sanggeus dibadamikeun ku Patih jeung paraponggawa karaton, moal salah cenah nu disebut lahang téh getih ajag, da Dampu Pamatang téh gawéna tukang moro ajag.

Enya waé, sanggeus ngaleueut getih ajag, Sang Pramés-wari bobot. Heuleut salapan sasih babar, putrana istri, geulisna kawanti-wanti. Pohara bingahna Sang Prabu Jayéngbuana téh. Sang Putri dipaparin jenengan Éndang Purnama Gilang Manik. Pésta sanagara, opat puluh poé opat puluh peuting.

Beuki ageung beuki kaciri, Sang Putri téh ngala ka ramana. Soméah lemah lembut, welas asih ka rahayat. Atuh rahayat téh kacida wedi asihna ka Sang Putri.

Tapi sanggeus nindak rumaja, putri anu sakitu geulisna jeung lemah-lembut téh sok rajeun kaancikan adat ajag. Sataun sakali dina malem purnama bulan Sadacandra tara kaampeuh hoyong ngaleueut getih manusa.

Mun geus timbul kapalayna kitu téh kukuna ngadak-ngadak manjangan sareukeut, bijil sihung kénca-katuhu cara sihung maung. Kelenyep angkat rerencepan ti karaton, muru lembur anu singkur, megat nu mulan sorangan. Auuung … auuung, sorana sada ajag babaung, matak kukurayeun kadéngéna téh.

Lar nu liwat, gabrug dirontok, dicekék, urat beuheungna digadil ku sihungna nepi ka pegat. Burial getihna, tuluy dikenyot sawaregna. Geus kitu mah teu sakara-kara, balik deui ka asal sasari, nya geulis nya lemah lembut. Isukna guyur aya jelema paéh ditekuk ajag. Taya nu terang, yén Sang Putri nu boga gawé.

Kitu jeung kitu waé unggal taun.

Sakali mangsa, nya kitu deuih meneran malem purnama bulan Sadacandra, timbul deui sipat ajagna téh. Kelenyep deui rerencepan minggat ti karaton. Bras ka ditu, bras ka dieu, weléh teu mendak pimangsaeun. Angkatna kalunta-lunta bari babaung sapanjang jalan.

Srog ka sisi Talaga Sagarasuta, kaangseu bau manusa. Sihoréng Nyai Éndang Sawati keur mulan jeung tunanganana, Luang Sungsang, putra Adipati Wadasguntur. Aranjeunna téh rék nikah sabulan deui.

Kacida ngararénjagna ngadéngé sora ajag babaung téh.... Barang ngalieuk sihoréng Putri Ajag geus deukeut pisan. Kakara waé rék ngejat, Luang Sungsang kaburu dirontok, dicekék tuluy dikenyot getihna. Nyai Éndang Sawati kapiuhan ningali tunanganana dikitu téh.

Éling-éling wanci janari. Mayit Luang Sungsang dirangkulan bari ditangisan, dipangku, dicandak ka Guha Si Kalapeteng. Teras tapa di dinyana téh bari ngalahun mayit tunanganana.

Heuleut tilu taun rayat Girimandala suka bungah, ngadéngé béja Putri Éndang Purnama Gilang Manik rék diréndéngankeun jeung Sangiang Marajasima, putra Maharaja Gugursamida. Sanagara tatan-tatan sasadiaan keur jajap pangantén, da dipéstakeunana rék di ditu di Gugursamida, di nagara pangantén pameget.

Dina waktuna sanagara tungkeb, ngaleut ngeungkeuy milu jajap. Sang Putri dicalikkeun dina karéta kancana, ditarik ku ajag saratus. Sang Prabu Jayéngbuana tunggang munding bulé pusaka nagara. Tatabeuhan ngageder asa kaindit.

Di wates nagara dipapag ku aleutan pribumi. Sangiang Marajasima tunggang karéta kancana, ditarik ku naga sapa-sang.

Sumping ka karaton dipéstakeun, sagala kamonésan dipintonkeun. Rayat ti dua nagara patarik-tarik surak. Nu pangtarikna, panggedéna susuguhna.

Sapoé ..., dua poé ..., tilu poé ... réa nu geus béak sora. Semet calangap bisi pajarkeun teu kumawula. Tapi pangantén can kénéh waé ditikahkeun.

“Iraha atuh, euy, ditikahkeunana Sang Putri téh? Uing geus teu kaduga surak,” cék saurang ka baturna, sorana ngahéos.

Baturna semet agep-agepan sungutna minangka némbal-anana téh, taya soraan.

“Ngadagoan Punduh Agung,” ceuk nu séjén.

Keur kitu, ari gelebug téh angin gedé kabina-bina, ngaguruh nebak dangdaunan. Kalakay rabeng kahiberkeun. Tatangkalan tinglalenoy siga rék rungkad. Jelema nu ratusan réwu téh ngadadak jempé, reuwas taya hinggana saumur dumelah kakara ngalaman aya angin kabina-bina teuing. Tatabeuhan jempé, nu surak jempé ..., jempé sakuliahna lir di kuburan.

Angin reureuh, galindeng aya sora, sada sora awéwé, halimpu angin-anginan. Sada di luhur di awang-awang, sada di handap di jero taneuh, sada di tukang sada di hareup, tungtungna sada di sakuliahna.

“Éndang Purnama Gilang Manik .... Kami datang rék mulangkeun kanyeri .... Mangtaun-taun kami hujan cimata nyeungceurikan panutan nu dimangsa ku andika …. Ayeuna andika nyeungceurikan dosa nepi ka poé bungsuna ….”

Kabéh jelema hareugeueun, reuwas, ketir ngadéngé sora gaib kitu téh. Keur kitu téh harémpoy aya putri asup ka Balé Agung, geulisna kawanti-wanti, éndah taya papadana. Saeusi Balé Agung olohok mata simeuteun.

Sihoréng Éndang Sawati anu sumping téh. Soca Éndang Purnama Gilang Manik ngadadak giras, kukuna manjangan, sihungna barijil, ngajanggélék deui jadi Putri Ajag. Teu, teu tiasa kukumaha, kakara dikebut gé ku karémbong Éndang Sawati geus ngarumpuyuk mantén. Korondang, korondang kaluar ti Balé Agung.

Éndang Sawati ditikahkeun ka Sangiang Marajasima, ngagentosan Putri Ajag.

Éndang Purnama Gilang Manik angkat kalunta-lunta, srog ka leuweung, mendak tangkal gorda korowok gedé, sup waéh asup, ngadon nangis bari ngadagoan datangna poé nu bungsu.

Nepi ka ayeuna, mun aya angin sok kadéngé sada anjeunna nangis ngarenghik.

(Karangan Ahmad Bakri, dicutat tina Manglé Alit No. 220.)

Tidak ada komentar: