Selasa, 08 Juli 2008

R. OTO ISKANDAR DI NATA

Urang boga pekik nasional “Merdéka”, bari ngacungkeun peureup. Tapi kalolobaanana di antara urang teu nyaho ka nu nyiptakeunana mah. Éta pekik nasional téh diciptakeun ku Pa Oto Iskandar Di Nata dina jaman révolusi kamerdékaan. Sanajan kitu, nepi ka ayeuna éta pekik téh masih kénéh mindeng kadéngé dina rupa-rupa kasempetan.

Pa Oto Iskandar Di Nata téh pahlawan pergerakan nasional anu asalna ti Jawa Barat. Pituin urang Sunda, lahir di Bojongsoang, Dayeuhkolot, Bandung, tanggal 31 Maret 1897. Putra Lurah Bojongsoang, Rd. Nataatmaja anu sanggeus munggah haji ganti ngaran jadi Rd. Haji Adam Rahmat. Ari ibuna, Siti Hadijah.

Satamatna ti Sakola Rayat, Pa Oto neruskeun sakolana ka Sakola Guru, Sakola Raja katelahna téh harita mah. Nya di dieu Pa Oto mimiti némbongkeun wawanénna téh. Harita Pa Oto kudu cicing di asrama. Mangkaning asrama sakola jaman harita téa, aturanana téh kacida ketatna.

Guru-guruna miharep sangkan murid-murid sakola bangsa urang téh kudu nurut kana sagala kahayangna. Tangtu baé anu sajalan jeung kahayang Pamaréntah Hindia Walanda. Komo deui ieu, pigurueun, sasatna mah anu bakal bisa mangaruhan ka jalma réa.

Upama aya murid bangsa urang anu boga pamadegan méngpar tina kahayangna, dicap baé murid bangor. Pa Oto gé kitu, katotol murid bangor, ceuk guru-guru Walanda mah. Nu matak mindeng disetrap atawa dihukum ku rupa-rupa lantaran. Mimindengna mah alatan Pa Oto wani nembrakkeun pamadegan jeung pahamna pribadi anu papalingpang jeung kahayang guru atawa Pamaréntah.

Hiji mangsa mah, Diréktur Asrama téh geus henteu tahan meureun ku kalakuan Pa Oto. Éta diréktur téh urang Walan¬da. Awakna jangkung badag, kawantu tukang gulat. Nepi ka nangtang gelut ka Pa Oto, pokna bari singkil, “Héy Oto Iskandar, manéh wani henteu gelut jeung kuring?” Ari témbal Pa Oto, “Nya ari geus gedé mah wani wé.” Direktur Asrama ukur bisa melengek.

Kajadian séjénna anu ngébréhkeun wawanén Pa Oto téh nyaéta waktu sakola di Sakola Guru Atas di Purworejo. Dina hiji poé, Pa Oto téh maké dasi konéng ka sakola. Pokona mah asa panggindingna wé harita mah. Tapi aya guru Walanda anu teu resepeun nénjo Pa Oto maké dasi téh.

Éta guru Walanda téh negor, “Héy, Oto! Ku naon manéh bet maké dasi? Sedeng kuring baé gé henteu maké dasi!” Pa Oto ngajawabna mutuh matak lucu, “Ah, Tuan mah teu perlu maké dasi, da geus kolot ieuh!” Kabéh nu ngadéngé jawaban Pa Oto sareuri. Tapi ari guru Walanda téa mah kacida ambekna. Nepi ka ngusir sagala ka Pa Oto téh, nitah kaluar ti kelas.

Sanajan ku guru-guruna dicap murid bangor, tapi ari uteukna mah éncér Pa Oto téh. Dibandingkeun jeung babaturan sakelasna mah onjoyna téh jauh pisan. Nu matak di kelasna mah dianggap béntangna. Leuwihna ti éta, kapinteranana bisa ngéléhkeun batur sakelasna bangsa Walanda.

Pa Oto ogé boga pangaresep kana kasenian jeung maén bal. Dina maén bal kaasup béntangna. Pa Oto jadi andelan kleup maén bal, boh di kleup sakolana, boh di kleup lemburna. Ari posisina jadi sénter pur. Striker mun ayeuna mah.

Dina kasenian, Pa Oto tapis nabeuh gamelan, pinter ngibing, jeung resep kana san¬diwara. Kana lalajo wayang deuih karesepna téh. Ari tokoh wayang anu pangdipikaresepna nyaéta Bima alias Werkudara. Kawasna baé surup jeung pasipatanana, ana nyarita téh sok sahinasna baé.

Satamatna ti Sakola Guru Atas di Purworejo, Pa Oto jadi guru, luyu jeung cita-citana. Pa Oto boga cita-cita hayang ngamajukeun bangsana. Lamun hayang maju, kudu pinter heula. Jalanna nya ku pendidikan téa. Éta matakna Pa Oto boga cita-cita hayang jadi guru téh.

Salian ti jadi guru, Pa Oto ogé ancrub kana organisasi sosial. Mimiti jadi anggota Budi Utomo, terus jadi anggota Paguyuban Pasundan, malah jadi ketuana pisan. Tah, dina mangsa diketuaan ku anjeunna Paguyuban Pasundan maju. Utamana dina widang pendidikan, ékonomi, jeung sosial pulitik.

Di organisasi ogé Pa Oto geus némbongkeun wewesénna. Upamana baé basa anjeunna jadi anggota Déwan Kota di Pakalongan. Harita Pa Oto téh jadi wawakil ti Budi Utomo, da harita mah can asup jadi anggota Paguyuban Pasundan.

Salaku anggota Dewan Kota, anjeunna mindeng ngungkab kateureugeujeugan nu aya di masarakat, mindeng ngabéla rahayat anu katideresa. Di antarana baé ngungkab jeung ngagugat “Peristiwa Bendungan Kemuning“. Kasus panipuan gedé di Perkebunan Tiwu Wonopringgo, Wonogiri.

Kawasa Kontrak, anu jelas bangsa Walanda, boga karep ngagerejud tanah rahayat di Kemuning. Rahayat Kemuning dipaksa kudu masrahkeun tanahna pikeun ngalegaan kebon tiwu. Anu teu mikeun, dianggap baha ka Pamaréntah Hindia Walanda. Rahayat teu bisa majar kumaha, da sieun téa.

Dina kaayaan kitu, Pa Oto ka hareup ngabéla kapentingan rahayat. Ceuk Pa Oto, tindakan Kawasa Kontrak téh kacida salahna. Ku lantaran kitu, Kawasa Kontrak kudu mulangkeun tanah Kemuning ka rahayat anu ngabogaan hakna.

Antukna mah Pa Oto téh lain baé adu hareupan jeung Kawasa Kontrak, tapi adu hareupan jeung Residén Pakalongan deuih. Salaku bangsa Walanda, tangtu baé Residén téh leuwih ponténg ka nu konéng, ngabéla kapentingan bangsana sorangan. Tapi Pa Oto henteu gimir, henteu galideur.

Dina éta pacéngkadan, Pa Oto anu meunang. Sanajan, tangtu baé henteu gampang. Tanah rahayat anu di Kemuning kapimilik deui ku nu boga hakna. Kawasa Kontrak ngégél curuk. Malah sanggeus éta kajadian, Residén Pakalongan téh diganti.

Tindakan Pa Oto kitu teh, puguh bae matak ngageunjleungkeun. Alam harita mah apan carang pisan bangsa urang anu wani nyempad, sumawonna ngalawan ka bangsa Walanda. Umumna mah sumuhun dawuh bae, teu langkung Kangjeng Tuan. Sanajan dipaké kékéséd ogé, ceuk babasanna mah.

Ngaran Oto Iskandar Di Nata mimiti nyambuang. Naék daun mun ceuk basa ayeuna mah. Dipikawanoh jeung dipikacinta ku rahayat. Sabalikna ku bangsa Walanda mah, dipikaceuceub. Pamaréntah Hindia Walanda ngasupkeun ngaran Pa Oto kana buku hideung, nyaéta catetan jalma-jalma anu sawaktu-waktu kudu dibuang ka Digul, di Pulo Irian.

Seungitna ngaran Pa Oto, matak bayeungyang ka pamaréntah jajahan di Pakalongan. Ngajaga bisi komarana ngéléhkeun komara jeung wibawa pamaréntah, Pa Oto dipeclengkeun ti Pakalongan. Tugasna dipindahkeun ka Jakarta.

Tapi saméméh ninggalkeun Pakalongan, Pa Oto sem¬pet mingpin rahayat pikeun ngadegkeun Sakola Kartini. Pa Oto mémang gedé perhatianana kana pendidikan bangsana. Cenah mah nepi ka kiwari éta sakola téh masih kénéh aya.

Jadi upama nilik ka dinya mah, ti méméh jadi anggota Volksraad ogé, geus témbong perjoanganana téh. Kitu deui wawanénna, geus nyampak ti keur sakola kénéh. Tangtu baé lain kawani anu teu puguh. Ieu mah kawani dina ngabéla bebeneran, ngabéla bangsa jeung lemah caina.

Di Jakarta mimitina Pa Oto ngajar di Paguron Muhammadiyah. Kagiatanana dina widang organisasi jeung pulitik ogé henteu tinggaleun. Pa Oto mimiti wanoh ka Paguyuban Pasundan. Mimitina Pa Oto jadi anggota biasa. Saterusna mah jadi Ketua Pangurus Puseur Paguyuban Pasundan. Ari sékretarisna Pa Juanda Kartawijaya.

Dina mangsa dipingpin ku Pa Oto jeung Pa Juanda, Paguyuban Pasundan katémbong kamajuanana. Utamana mah dina widang pendidikan, ékonomi, jeung sosial budaya. Malah saterusna mah Paguyuban Pasundan ogé ilubiung kana urusan pulitik.

Paguyuban Pasundan ngagabung jeung Permufakatan Perhimpunan Politik Kebangsaan Indonesia. Paguyuban Pasundan milu pilihan umum pikeun milih anggota Volksraad. Mun ayeuna mah Volksraad téh sarua jeung DPR RI. Wawakil rahayat anu kudu merjoangkeun kapentingan rahayat.

Anu jadi wawakil Paguyuban Pasundan di Volksraad téh nya Pa Oto Iskandar Di Nata. Kawanina beuki ébréh baé katémbong. Pa Oto remen ngiritik kaayaan pamaréntah jajahan nepi ka remen matak beureum ceuli anggota Volksraad ti lingkungan bangsa Walanda.

Ari anggota Volksraad téh diwangun ku bangsa Walan¬da, Indonésia, Cina, jeung Arab. Anggotana aya nu diangkat, jeung aya nu mangrupa hasil pilihan umum. Tah, Pa Oto mah jadina anggota Volksraad téh hasil tina pilihan umum, wawakil ti Paguyuban Pasundan.

Dina bubuka mangsa sidang Volksraad taun 1931 - 1932, Pa Oto nepikeun pidatona. Dina éta pidato, Pa Oto nembrak¬keun kateureugeujeugan Pamaréntah Hindia Walanda dina sagala widang. Nyarita satarabasna, henteu didingding kelir. Nepi ka Ketua Sidangna, bangsa Walanda, sababaraha kali ngetrokkeun paluna, sangkan Pa Oto ulah nerag teuing nyaritana.

Di antarana Pa Oto ngiritik kawijakan Pamaréntah Hindia Walanda dina widang ékonomi. Pamaréntah harita leuwih mentingkeun kaom nu boga modal, tibatan ékonomi rayat. Hal éta dikritik bébéakan ku Pa Oto dina pidatona. Kitu deui dina widang pendidikan, anu can walatra ka sakumna rahayat Indonésia.

Bagian pidatona anu kawéntar nyaéta waktu an¬jeunna nyabit-nyabit kamerdékaan bangsa Indonésia. Saurna téh, gubragna kamerdékaan Indonésia, rék karana dipaksa atawa henteu, teu saeutik gumantungna kana sikep Walanda sorangan. Tapi bangsa Walanda kudu sadar. Tangtuna ogé moal hésé milih hiji di antara dua: mundur atawa diusir.

Pidato Pa Oto meunang pangbagéa anu lain lumayan. Umumna bangsa Indonésia mah asa dipangedalkeun kereteg angenna, anu salila-lila dikemu. Malah ti harita mimiti nyebarna jujuluk Si Jalak Harupat pikeun Pa Oto Iskandar Di Nata téh.

Pidato Pa Oto lain baé ngageunjleungkeun di Indonésia, tapi di Nagri Walanda deuih. Aya anu pro, aya anu kontra. Ceuk anu pro, Hindia Walanda (sesebutan urang Walanda ka nagara urang harita) geus meujeuhna dibéré kamerdékaan pikeun nangtukeun nasibna sorangan. Ceuk anu kontra mah sabalikna. Hindia Walanda can waktuna dibéré kamerdékaan.

Sanggeus aya pidato Pa Oto mah, bangsa urang mimiti aya perhatian ka Volksraad téh. Saméméhna mah Volksraad téh dianggap alat politik pikeun kapentingan Walanda wungkul. Apan ku kaom pergerakan mah Volksraad téh disebutna ogé Gedong Kumidi ti Pejambon. Nyindir éta téh, pédah Gedong Volksraad perenahna di Pejambon, Jakarta.

Pasualan kamerdékaan téh jadi bukur catur mangtaun-taun. Nepi ka kapegat ku Perang Dunya II. Walanda diusir ti nagara urang ku tentara Jepang. Saterusna atuh nagara urang téh aya dina genggeman bangsa Jepang salila tilu taun. Ti taun 1942 nepi ka taun 1945.

Dina Jaman Jepang Pa Oto nyekel kalungguhan Direktur Surat Kabar Cahaya. Jadi pingpinan Jawa Hookookai, pingpinan Badan Panulung Korban Perang, anggota Cuo Sangi In, sarta anggota Panitia Persiapan Kemerdékaan In¬dinésia (PPKI). Pa Oto daékna gawé bareng jeung Jepang téh lantaran Jepang jangji rék méré kamerdékaan ka bangsa Indonésa.

Salian ti Oto, masih kénéh loba kaom pergerakan anu harita kairut ku jangji Jepang téh. Anu matak henteu saeutik anu daék gawé bareng jeung Jepang. Sanajan kitu, dina Jaman Jepang téh Pa Oto boga jasa anu natrat nepi ka ayeuna. Nyaéta milu ngadegkeun Barisan Pembela Tanah Air, anu popiler disebut PETA tea. PETA téh engkéna jadi cikal bakal tentara di nagara urang.

Tah, salaku anggota PPKI, Pa Oto milu icikibung nangtukeun dadasar nagara RI. Tanggal 17 Agustus taun 1945 nagara merdéka. Éta kamerdékaan téh lain paméré ti Jepang, tapi meunang ngarebut ku perjoangan parapahlawan bangsa. Da Jepang mah nepi ka ingkahna ti nagara urang, henteu kungsi nohonan jangjina, méré kamerdékaan ka bangsa urang téa.

Sanggeus merdéka, Pa Oto ogé milu nyusun Undang-Undang Dasar (UUD) 1945. Malah dina sidang pikeun nangtukeun presidén jeung wakil presidén, Pa Oto anu ngusulkeun sangkan Bung Karno jeung Bung Hatta jadi Presiden jeung Wakil Presiden RI. Usulna disaluyuan ku sakabéh nu hadir dina éta sidang.

Dina kabinet anu munggaran sanggeus Indonésia merdéka, Pa Oto diangkat jadi Menteri Negara. Pa Oto kaasup salahsaurang menteri anu popilér, lantaran jujur dina ucapan jeung tindakanana. Hanjakal henteu lila Pa Oto mah ngalaman kamerdékaan téh.

Katompérnakeun taun 1945, mangsa kaayaan harénghéng, Pa Oto aya nu nyulik. Kapanggih-kapanggih layonna geus ngambang di Basisir Mauk, Tangerang. Nepi ka ayeuna can aya kapas¬tian, saha saenyana anu boga pokal ngaleungitkeun nyawa Pa Oto téh. Anu jelas mah, jalma-jalma nu teu mibanda rasa tanggung jawab.

(Budi Rahayu Tamsyah/tina sawatara sumber)

Tidak ada komentar: